Sastra lisan
Sastra lisan nyaéta rupa-rupa karya sastra anu sumebarna ngagunakeun média lisan. Gelarna sastra lisan dianggap leuwih heula batan sastra tinulis. Najan tacan bisa dicindekkeun kalawan tandes, mémang aya ciri-ciri anu bisa dipatalikeun jeung sipat lisan.[1] Upama, caritana réa anu kawilang parondok, leubeut ku gaya repetisi, wangun puisi pohara kaugerna, beunghar ku purwakanti. Ciri-ciri kitu méh bisa dipastikeun luyu jeung kahirupan sastra lisan; kudu gampang diapalkeun da kudu ditalar.
Rujukan
édit- ↑ Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. ISBN 978-602-7785-78-6.