Naskah lontar
Naskah lontar téh nyaéta naskah-naskah (manuscript) anu bahanna tina daun lontar (sabangsa tangkal palem), meunang neukteukan rata-rata panjangna kurang leuwih 20 cm. Ditulisna (diturih) ku péso pangot, péso leutik ngelik seukeut ka tungtung, sabangsa péso raut.[1] Dumasar kana périodeuna, naskah-naskah lontar téh kagolong kana naskah kung atawa naskah buhun. Nurutkeun taksiran, naskah-naskah lontar téh réa nu teu kawariskeun ka génerasi urang, kaburu musna. Alesana mah rupa-rupa. Anu kapanggih kénéh dikoléksikeun di perpustakaan atawa di musieum; diwadahan husus anu disebut koropak.
Sacara étimologis, kecap lontar téh mangrupa métatésis tina rontal, nu hartina daun (ron), jeung tal, maksudna daun tal. Dumasar katerangan dina Sang Hyang Sasana Mahaguru, karya Sunda buhun nu ditulis abad ka-15, nulis dina lontar disebutna carik, nu dibédakeun jeung istilah nulis dina gebang, nyaéta ceumeung (hideung).
Rujukan
édit
- ↑ Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. ISBN 978-602-7785-78-6.