Psikolog nyaéta saurang ahli psikologi, hiji élmu pangaweruh ngeunaan pari polah jeung kaséhatan méntal. Di Indonesia, psikolog sacara husus ngarujuk ka saurang praktisi psikologi nu geus nyuprih atikan profési psikologi. Magister (S2) Profési Psikologi lilana 5 seméster atawa minimal 2,5 taun, sarta ppanglilana 10 seméster atawa 5 taun jeung miboga gelar (M.Psi, Psikolog). Saurang ahli psikologi nu teu nyuprih atikan profési psikologi disebut ilmuwan psikologi.[1]

Psikolog dina enas-enasna nyaéta saurang ahli dina widang psikologi, teu leupas naha ngalakukeun prakték psikologi atawa ogé henteu. Ieu hal saluyu jeung pertélaan Guru Besar Fakultas Psikologi Indonesia, Prof. Dr. Sarlito Wirawan Sarwono, dina buku Dialog Psikologi Indonesia: Doeloe, Kini dan Esok nu dimedalkeun ku Himpunan Psikologi Indonesia/HIMPSI taun 2007, yén "Di Amerika, prakték atawa teu prakték, ngaranna psychologist; rék éta social psychologist, educational psychologist, cultural psychologist; kabéh gé disebut psychologist".[2]

Klasifikasi Psikolog

édit
  1. Psikolog akademik (academic psychologist) nu muser kana pangajaran jeung panalungtikan.[3] Psikolog akademik nyaéta psikolog sosial (social psychologist), nu neuleuman dinamika interpersonal jeung kelompok sarta tantangan sosial, saperti prasangka, bias implisit, intimidasi, kagiatan kriminal, jeung pamakéan zat.
  2. Psikolog terapan (applied psychologist) nu muser kana aplikasi dina rupa-rupa asp kkahirupan, saperti dina komunitas, kaséhatan, ékonomi, hukum, peauahaan, seaolah lingkungan hidrp, olah raga, militer, djeung égonomika.
  3. Psikolog profési (professional psychologist) atawa psikolog klinis (clinical psychologist). Psikolog klinis nyaéta Sarjana Psikologi (S1) jeung/atawa atikan profési tina kurikulum baheula; atawa saurang nu lulus ti Magister Psikologi Profesi (S2) peminatan klinis (anak/dewasa) tina kurikulum anyar.[1]

Bédana Psikolog jeung Ilmuwan Psikolog

édit

Kode Etik Himpunan Psikologi nyebutkeun yén ilmuwan psikologi miboga tanggung jawab méré layanan dina wangun ngajar, ngalakasanakeun panalungtikan jeung/atawa intervénsi sosial dina area nu sawates kompeténsina, dumasar atikan, pelatihan atawa pangalaman nu luyu jeung kaidah-kaidah ilmiah. Psikolog bisa méré layanan sakumaha nu dilakukeun ku ilmuwan psikologi sarta sacara husus bisa ngalakukeun prakték psikologi utamana nu patali jeung asésmen tur intervénsi nu ditetepkeun sanggeus meunang idin prakték sawates kompeténsina, dumasar atikan, pelatihan atawa pangalaman nu luyu jeung kaidah-kaidah ilmiah nu bisat dipertanggungjawabkeun.[1]

Ngaliwatan surat édaran ti HIMPSI Nomor: 001/SE/PP-HIMPSI/XII/15 ngeunaan "Penulisan Sebutan Psikolog"[4], unggal anggota HIMPSI nu miboga hak jeung nu geus boga Surat Sebutan Psikolog (SSP) wajib pikeun nuliskeun sebutan psikolog dina ngaranna séwang-séwangan. Cara nulis sebutan Psikolog nyaéta dituliskeun di tukangeun ngaran ku kecap Psikolog nu lengkep nu dimimitian ku aksara gedé jeung teu meunang disingkat. Ieu hal ngandung maksud sangkan masarakat bisa ngabédakeun antara psikolog jeung ilmuwan psikolog. Contona: Dr. Seger Handoyo, Psikolog atawa Al amin Ibnu S. Psi., M. Psi. Conto nu salah: Dr. Seger Handoyo, Psi.

Bédana Psikolog Klinis jeung Psikiater

édit

Psikolog klinis jeung psikiater miboga kasang tukang akademis nu béda. Psikiater nyaéta lulusan ti Fakultas Kadokteran atawa Sakola Kadokteran nu nyokot spésialisasi kadokteran jiwa. Psikolog klinis nyaéta Sarjana Psikologi (S1) jeung/atawa atikan profési tina kurikulum baheula; atawa saurang nu lulus ti Magister Psikologi Profesi (S2) peminatan klinis (anak/dewasa) tina kurikulum anyar.[1]

Psikiater nalungtik penyebab gejala psikologi tina sisi médis jeung tina sisi kalainan susunan saraf ti jalma nu boga panyakit jiwa. Kasang tukang psikiater nyaéta saurang dokter, jadi psikiater bisa méré resep obat ka pasién. Ari psikolog, nalungtik penyebab gejala psikologi tina sisi non-médis saperti pola ngasuh, sisilah kulawarga, prosés mekar jeung tumuwuh barudak nepi ka sawawa, sarta pangaruh lingkungan sosial.

Rujukan

édit
  1. a b c d "Kode Etik Psikologi Indonesia - Kode Etik Psikologi Indonesia". web.archive.org. Diakses tanggal 2022-06-11. 
  2. "Sejarah Psikologi di Indonesia: Penuturan Tokoh – Juneman Abraham". web.archive.org. Diakses tanggal 2022-06-12. 
  3. Malouff, John; Schutte, Nicola; Priest, Jennifer (2010-06-01). "Publication rates of Australian academic psychologists". Australian Psychologist 45 (2): 78–83. doi:10.1080/00050060903078536. ISSN 0005-0067. https://doi.org/10.1080/00050060903078536. 
  4. "Surat Edaran Penulisan Sebutan Psikolog". web.archive.org. Diakses tanggal 2022-06-12.