Plato
Plato nyaéta saurang inohong mashur dina widang filosof, pamikirannana jadi cikal bakal tina kahirupan élmu filsafat di nagara-nagara beulah ti kulon kitu ogé kana filsafat dina ageman Islam.[1] Ngaran Plato nu kasohor téh aslina Aristokles, nu pihartieuna jalma nu kapilih.[1] Ari nelah na Plato ku lantaran inyana mibanda punduk nu bidang atawa rubak.[1] Plato téh jago gulat pilih tanding, ku kituna mibanda pangawakan simbar dada.[2]
Kahirupan munggaran
éditPlato téh saurang katurunan bangsawan mangsa harita, gumelar di Athena kurang leuwih taun 427 SM kalawan tilar dunya dina taun 347 SM.[1] Plato mibanda guru nu ngarana Socrates tayalian muridna Aristoteles.[1] Bapana Plato téh ngarana Ariston sékésélerna ti urang Kordus, Raja panutup Athena.[2] Nujadi indungna ogé lain jalma joré-joré sékésélérna, inyana ahli hukum di Athena.[2]
Gumelar dina lingkungan pulitik sarta mibanda uteuk nu calakan, Plato mimitina aub dina kahirupan séjén tayalian jadi atlit gulat dina saémbara Isthmian, sanajan kitu Plato teu kungi kabawaan milu Olimpiade di Olympia.[2]
Tuluy Plato nyoba neuleuman kahirupan jadi saurang penyair tragedi, hanjakal ieu usahana henteu ngahasilkeun sanajan geus milu sababarahakali saémbara.[2] Malahan Plato ngarasa pondok harepan ku ieu kaayaan, dina kereteg haténa mutuskeun arék jadi jadi pagawé nagri waé.[2] Nepika tungtungna Plato papanggih jeung Sokrates, manéhna ngarasa kasengsrem pikeun neuleuman filsafat alatan ku kataji ngadéngé obrolan Sokrates.[2]
Guguru ka Sokrates
éditPlato suhud naker dina nyuprih élmu pangaweruh ka Sokrates, salapan taun ti harita Plato tara pernah jauh ti guruna keyeng sarta saregep kana sagala pamikiran nu diajarkeun ku guruna.[2] Kaayaan dinagara nu harénghéng sabada ayana ganti pamarentahan, maksa Plato pikeun ingkah kaluar nagara pikeun nyingkahan balai nu bisa waé tumiba ka dirina.[2] Di hiji tempat nu perenahna teu pati jauh ti tempat asalna, di daérah Megara.[2]
Meunang tilu taun, Plato nyuprih élmu jeung baturna (Euklides) nu tayalian muridna Sokrates ogé nu kasohor ku logikana nu hésé kaharti ku pikir.[2] Réngsé diajar ti Euklides, Plato mangkat deui ka Kyrene di Afrika kaler seja guguru ka Théodorus saurang ahli matématika.[2] Kajadian penting dina kahirupan Plato mangsa panggih jeung murid-muridna Pythagoras nu nyebar di koloni Yunani, pamanggih Pythagoras ngeunaan hubungan angka sarta harmoni musik/gamelan geus merenahkeun pamikiranna yén angka-angka téh mangrupa hiji konci pikeun ngarti, nganyahokeun, sarta neuleuman alam dunya.[2] Aya dina hiji realitas abstrak, teukahontal ku kanyataan sapopoé.[2]
Téori ieu méré pangaruh kacida gedé kana diri Plato, manéh percaya réalitas nu sabenerna téh abstrak.[2] Naon nu dimimitian ku angka-angka dina filsafat Pythagoras, dirobah jadi pamikiran-pamikiran murni dina filsafat Plato.[2]
Pamikiran
éditPlato sapamadengan jeung Pythagoras, ngabagi manusa kana dua bagéan tayalian jiwa jeung raga.[1] Raga atawa awak mangrupa wadah tina jiwa, dina kanyataanna urang téh hiji jiwa.[1] Sedengkeun Raga atawa awak ngan samentara, ari jiwa mah bakal hirup salawasna.[1] Numutkeun Plato, jiwa urang téh geus aya saméméh raga urang dijieun.[1] Jiwa nu alus téh di mana dina kahirupanna dilimpudan ku Akal jeung budi nu alus, sedengkeun jiwa nu goreng bakal dilimpudan ku kahayang sarta hawa nafsu.[1] Naha bisa kitu? Kulantara salila éta hirup jiwa bakal nuturkeun kahayang sarta hawa nafsu nu kumawasa, nu mana éta sifat téh datangna tiluar jiwa urang.[1] Hartina jiwa urang jadi hiji objek nu disurung-surung ku hiji kakuatan nu irasional, urang sorangan saperti henteu mibanda éta jiwa ku alatan pangaruh hawa nafsu.[1] Sabalikna di mana akal jeung budi bisa ngariksa jiwa urang, sahingga urang bisa mibanda tilu kaayaan nu baris mawa kana : katenangan jiwa, manunggalna jiwa jeung diri urang, sarta mibandi diri nu sagemlengna.[1]
