Dina kimia, radikal (katelahna radikal bébas) hartina spésiés atom atawa molekul anu boga éléktron nyorangan (teu boga pasangan) dina konfigurasi kulit valénsina. Éléktron anu nyorangan ieu biasana réaktif pisan, sahingga radikal condong aub kana réaksi. Radikal boga peran penting dina durukan, kimia atmosfir, polimérisasi, kimia plasma, biokimia, jeung prosés-prosés kimia lianna, kaasup fisiologi manusa. Pikeun conto, superoksida jeung oksida nitrat ngatur rupa-rupa prosés biologis. Radikal bisa dikurung dina solvent cage atawa dibeungkeut. Radikal organik anu munggaran, radikal trifénilmétil, kapanggih ku Moses Gomberg taun 1900 di Universitas Michigan.

Moses Gomberg (1866-1947)

Sacara historis, istilah radikal ogé dipaké pikeun bagian hiji molekul, utamana anu henteu robah dina réaksina. Pikeun conto, métanol disebut diwangun ku hiji radikal métil jeung hiji radikal hidroksil, padahal masing-masing éta téh ngahiji, teu boga éléktron nu nyorangan. Dina spéktrométri massa, radikal modél kitu kakara aya mun 'dibeulah' heula.

Ngambarkeun radikal dina réaksi kimia

édit

Dina kasatimbangan kimia, radikal bébas ilaharna dicirian ku tanda titik katuhueun lambang atom atawa rumus molekul siga di handap ieu.

 
Gas klorin bisa dibeulah maké cahya ultrabungur jadi atom klorin radikal.

Mékanismeu réaksi radikal ngagunakeun tanda jamparing pikeun nunjukkeun pindahna éléktron:

 

Pameulahan homolitik pegatna beungkeut digambarkeun ku jamparing 'samata useup' pikeun ngabédakeun ti gerak dua éléktron.

Baca ogé

édit

Tumbu kaluar

édit

Rujukan

édit
  • Wikipédia basa Inggris. Radical. Dicutat 21 Séptémber 2007.