Palupuh
Palupuh nyaéta lantéy imah panggung anu dijieun tina tangkal awi beunang nyacah.[1]Palupuh dijieun tina awi leunjeuran panjangna gumantung pangabutuh, awi anu keur meujeuhna lumiat henteu kolot teuing tapi henteu ngora kénéh. Awi keur anu ilahar dipaké palupuh tayalian awi tali, atawa awi surat.[2][3][3]
Nyieun palupuh
éditTuar awi anu keur lumiat, sangkan henteu bangga mangsa migawéna sarta hasilna henteu pati méotan.[2]
Awi beunang nuar tuluy diberesihan tina regangna ogé sakuriling bubukuanna, kakara dicacah sakurilingna (dibeulah tapi henteu sapat) mimiti ti palebah bukuna diketrék maké péso selang sling palebah unggal bukuna kurang leuwih saramo atawa dua ramo.[2] Awi beunang nya cah kakara di beulah (sapat ngan sabeulah), tuluy diberesihan hinis jeung bukuna anu palebah jerona bari dipoékeun. [4]
-
Awi héjo kénéh dicacah
-
Dipoé heula
Dicutat tina
édit- ↑ Sumarsono, Tatang (2010). Singgasana terakhir Pajajaran. Jakarta: PT Mizan Publika. p. 13. ISBN 9789791227926. Diakses tanggal (disungsi – 26 Péb 2021).
- ↑ a b c Muanas, Dasum (1998). Arsitektur Tradisional Daerah Jawa Barat. Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. p. 70. Disungsi26 Maret 2021
- ↑ a b Rosidi, Ajip (2000). Ensiklopedi Sunda: alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta: Pustaka Jaya. p. 70. ISBN 9789794192597. Disungsi26 Maret 2021
- ↑ Rosidi, Ajip (1986). Lutung kasarung. Jakarta: PT Pustaka Jaya. p. 13. Diakses tanggal (disungsi – 26 Mar 2021).
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |