Sumur nyaéta hiji liang nungahaja dikali sangkan kaluar cai.[1] Sumur ngahaja dijieun pikeun nyumponan kabutuhan cai, utamana dimangpaatkeun pikeun kaperluan rumahtangga kayaning nyeuseuh, ngumbah wadah, cai taheureun jeung sajabana.[1] Ilaharna sumur dijieun tukangeun imah, sanajan kiwari geus ampir aranglangka imah-imah nu mibanda sumur utamana imah-mah di kota.[2] Gantina pikeun kabutuhan cai make alat saperti kompa cai listrik, kitu deui cai nu dikocorkeun ku PDAM.[2]

Sumur kolot

Dina budaya urang, sumur téh mibanda harti tempat karamat.[3] Nya dina sumur ieu masyarakat urang sok ngayakeun hiji ritual pikeun ngalap berkah, kaasup salametan sangkan meunang kasalametan tur kabagjaan.[3] Ditempo tina jerona, sumur dibédakeun kana dua rupa tayalian sumur déét eung sumur jero (bisa nepika 50 m).[4][5]

Katangtuan nyieun sumurÉdit

  • Cai nu dihasilkeun tina éta sumur kudu hérang, henteu ngandung baktéri jeung zat kimia nu bahaya
  • Sumur kudu jauh tina tempat pamiceunan kokotor, sahenteuna 10 méter
  • Biwir sumur kudu dijieun témbokan (crub) kurang leuwih 80 cm jangkungna kalawan jérona 2 méter, sangkan henteu kahontal ku budak leutik sarta teu kaasupan cileuncang
  • Saluareun sumur kudu dipasang ubin atawa bata nu teunyerep cai, kurang leuwih 1,2 mééter sangkan teu caleubrik/leueur.[4]


Dicutat tinaÉdit

  1. a b Frick, Heinz (1997). Pola struktural dan teknik bangunan di Indonesia: suatu pendekatan arsitektur Indonesia melalui pattern language secara konstruktif dengan contoh arsitektur Jawa Tengah. Jakarta: Kanisius. 
  2. a b Widyastuti, Yuli (2013). Superwife: Resep Rahasia Menjadi Istri Idaman. Jakarta: PT LKiS Pelangi Aksara. 
  3. a b Syam, Nur (2005). Islam pesisir. Jakarta: PT LKiS Pelangi Aksara. 
  4. a b Gunawan, Ir. Rudy (1994). Pengantar Ilmu Bangunan. Jakarta: Kanisius. 
  5. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 28. Diakses tanggal (disungsi) 11 April 2020.