Buka ménu utama
Laja
Laja (Alpinia galanga)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Divisi: Magnoliophyta
Kelas: Liliopsida
Order: Zingiberales
Kulawarga: Zingiberaceae
Subfamily: Alpinioideae
Tribe: Alpinieae
Génus: Alpinia
Spésiés: A. galanga
Ngaran binomial
Alpinia galanga
(L.) Willd.

Laja atawa laos (Alpinia galanga) nyaéta tuwuhan beubeutian anu populér dijadikeun samara dina talari asakan sarta ubar-ubaran tradisional Indonésia atawa wewengkon Asia Tenggara séjénna. Bagian anu dimangpaatkeun tina laja nyaéta beutina anu boga ambeu anu mandiri.

MorfologiÉdit

AkarÉdit

Rimpang gedé bari kandel, aya dagingan, bentuk silindris, diameter antara 2-4 cm, jeung nyabang.[1] luarna warna coklat rada kabeureuman atawa konéng kahéjoan pias, boga sisit-sisit warna bodas atawa kabeureuman, teuas hérang, Sedengkeun jerona warna bodas.[1] daging rimpang nu geus kolot aya serat kasaran.[1] Lamun digaringkeun, rimpang robah jadi rada kahéjoan, jeung seratna jadi teuas bari liat.[1] [2]

BatangÉdit

Batangna tegak, nyusun ku palapah-palapah daun anu ngahiji ngabentuk batang semu, warna héjo rada kabodas-bodasan.[1] Batang ngora kaluat salaku sirung tina pangkal batang kolot.[1]

DaunÉdit

Daun tunggal warna héjo, tangkaina pendék nyusun.[1] daun di sabeulah handap jeung luhur biasana leuwih leutik daripada anu di tengah.[1] bentuk daun lansét manjang jeung tungtungna nyungcung, pangkal mintul sarta sisi daun rata.[1] Bentuk daun nyirip, panjang daun antara 20-60 cm, jeung lébarna 4-15 cm. palapah daun kira-kira 15-30 cm, aya alur warna héjo.[1]

KembangÉdit

Mangrupa kembang majemuk bentuk lonceng, seungit, warna bodas kahéjoan atawa bodas kakonéngan.[1] ukuran kumpulan kembang kurang leuwih 10-30 cm x 5-7 cm. Jumlah kembang bagian handap tandan leuwih loba ti batan luhurna.[1] panjang biwir kembang 2,5 cm, warna bodas aya garis nyéngkong warna beureum ngora dina ungal sisi. Mahkota kembang anu masih nguncup, dina bagian tungtungna warna bodas , sedengkeun pangkalna warna héjo.[1]

BuahÉdit

Buahna mangrupa buah buni, bentuk buleud, teuas.[1] Lamun keur ngora warna héjo konéng, geus kolot robah jadi hideung kacoklatan, diaméter kurang leuwih 1 cm. aya ogé anu buahna warna beurum.[1]

PamangfaatanÉdit

Bagian laja anu loba dimangfaatkeun jeung boga loba nilai ékonomina nyaéta bagian rimpangna. Rimpang laja bisa dipanén nalika umur antara 4 nepi ka 7 bulan.[1] Dina dunya industri, rimpang laja dijual dina bentuk simplisia. Sakumna cara nyieun simplisia dina jenis rempah-rempah lian, rimpang laja dibersihan jeung dipotongan sarta digaringkeun henteu maké panas panon poé langsung.[1] Hal ieu pikeun nyegah ngurangan kandungan minyak asiri tina rimpang laja.[1] Simplisia rimpang laja ieu dina dunya industri dipikawanoh salaku Galanga Rhizome.[1] Salian umum dipaké dina dunya kulinér, sababaraha mangfaat laja anu liana nyaéta :[1]

  • Rimpang laja beureum anu dimasak jeung ditambahan ku cuka éncér, biasa dipaké salaku inumeun awéwé anu karak ngababarkeun. tehnik ngubaran ieu di masarakat dipercaya bisa ngagancangan ngabersihan rahim.[1]
  • Rimpang laja anu dicampuran bawang bodas maké perbandingan 1:4, tuluy dicampuran cuka loba dipaké pikeun ngubaran borok, panu kudis, jeung koréng.[1]
  • Keur saha waé anu katarajang kasakit rématik, rimpang laja ogé mujarab pisan pikeun mantuan ngubaran kasakit reumatik.[1]

ReferencesÉdit

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w (id)Laos si Lengkuas diakses 20 Juli 2015
  2. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen.