Ta'zir nyaéta hukuman nu katangtuanana di tangtukeun ku hakim nu boga kawasa atawa Ulil Amri tapi tetep dumasar kana katangtuan agama.[1][2] Sacara bahasa, harti kecap ta’zir (تعزير) asalna ti kecap az-zara (عزَّر) nu miboga harti ar-raddu (الرَّد) nu hartina nampik, jeung al-man’u (المنع) nu hartina nyingkahan.[3] Sadengkeun sacara istilah dina ilmu fiqih, kecap ta’zir nyaéta miboga makna:

عُقُوبَةٌ غَيْرُ مُقَدَّرَةٍ شَرْعًا تَجِبُ حَقًّا لِلَّهِ أَوْ لآِدَمِيٍّ فِي كُل مَعْصِيَةٍ لَيْسَ فِيهَا حَدٌّ وَلاَ كَفَّارَةَ غَالِبًا

Hukuman nu ditetepkeun katangtuanna sacara syar'i, umumna lumaku keur maksiat nu teu aya hukum hudud atawa kaffarah.[3] Disebut hukuman ta'zir ku sabab intina mah nampik jeung nyingkahan sagala rupa kalakuan jarimah.[2] Hukuman ta'zir téh rupa-rupa, saluyu jeung kasalahan nu dilakukeun. Sumber hukum Islam salian ti Al Qur'an téh nyaéta Hadis, ku sabab kitu, ta'zir téh hukuman pikeun sagala rupa kalakuann jarimah nu can aya katangtuanna dina Al Qur'an atawa Hadis ku sabab éta masalah dijaman modérn, contona narkoba. Nu ahirna digolongkeun jadi Khamr. [2]

Rujukan

édit
 
  1. "Beda Ta'zir dengan Cambuk - FIQHISLAM.com - Pustaka Muslim". www.fiqhislam.com (dalam en-gb). Diakses tanggal 2017-10-23.  Archived 2017-12-24 di Wayback Machine
  2. a b c Unisby. TA’ZIR DALAM HUKUM ISLAM Diaksés kaping 23 Oktober 2017.
  3. a b "Perbedaan Hukum Ta'zir Dengan Hukum Hudud | rumahfiqih.com". www.rumahfiqih.com. Diakses tanggal 2017-10-23.  Archived 2016-04-24 di Wayback Machine