Mohamad Ibnu Sayuti atawa leuwih dipikawanoh kalayan ngaran Sayuti Melik (lahir di Slemangumelar di Sleman, Yogyakarta, 22 Nopémber 1908 – maot di Jakarta, 27 Pébruari 1989 dina umur 80 taun), kacatet dina sajarah Indonesia salaku nu ngetik naskah proklamasi kamerdékaan Republik Indonesia. Anjeunna kagungan garwa Soerastri Karma Trimurti, wartawati jeung aktivis wanojaa di jaman pergerakan jeung jaman sanggeus kemerdékaan.

Sayuti Melik
Sayuti Melik
Katerangan lian
Gumelar 22 Nopémber 1908
Citakan:Country data Belanda Sleman, Yogyakarta Hindia Belanda
Pupus 27 Pébruari 1989 (yuswa 80)
Indonésia Jakarta, Indonesia
Kabangsaan Indonesia
Pameget/istri S. K. Trimurti
Murangkalih Moesafir Karma Boediman
Heru Baskoro
Pagawéan Wartawan
Politisi

Anggota PPKI

édit

Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia (PPKI) dijieun 7 Agustus 1945 jeung dipikanyaho ku Ir. Soekarno, ngaganti Badan Penyelidik Usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia anu gancang dibubarkeun. Anggota awalna 21 urang. Beuki dieu kalawan teu dipikanyaho ku Jepang, anggotana nambahan 6 urang kaasup Sayuti Melik[1].

Kajadian Réngasdéngklok

édit

Sayuti Melik kaasup dina kelompok Ménténg 31 anu miboga peran diculikna Sukarno jeung Hatta dina ping 16 Agustus 1945 (Kajadian Réngasdéngklok). Para pamuda nu bajoang, kaasup Chaerul Saleh, Sukarni, jeung Wikana, babarengan jeung Shodanco Singgih, salah saurang anggota PETA, jeung pamuda séjén mawa Soekarno (jeung Fatmawati, Guntur nu umurna kakara 9 bulan) jeung Hatta ka Réngasdéngklok. Tujuanna sangkan Ir. Soekarno jeung Drs. Moh. Hatta thenteu kapangaruhan ku Jepang[2].

Lebah dieu, para pamuda ngayakinkeun Soekarno yén Jepang geus teu walakaya jeung para pajuang siap ngalawan Jepang naon waé résikona. Di Jakarta, golongan muda, Wikana jeung golongan kolot, Mr. Ahmad Soebardjo ngalaksanakeun sawala. Mr. Ahmad Soebardjo nyaluyuan keur ngaproklamasikeun kemerdékaan Indonesia di Jakarta[3]. Sanggeus kitu, Yusuf Kunto nganteur Ahmad Soebardjo ka Réngasdéngklok[4]. Aranjeunna néang Ir. Soekarno jeung Drs. Moh. Hatta ka Jakarta. Antukna, Mr. Ahmad Soebardjo bisa ngayakinkeun para pamuda sangkan teu gagancangan ngaproklamirkeun kamerdékaan[5].

Naskah Proklamasi

édit
 
Naskah asli proklamasi nu ditempatkeun di Monumen Nasional

Konsép naskah proklamasi disusun kuBung Karno, Bung Hatta, jeung Achmad Subardjo di imah Laksamana Muda Maeda. Wakil para pamuda, Sukarni jeung Sayuti Melik. Sanggeus réngsé dina waktu janari ping 17 Agustus 1945 konsép naskah proklamasi dibacakeun di hareupeun para hadirin. Ngan, para pamuda nolak. Naskah proklamasi anu geus disusun téh dianggap sarua jeung jieunan Jepang.

Dina kaayaan kitu, Sayuti méré gagasan sangkan téks proklamasi ditandatangan ku Bung Karno jeung Bung Hatta wungkul nu ngawakilan bangsa Indonesia. Usulna ditarima, kalawan Bung Karno gancang maréntahkeun Sayuti sangkan ngetik téksna. Anjeunna ngarobah kalimah "Wakil-wakil bangsa Indonesia" jadi "Atas nama bangsa Indonesia".

Mangsa sanggeus kamerdékaan

édit

Sanggeus Indonesia Merdéka, anjeunna jadi anggota Komite Nasional Indonesia Pusat (KNIP). Dina taun 1946 kalayan paréntah Mr. Amir Syarifudin, anjeunna ditéwak ku Pamaréntah RI sabab dianggap deuheus jeung Persatuan Perjuangan. Lian ti éta, ogé dianggap kalibet dina "Peristiwa 3 Juli 1946''. Sanggeus dipariksa ku Mahkamah Tentara, anjeunna dianggap salah. Waktu aya Agresi Militer Belanda II, anjeunna ditéwak ku Walanda jeung dipanjara di Ambarawa. Anjeunna dibébaskeun sanggeus réngséna KMB. Taun 1950 Sayuti diangkat jadi anggota MPRS jeung DPR-GR salaku Wakil  Angkatan '45 jeung jadi Wakil Cendekiawan[6].

Masa Orde Baru

édit

Sanggeus Orde Baru ngaran Sayuti nanjung deui dina panggung politik. Anjeunna jadi anggota DPR/MPR, ngawakilan Golkar dina hasil Pemilu 1971 jeung Pemilu 1977.

Ngantunkeun

édit

Sayuti Melik pupus dina ping 27 Februari 1989 sanggeus kasorang kasakit salila sataun. Anjeunna dikurebkeun di TMP Kalibata

Penghargaan

édit

Sayuti Melik narima Bintang Mahaputra Tingkat V (1961) ti Presiden Soekarno jeung Bintang Mahaputra Adipradana (II) ti Presiden Soeharto (1973).

Pranala luar

édit