Rajah

nyaéta bagian pangangkat carita dina wacana lalakon pantun

Rajah nyaéta bagian pangangkat carita dina wacana lalakon pantun. Ku kituna, rajah téh ayana salawasna dina bagian pangawaina. Nilik eusina, saéstuna mah rajah téh teu kaasup galur carita: muji-muji, mumuntang, amitan jeung sanduk-sanduk ka Nu Agung, ka déwata, ka luluhur, neda panangtayungan, paidin jeung pangampura, lantaran rék ngalalakonkeun tapak lacak nu baheula, bisi kaliru dina salahna ulah jadi mamala. Tapi, najan kitu eusina, rajah téh kudu waé aya dina bubuka carita pantun téh, sarta aya anu pondok aya anu panjang.[1]

Nu disambat

édit

Dumasar kana wacana rajah anu kungsi kakumpulkeun, anu disambat dina rajah téh kayaning déwata, batara, batari, pohaci, para luluhur, karuhun, para nabi, Allah swt. Ayana rajah dina carita pantun bisa dijieun ciri yén ngalalakonkeun éta carita téh lain sagemblengna Widang sastra, tapi mangrupa bagian tina upacara (ritual). Ayana pernyataan anu nyebutkeun lamun euweuh rajahna lain pantun, yén carita pantun téh (sakurangkurangna alam harita) teu bisa lésot tina pungsi ritual. Dumasar kana lalakon-lalakon anu diterbitkeun ku Proyék Penelitian Pantun & Folklor Sunda, awal taun 70-an, tina hasil rékaman, bisa dicindekkeun yén wacana rajah ti unggal juru pantun béda-béda, boh wandana boh 'eusina; tapi, wacana rajah dina unggal lalakon méh sarua (angger) lamun dipantunkeun ku juru pantun éta kénéh. Carukna rupaning sasambatan dina sawatara rajah (nyebut-nyebut luluhur, déwata, nabi, jsb) kudu ditilik tina médiana jeung kamekaran sosial-budaya. Hirupna (carita) pantun rélatip pageuh lantaran ngait pungsina dinaa sistem pranata sosial budaya. Tapi ku lantaran pageuh téa, teu bisa leupas tina nyaluyukeun prosés nyaluyukeun diri, marengan léokna robahna sistem sosial-budaya, dina harti jembar. Dina pérspéktip kitu bisa kahartina naon sababna aya kajadian carukna sasambatan rajah. Komo da hirupna dina média lisan. Contona (dipetik tina lalakon Budak Manjor; 1973, juru pantun Atjéng Tamadipura):[1]

..........
pun sapun
ka luh ur ka sang rumuhun
ka batara ka batari
ka batara naga raja
ka batari naga sugih
amit ampun ka nu ngemeng
ngemeng caringin sunan
agungna ka Kangjeng Gusti Rasulullah[1]
.......

Conto rajah

édit
Bul kukus mendung ka mangung
ka mangung neda papayang,
ka déwata neda suka,
ka pohaci neda suci,
kuring rék diajar ngidung.
Nya ngidung carita pantun,
ngahudang carita wayang,
nyilokakeun nyukcruk laku,
nyukcruk laku nu bahayu,
mapay lampah nu baheula,
lulurung tujuh ngabandung,
kadalapan keur disorang,
bisina nerus narutus,
bisina narajang alas,
da puguh galuring tutur,
ngembat papatan carita,
ti mendi pipasinieun,
ti mana picaritaeun,
teuteureuh ti kahiyangan,
ditandéan cupu manik,
cupu manik astagina,
duturuban ku mandepun,
diteundeun di jalan gedé,
ditunda ku nu ngaliwat,
ku nu weruh di semuna,
ku nu terang bijaksana,
ku nu rancagé di angen,
dibuka patinghaleuang,
nu ménta dilakonkeun,
cag
teundeun di handeuleum sieum,
tunda di hanjuang siang,
paranti nyokot ninggalkeun.[2]


Rujukan

édit
  1. a b c Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. p. 182. ISBN 9786027785786. 
  2. Budi Rahayu Tamsyah, Spk., (1999). Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia.