Mimésis (Yunani, miméisthai, meniru), dihartikeun ogé salaku séntasi, mimikri, tindakan éksprési, tindakan nu niru-niru, jeung répréséntasi urang.[1] Mimésis dasarna aya dina diri manusa.[1] Kusabab kitu, teu kudu dihartikeun nu cirén négatif.[1] Kalawan kitu ogé, mimésis mangrupa akar kamajuan budaya.[1] Urang sadaya nurutan kusabab batur nu jadi modél. [1]Dina studi sastra dihartikeun salaku pembayangan, sikap tuladan ngagunakeun kecap-kecap, paripolah jeung rupa-rupa wangun aktifitas kultural séjénna.[1] Mimiti jorojoy tina pikiran Plato (428-348 SM) tina bukuna anu jejerna Ion jeung Républic.[1] Teeeuw (1988: 221-222) ngajelaskeun padungdengan antara Plato jeung Aristotélés.[1] Ceuk Plato seni saukur nurutan alam sangkan kualitasna leutik, sabalikna ceuk Aristotélés (384-322 SM) seni téh kualitasna alusna, boh ti nurutan ogé maparkeun dunyana sorangan.[1] Mimésis kaitanna jeung mimé, wangun drama dina palakuna nyaritakeun hiji kajadian ngaliwatan gerak.[1] Di Indonésia disebut pantonim.

Rujukan

édit
  1. a b c d e f g h i j Kutha Ratna, Nyoman (2018). Ensiklopédia 2000 istilah Biografi Karya Métode. Yogya: Pustaka Pelajar. p. 471. ISBN 9786022297437.