Jiwa
éditManusa mangrupa hiji mahluk esensialisme ku sabab hakekat tina manusa tayalian ti jiwa, awak atawa raga mangrupa hiji alat nu diparéntah ku jiwa.[1] Awak ngansaukur manifestasi tina jiwa, sakapeung bisa nipu atawa ngabobdo ku lantaran dina hakekatna nu ngusikmalikeun awak urang tayalian ti jiwa.[1] Dina bukuna Plato nu judulna Politeia, jiwa téh hiji aktivitas atawa usik nu teu katempo.[1] Dina jiwa manusa aya tilu unsur nu kapangaruhan ku unsur séjéna, unsur nu panungtungan nu méré pangaruh kana jiwa.[1]
1. Epithumia (Epithumos)
éditNgagambarkeun nafsu-nafsu nu sifatna dadasar, bisa disebut kabutuhan dasar manusa, kayaning dahar jeung nginum.[1] Daérahna tina sakuliah beuteung ka handap, bisa disebutkeun ieu nafsu nu watekna irasional sarta mortal (heureut) malahan hésé peruhkeun ku akal.[1] Lain ngandung harti ieu nafsu kudu dileungitkeun ku lantaran baris mawa kana katumpuran raga, tapi ieu nafsu kudu diperuhkeun sarta ulah kaleuleuwihi dina nyanghareupannana.[1] Epithumia kawas urang nempo wadah nu miis atawa bocor, soksanajan éta wadah dieusian tuluytuluyan tetep moal bisa pinuh.[1] Orientasi tina epithumia tayalian kana urusan material/jasmaniyah, lamun jiwa kalimpudan ku urusan material pasti beurat jiwana malahan bisa tikusruk kana urusan dunya nu ngabalukarkeun jiwa teubisa ngarasa bagja tur gumbira nu sajatina.[1]
2.Thumos
éditThumos mangrupa gambaran tina kahayang sarta harga diri, tempatna dina sakuliah harigu nepika beuheung.[1] Sagala kagiatan rasa, sumanget, jeung efektivitas.[1] Dina bukuna, Pleto ngibaratkeun thumos sarua jeung prajurit.[1] ku lantaran dina kahirupan sapopoena geus teu nolih kana harta banda, leuwih kana hargadiri, kompitisi atawa perang, kadigjayaan sarta kasuksesan.[1] ku kituna thumos dilimpudan ku gairah, agresivitas sarta kasuksesan, ari Epithumia digambarkeun kana patani ku lantaran mibanda sifat konsumtif.[1]
3.Logostikon
éditTayalian nu dimaksud téh rasio, alat pikir atawa akal.[1] Logostikon kudu jadi pamingpin dina sagala rupa urusan kahirupan bohdina urusan téoritis, praktis anapon dina urusan ageman.[1] Daérah tina Logostikon téh nya dina sirah urang, ku lantaran kaayaana leuwih luhur tibaran angahota awak urang nu séjéna.[1] Dumasar kitu logostikon mibanda kagunaan ngajaga jiwa sangkan rasional nu ngatur unsur jiwa nuséjéna (Epithumia dan Thumos), logostikon mangrupa konci birup manusa.[1]
4.Eros
éditEros téh hiji dorongan nu méré pangaruh kana tilu unsur saméméhna (epithumia, thumos, jeung logostikon).[1] Eros ngajadikeun urang mikaresep kana dahareun sarta inumeun ogé birahi, sedengkeun dina daérah thumos eros ngajadikeun hiji jalma mikaresep kana hiji pagawéan atawa profési, nagara, sarta kahirupan organisasi.[1]
Republik
éditHiji pamikiran Plato nu kamashur judulna Republik, di dieu dieusi ku pamikiran Plato ngunaan pamaréntahan nu sakuduna.[3] Numutkeun Plato, Pamaréntahan nu hadé atawa alus kudu di pingpin ku Aristokrat tayalian pamingpin nu bijaksana .[3] Milih pamingpin nu alus henteu ngaliwatan ngumpulkeun sora nu panglobana, tapi kudu ngaliwatan hiji kaputusan tina gempungan Guardian/inohong.[3] Guardian téh hartina kumpulan pamingpin masarakat, inohong, sesepuh nu aya di jero nagara.[3]
Dicutat tina
édit- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag Effendi, Rusfian (2017). Filsafat Kebahagiaan (Plato, Aristoteles, Al-Ghazali, Al-Farabi)Understanding ancient civilizations. Jakarta: Deepublish.
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p Strarthern, Paul (2001). 90 Menit Bersama Plato. Jakarta: ESENSI, Alih bahasa Erlangga.
- ↑ a b c d Atmonadi, Atmonadi (2018). Atlantis: Diantara Fiksi dan Fakta. Jakarta: Atmoon Self Publishing.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |