Puisi atawa Sawér téh saenyana mah rumpaka sawér , anu biasa dikawihkeun atawa ditembangkeun ku tukangna (ahlina) dina upacara nyawér .[1] Upama ditilik wangun puisi mah , aya anu dina wangun sa'ir , pupuh , jeung sisindiran .[1] Wangun mana anu diutamakeun aya patalina jeung kamekaran upacara nyawér.[1] Nilik eusina , utama mah papatah , pépéling , atawa babaran anu tujuanana angger ka dinya , luyu jeung pungsi nyawér .[1] Tapi tara gembleng nepi ka bubuk leutikna, diluyukeun jeung upacara .[1][2]

Rujukan

édit
  1. a b c d e Iskandarwassid. KAMUS ISTILAH SASTRA SUNDA. Bandung: GEGER SUNTEN. ISBN 978-602-7785-78-6. 
  2. Suwondo, Dodo (2018). Pangajaran Basa Jeung Sastra Sunda: Panuyun Sangkan Bisa Ngajarkeun Basa Sunda Pikeun Mahasiswa jeung Guru PAUD/TIK. Jakarta: Penerbit YNHW. p. 39. ISBN 9786025069314. Diakses tanggal (disungsi – 22 Mei 2020).