Singkal téh nyaéta parabot paranti nyungkalkeun taneuh (parani ngawaluku). Biasana dipaké patani keur nyingkalkeun taneuh nu rék dipelakan pare atawa palawija.[1]

Babagian singkal

édit
  • Babantal nyaéta bagian handap, tempat napelna lanjam.[1]
  • Lanjam nyaéta seuseukeut sintal, bahanna tina beusi.[1]
  • Bubuntut nyaéta kai nu napel kana babantal nu biasa dicekel nu keur ngawuluku.[1]
  • Cacadan nyaéta ruyung atawa awi anu dipaké panyéréd singkal (garu) anu ngahubungkeun wuluku jeung munding.[1]
  • Paseuk téh aya dua rupa, nu mimiti nyaéta paranti muntangna cacadan kana bubuntut. Nu kadua paranti nungkulkeun atawa nanggahkeun bubuntut ngatur jéro déétna tapak singkal.[1]
  • Panarat nyaéta tambang paranti narik hulu munding lamun dipiderkeun.[1]

Rujukan

édit
  1. a b c d e f g Drs. Ahmad Hadi, Dkk (2009). PEPERENIAN. Bandung: Geger Sunten. p. 147. ISBN 978-602-7784-11-6.