Mitos (mythos) sok dipatalikeun jeung mite (myth).[1] Bener ceuk (Dhavamony, 1995:147), sacara historis duanana mekar ti istilah nu sarua nyaéta nuthos (Yunani), nu artina kecap, ujaran, tapi dina teori kontemporer, tapi sanggeus diserep kana sastra Indonesia dua kecap éta miboga harti nu beda.[1] Mitos nyaéta carita, wiracarita, plot, struktur dasar nu ngahasilkeun makna, sadengkeun mite nyaéta dongeng ngeunaan para déwa, alam gaib nu séjénna, siga: Nyi Lara Kidul, Aji Saka jeung sajabana.[1] Mite boga sipat khayalan, sadengkeun mitos mangrupa kanyataan.[1] Dina sastra, mite salaku khayalan (dongéng) nu dipasalingsingkeun jeung kanyataan nu sabenerna, sadengkeun mitos, salaku wacana fiksional nu dipasalingsingkeun jeung logos.[1]Salaku kecap sipat mitos jadi mitologis, sadengkeun mite jadi mitis.[1] Tapi salaku élmu pangaweruh duanana disebut mitologi.[1]

Rujukan édit

  1. a b c d e f g Utha Ratna, Nyoman (2018). Ensiklopedia 2.000 Istilah, Biografi, Karya, Metode, dan Karya Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. p. 473. ISBN 9786022297437.