Suku (Lat.: familia, jama familiae) dina klasifikasi ilmiah nyaéta hiji takson nu aya antara ordo jeung génus, mangrupa taksonomi nu di jerona ngawengku sawatara génus nu sacara filogénétis kapisahkeun tina familia lianna. Diindonesiakeun ieu takson nyaéta jadi sélér (dipaké dina loba pustaka ilmiah), famili, atwa kulawarga. Hiji familia bisa kabagi jadi sawatara subfamilia, nyéta takson tengah nu ayana di luhureun génus. Dina pamakéan ngaran umum, hiji familia bisa dingaranan sarua njeung ngaran salah sahiji anggotana nu maneuh dipikanyaho.

Sagalaning nu kaasup atawa teu kaasup kana hiji familia atawa nalika hiji familia diaku nyorangan diusulkeun sarta ditetepkeun ku para taksonomis. Taya aturan baku dina ngagambarkeun atawa ngémbarkeun hiji familia, atawa deuih takson lianna. Para taksonomis meuren aya dina posisi nu béda ngeunaan déskripsi hiji takson sarta meureun taya konsénsus nu katampa kalawan di kalang komunitas ilmiah salila sawatara waktu. Salila taya konsénsus mah data jeung kedalan-kedalan anyar bakal tuluy dideudeul nu ngamumkinkeun ayana panyaluyuan-panyaluyuan.

Noménklatur

édit

Pangaranan familia dikodifikasikeun dina mangrupa-rupa kodeu internasional.

  • Dina noménklatur fungi, alga, jeung botani, ngaran familia tutuwuhan, fungi, jeung alga rarangkén tukangna "-aceae", jeung pangiwalan sajumlah leutik ngaran historis ngan lumayan lega dipaké, kaasup Compositae jeung Gramineae.[1][2]
  • Dina noménklatur zoologi, ngaran familia sata rarangkén tukangna "-idae".[3]

Sejarah

édit

Ieu istilah munggaran pisan diwanohkeun ku ahli botani Perancis Pierre Magnol dina bukuna Prodromus historiae generalis plantarum, in quo familiae plantarum per tabulas disponuntur taun 1689. Manéhna nyebut 76 kelompok tutuwuhan nu ku manéhna geus diidéntifikasi minangka familia (familiae). Konsep undakan/takson dina mangsa harita can ditetepkeun jeung dina pajajap éta buku, Magnol nyebutkeun ngahijikeun éta familia-familia kana genera nu leuwih lega, jauh saméméh éta istilah mimiti dipaké siga ayeuna.

Carolus Linnaeus maké istilah familia dina bukuna Philosophia botanica (1751) pikeun ngarujuk kana kelompok utama tutuwuhan. Manéhna maké éta istilah ngan dina bagéan morfologis, nyaéta bagéan nu ngadadarkeun organ végétatif jeung generatif tina tutuwuhan. Tuluy, dina publikasi-publikasi botani Perancis, ti saprak karya Michel Adanson, Familles naturelles des plantes (1763) nepi ka abad ka-19 katompérnakeun, kecap famille dipaké dina basa Perancis nu ékuivalen jeung kecap atawa istilah basa Latin ordo (atawa ordo naturalis). Dina tulisan-tulisan abad ka-19, kayaning Prodromus karya Augustin Pyrame de Candolle jeung Genera Plantarum ajén pamikiran Géorge Bentham jeung Joseph Dalton Hooker, kecap ordo dipaké pikeun undakan nu kiwari mah undakan familia.

Dina zoologi, familia minangka hiji undakan tengah di antara ordo jeung genus diwanohkeun ku Pierre André Latreille dina tulisanna, Précis des caractéres génériques des insectes, disposés dans un ordre naturel (1796). Manéhna maké istilah "familia" (sawatara kelompok teu dingaranan) dina sawatara kelompok, tapi teu dina sakum ordo "serangga"-na (nu tuluy ngawengku sakum artropoda).

Pamakéan

édit

Familia bisa dipaké pikeun studi évolusi, palaéontologi, jeung générik lantaran leuwih stabil tinimbang undak taksonomi di handapna, kayaning génus jeung spésiés.[4][5]

Tempo ogé

édit

Rujukan

édit
  1. Barnhart 1895.
  2. ICN 2012, Section 2. Names of families and subfamilies, tribes and subtribes Article 18.
  3. International Commission on Zoological Nomenclature (1999). "Article 29.2. Suffixes for family-group names". International Code of Zoological Nomenclature (Fourth ed.). International Trust for Zoological Nomenclature, XXIX. p. 306.  [1]
  4. Sahney, Sarda (2010). "Links between global taxonomic diversity, ecological diversity and the expansion of vertebrates on land". Biology Letters 6 (4): 544–547. http://rsbl.royalsocietypublishing.org/content/6/4/544.full.pdf+html. 
  5. Sahney, Sarda (2008). "Recovery from the most profound mass extinction of all time". Proceedings of the Royal Society B: Biological Sciences 275 (1636): 759–765. http://rspb.royalsocietypublishing.org/content/royprsb/275/1636/759.full.pdf. 

Bibliografi

édit