Kimia mangrupa élmu ngeunaan struktur, sipat, wangunan, jeung réaksi unsur jeung sanyawa kimiawi.

Unak-anik di laboratorium kimia

Cabang-cabang kimia édit

Kimia sacara husus dibagi kana sababaraha cabang utama, sababaraha nu sipatna meuntas-disiplin, sarta cabang-cabang nu leuwih husus.

Kimia organik
Kimia organik mangrupa élmu struktur, sipat, wangunan, jeung réaksi sanyawa organik.
Kimia anorganik
Kimia anorganik mangrupa cabang kimia nu patali jeung sipat sarta réaksi sanyawa anorganik. Béda antara disiplin organik jeung anorganik sipatna teu mutlak, malah loba tumpang tindihna, utamana dina subdisiplin kimia organologam.
Kimia fisik
Kimia fisik mangrupa ulikan ngeunaan dasar fisik sistem-sistem jeung prosés kimiawi. Kimia modérn kalawan teges ngadeg dina dadasar fisika sarta kimia fisik salaku tumbu langsungna. Widang ulikan nu penting di antarana térmodinamik kimiawi, kinetik kimiawi, kimia kuantum, mékanik statistis, jeung spéktroskopi.
Biokimia
Biokimia mangrupa ulikan ngeunaan bahan, réaksi, jeung interaksi kimiawi nu aya na organisme hirup.
Kimia analitis
Kimia analitis ngulik analisis sampel/conto bahan pikeun mikanyaho wangunan jeung struktur kimiawina.
Cabang Minor
Élmu bahan, Kimia polimér, Kimia lingkungan, Farmakologi, Térmokimia, Kimia inti, Éléktrokimia, Kimia komputasional

Konsép dasar édit

Tata ngaran édit

Artikel utama: Tata ngaran zat kimia.

Tata ngaran dimaksudkeun kana sistem pikeun méré ngaran sanyawa kimiawi. Sanyawa organik dingaranan nurutkeun sistem tata ngaran organik. Sanyawa anorganik dingaranan nurutkeun sistem tata ngaran anorganik.

Atom édit

Artikel utama: Atom.

Atom mangrupa bagéan tina sistem kimiawi pangleutikna nu teu bisa dibeulah/dibagi-bagi deui.

Unsur édit

Artikel utama: Unsur kimiawi.

Unsur mangrupa bahan nu ngawengku atom-atom nu boga wilangan/jumlah proton nu tinangtu dina intina. Wilangan ieu dipiwanoh salaku wilangan atom unsur. Conto, sakabéh atom nu boga 6 proton na intina disebut atom unsur karbon, sedengkeun sakabéh atom nu boga 92 proton na intina disebut unsur uranium.

Pintonan nu pangmerenahna pikeun unsur-unsur aya dina tabel periodik, nu ngagolongkeun unsur-unsur dumasar kamiripan sipat kimiawina. Daptar unsur ogé bisa ditempo dina susunan Daptar unsur dumasar ngaran, dumasar lambang, jeung dumasar wilangan atom.

Sanyawa édit

Artikel utama: Sanyawa kimiawi

Sanyawa mangrupa zat nu dibentuk tina dua atawa leuwih unsur dina babandingan nu tetep nu nangtukeun wangunanna. Misal, cai mangrupa sanyawa nu ngandung hidrogén jeung oksigén dina babandingan dua ka hiji. Sanyawa dibentuk jeung dibeulah ku réaksi kimiawi.

Molekul édit

Artikel utama: Molekul.

Molekul mangrupa bagéan pangleutikna nu teu bisa dibeulah deui tina hiji sanyawa kimiawi nu mibanda sipat kimiawi jeung fisik unik nu tinangtu. Hiji molekul diwangun ku dua atawa leuwih atom nu kabeungkeut.

Beungkeutan édit

Artikel utama: Beungkeut kimiawi.

Beungkeut kimiawi mangrupa gaya nu nahan ngabeungkeut atom-atom dina molekul atawa kristal. Dina loba sanyawa basajan, tiori beungkeut valénsi jeung konsép wilangan oksidasi bisa dipaké pikeun ngaduga-duga struktur jeung wangunan molekular. Nu sarupa, tiori-tiori tina fisika klasik bisa dipaké pikeun ngaduga-duga struktur-struktur ionik. Mun diterapkeun ka sanyawa nu leuwih pajeulit, samodél kompléks logam, tiori beungkeut valénsi gagal, jeung kudu aya pangaweruh nu leuwih jero nu dumasar kana mékanika kuantum.

Wujud zat édit

Artikel utama: Fase (zat).

Fase mangrupa hiji wujud sistem fisik makroskopis nu mibanda wangunan kimiawi jeung sipat fisik nu rélatif sarua/saragam (nyaéta dénsiti, struktur kristal, indéks réfraktif, jsb.). Conto fase nu urang paling wawuh nyaéta padet, cair, jeung gas. Fase nu teu pati dipikawanoh di antarana plasma, kondensat Bose-Einstein, kondensat fermionik, jeung fase bahan magnetik paramagnetik sarta ferromagnetik.

Réaksi édit

Artikel utama: Réaksi kimiawi.

Réaksi kimiawi mangrupa transformasi/parobahan dina struktur molekul. Réaksi kieu bisa ngahasilkeun napelna hiji molekul ka nu séjénna pikeun ngawangun molekul nu leuwih gedé, beulahna molekul jadi dua atawa leuwih molekul nu leuwih leutik, atawa wangun-ulang atom-atom dina jero molekul. Réaksi kimiawi salawasna ngalibetkeun dibentuk atawa dipegatkeunana beungkeut kimiawi.

Tiori kuantum édit

Artikel utama: Tiori kuantum.

Tiori kuantum ngagambarkeun paripolah zat dina skala nu heureut pisan. Ieu téh, prinsipna mah, ngamungkinkeun pikeun ngagambarkeun sakabéh sistem kimiawi ngagunakeun tiori ieu, tapi sacara matematis rumit sarta teu bisa diduga-duga. Praktékna, ukur sistem kimiawi nu pangbasajanna nu bisa réalistis ditalungtik dina kontéks mékanika kuantum murni, ieu gé lumangsung maké loba pendekatan/perkiraan (misalna Density functional theory). Ku sabab éta, pangaweruh mékanika kuantum nu leuwih jero tur mérélé teu pati perlu pikeun lolobana kimia, da penting aubna tiori ieu (hususna pendekatan orbital) bisa dilenyepan sarta diterapkeun dina kontéks nu leuwih basajan.

Hukum édit

Hukum-hukum kimiawi sabenerna mangrupa hukum fisika hu diterapkeun na sistem kimiawi.

Konsép paling fundaméntal dina kimia nyaéta Hukum konservasi massa nu ngunikeun yén euweuh parobahan kuantitas zat nu kaukur dina hiji réaksi kimiawi biasa. Fisika modérn mintonkeun yén tétéla énergi nu conserved, jeung yén énergi jeung massa raket patalina. Konservasi énergi saterusna nungtun kana konsép penting ngeunaan kasatimbangan, térmodinamik, jeung kinetik.

Sajarah kimia édit

Étimologi édit

Prancis Kuna: alkemie; Arab al-kimia: seni transformasi.

Tempo ogé édit

Tumbu kaluar jeung sumber séjén édit

Tumbu édit

Bacaeun salajengna édit