Reog dongkol
Réog dongkol mangrupa kasenian ti luluhur orang Sunda anu di gelarkeun di masyarakat Kota Banjar.[1] Keur harita, réog dongkol nyaéta di jadikeun alat hiburan saentas ngalaksanakeun panen. Bangsa Patani karumpul di tempat anu ges di tangtukeun sambari hareureuy. Dina kagiatan éta biasana sok diiringan ku tatabuhan anu miboga irama. Sairingna waktu, kagiatan ieu sok di sampurnakeun jeung alat kasenian (waditra) dogdog, angklung jeung gong. Saluyu jeung zaman jeung kréativitas manusa, kasenian réog henteu waé ngagunakeun waditra dogdog aya ogé anu ngagunakeun lodong jeung kohkol. Wangeunan dongkol sorangan nyaéta mangrupa singkatan tina lodong jeung kohkol.
Réog dongkol mimitina miara ngaran kasenian Réog atawa Ogel. Réog nyaéta sajenis kasenian tradisional anu ngabogaan anu mikaresep husus jeung dihargaan ngajadi seni budaya anu komunikatif, dialog jeung p yuasemoan anu di jieun-jieun, éféktifngalewatan dinamika sapertos tabuh dogdog, seni sora, karawitan, bodor anu seger,jeung tema mangrupa sempel goyun anu pada umumna miwarakeun program pamwangunan, dian cara ngabantu pamarentah sacara luwes ku palantaraan dialog hirup sanajan hnte maké pidato dipaksakeun.
Rujukan
édit- ↑ Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431.