Patelak atawa konflik nujul kana sawatara wangun padungdengan atawa pasalingsingan nu ngancik di sabubuhan kelompok nalika pamanggihna atawa lalampahanna ti saurang atawa leuwih anggota kelompok ditampik (teu bisa ditampa) ku saurang atawa leuwih anggota kelompok séjén. Ari patelak téh bisa kajadian di antara anggota kelompok nu sarua, nu dipikawanoh minangka konflik intragrup, ogé bisa kajadian antara anggota dua kelompok atawa leuwih, sarta nikakeun gagalungan dina konflik antarpribadina éta.

Sacara sosiologis, konflik dihartikeun minangka sabubuhan prosés sosial antara dua urang atawa leuwih (bisa ogé kelompok) nu mana salah sahiji pihak sataker kebek nyingkirkeun pihak séjén ku cara nelasanana atawa ngajadikeun pihak séjén sangkan teu walakaya.

Ari patelak téh dikasangtukangan ku bédana pirang-pirang ciri nu dibawa ku individu séwang-séwangan dina hiji interaksi. Pirang-pirang ciri nu béda téh di antarana aya nu patalian jeung ciri fisik, kacalakan, pangaweruh, adat istiadat, kayakinan, jeung réa deui ti éta. Ku dibawana ciri individual dina interaksi sosial, konflik mangrupa kaayaan nu wajar dina unggal masarakat jeung taya hiji masarakat pon nu teu pernah katungkulkeun ku konflik antar anggotana atawa jeung kelompok masarakat lianna, konflik ngan ukur ngaleungitkeun kasabilulungan ku leungitna éta masarakatna sorangan.

Konflik téh pajiin-jiin jeung integrasi. Konflik jeung integrasi lumangsung minangka hiji siklus di masarakat. Konflik nu kakontrol bakal ngasilkeun integrasi. Sabalikna, integrasi nu teu sampurna bisa nyiptakeun konflik.

Définisi édit

M.Ajit nyatetkeun taya hiji ogé définisi konflik nu katampa sacara universal.[1] Inyana nyatet yén hiji perkara dipadungdengkeun nyaéta ieu konflik téh kaasup kana situasi atawa jenis perilaku.[2]

Nyutat paninjauan définisi konflik organisasi dina taun 1990 ku Robert A. Baron,[3] Rakhim nyatet unsur-unsur umum di handap nu kaasup définisi konflik:[2]

  • aya nu diaku nengtang kapentingan antara pihak-pihak dina situasi zero-sum ;
  • kudu aya kapercayaan ti pihak séwang-séwangan yén nu lian milampah atawa bakal milampah narajang maranéhna;
  • ieu kayakinan meureun dibenerkeun ku lalampahan nu ditangtukeun;
  • konflik nyaéta hiji prosés, nu kumembang tina interaksi mangsa kalarung maranéhanana;

Dumasar éta hal, définisi konflik nu diajukeun ku Rakhim nyaéta "prosés interaktif nu dimaniféstasikeun dina kateucocogan, pasalingsingan atawa disonansi di hero atawa di antara éntitas sosial."[2]  Rakhim ogé nyatetkeun yén konflik téh mumkin kawates di hiji individu, nu patelak dina dirina sorangan (konflik intrapersonal).[2]

Pikeun nyomot définisi lian tina konflik téh, Michael Nicholson ngadéfinisikeunana minangka hiji kagiatan nu kajadian nalika mahluk sadar (individu atawa kelompok) hayang milampah lalampahan nu teu konsistén atara sasamana ngeunaan kahayang, kabutuh, atawa kewajibanana.[4] Patelak téh éskalasi pasalingsingan, nu mangrupa prasyaratna nu umum, jeung dicirikeun ku ayana laku lampah konflik, nu mana mahluk téh sacara aktif nyoba pikeun ngagunasika sasamana.[5] Rakhim ngawuwuhkeun sabubuhan maniféstasi laku lampah konflik, ti mimiti ku kateusapukkan, jeung dituturkeun ku palécéhan jeung gangguan vérbal.[6]

Konflik bisa kajadian antara individu, kelompok, jeung organisasi; contona kaasup paraséana antara individu, pamogokan buruh, karusuhan olahraga, atawa konflik pakarang.[7]

Rujukan édit

  1. M. Afzalur Rahim (31 October 2010). Managing Conflict in Organizations. Transaction Publishers. p. 15. ISBN 978-1-4128-1456-0. Diakses tanggal 11 October 2012. 
  2. a b c d M. Afzalur Rahim (31 October 2010). Managing Conflict in Organizations. Transaction Publishers. p. 16. ISBN 978-1-4128-1456-0. Diakses tanggal 11 October 2012. 
  3. Robert A. Baron (1 July 1990). "Conflict in Organizations". Di Kevin R. Murphy; Frank E. Saal. Psychology in Organizations: integrating Science and Practice. Psychology Press. pp. 197–216. ISBN 978-0-8058-0477-5. Diakses tanggal 11 October 2012. [tumbu nonaktif]
  4. Michael Nicholson (27 March 1992). Rationality and the Analysis of International Conflict. Cambridge University Press. p. 11. ISBN 978-0-521-39810-7. Diakses tanggal 11 October 2012. 
  5. Michael Nicholson (27 March 1992). Rationality and the Analysis of International Conflict. Cambridge University Press. pp. 12–13. ISBN 978-0-521-39810-7. Diakses tanggal 11 October 2012. 
  6. M. Afzalur Rahim (31 October 2010). Managing Conflict in Organizations. Transaction Publishers. p. 17. ISBN 978-1-4128-1456-0. Diakses tanggal 11 October 2012. 
  7. Michael Nicholson (27 March 1992). Rationality and the Analysis of International Conflict. Cambridge University Press. p. 13. ISBN 978-0-521-39810-7. Diakses tanggal 11 October 2012.