Pandéy atawa Tukang Bedog nyaéta jalma nu nyieunan pakakas tina beusi atawa waja. Pandéy beusi sacara tradisional biasana aya di pasar, boh pasar umum boh pasar sato. Seuneu jadi peran anu kawilang penting dina ieu pakasaban lantaran gunana pikeun manaskeun beusi sangkan hasilna maksimal. Pandéy beusi henteu wungkul nyieunan pakakas tina beusi tapi ogé bisa jadi jasa pikeun ngasah pakakas nu heubeul atawa mintul jadi seukeut.

Kahirupan urang Sunda henteu bisa leupas tina pakakas anu ngaranna bedog, sabab bedog anu dijieunna tina beusi jadi pakakas anu penting pikeun nyanghareupan kasusah atawa kahadéan ti musuh atawa faktor alam sarupaning nyalindung manéh tina sato, motongan kai jeung jadi pakakas séjén dina ngajalankeun kahirupan. Bedog di tatar Sunda loba rupana jeung kagunaanna ogé béda-béda gumantung kana kaperluan. Kasebutkeun ogé bedog di Sunda mangrupa Ganggaman Sang Prabu, dibuktikeun dina naskah Sanghiyang Siksa Kandang Karesian dina Koropak 630, naskahna ditulis taun 1518 M atawa 1440 Saka dina jaman pamaréntahan Sri Baduga Maharaja/Prabu Siliwangi jadi panguasa Pakuan Pajajaran taun 1482-1512 M.

Sajarah

édit

Jaman beusi di Indonésia lolobana dihasilkeun pikeun papakas kahirupan sapopoé jeung pakarang sajenis tombak, panah, cangkul jeung réa-réa deui. Kusabab sipatna gampang rusak atawa karatan jadi patilasan pakakas sarupaning bedog kawilang henteu loba. Artéfak-artéfak di tatar Sunda dina jaman parundagian kawilang maju dina téhnologi logamna. Di jaman karajaan ogé Sunda katelah jadi puseur budaya di jaman Tarumanagara taun 358 M, kukituna budaya tempa logam jadi maju di jaman Karajaan Sunda taun 669 M. Tapi ahirna henteu moboga kuasa deui sabab aya tarajagan dua karajaan, nyaéta Sriwijaya jeung Singasari nu akibatna Empu Tanah Sunda kapaksa kudu pindah kaluar wilayang Pasundan.

Aya catetan anu bisa dijadikeun bukti sajarah ngeunaan kabudayaan tempa anu kaabus nyieun keris, bedog jeung nu lainna dimekarkeun ku empu-empu Sunda nu sumebar ka Nusantara.[1]

  1. "Golok Sunda yang Mistis dan Legendaris". Tatar Jabar. Diakses tanggal 2024-03-30.