Taraté (Nymphaea) nyaéta ngaran genus pikeun tutuwuhan cai ti suku Nymphaeaceae.[1] Dina basa Inggris dipikawanoh minangka water-lily atawa waterlily.[2] Di Indonésia, Taraté ogé dipaké pikeun nyebutkeun tutuwuhan ti genus Nelumbo (Lotus).[2] Dina jaman baheula, jelema memang mindeng nyampur-adukkeun antara tutuwuhan genus Nelumbo kawas saroja jeung genus Nymphaea (taraté). Dina tutuwuhan genus Nelumbo, kembangna aya jauh di luhureun beungeut cai, daun ngawangun bunderan sarta akarna ilahar didahar.[2]

Taraté tumuwuh di beungeut cai anu tenang. Kembang sarta daunna aya dina beungeut cai, kaluar tina gagang anu asalna tina akar anu aya dina jero leutak dina dadampar balong, walungan atawa ranca.[2] Gagangna aya dina tengah-tengah daun. daun ngawangun bunderan atawa oval anu rubak. Beungeut daun henteu ngandung lapisan lilin antukna cai anu murag kana beungeut daun henteu nyieun buldeudan cai.[2]

Kembangna aya dina gagang anu mangrupa pamanjangan tina akar. Garis tengah kembang antara 5–10 cm.[1]

Taraté diwangun ku kira-kira 50 spésiés anu sumebar ti wewengkon tropis nepi ka wewengkon subtropis di sakuliah dunya.[2] Taraté anu tumuwuh di wewengkon tropis asalna ti Mesir.[1]

MangpaatÉdit

Taraté jadi pepelakan di kebon-kebon alatan kembangna anu éndah. Palukis Perancis nu ngaranna Claude Monet kawéntar ku lukisan kembang taraté. Kembang saroja mangrupa kembang anu ilahar aya di karaton minangka lambang kasucian.[2]

SajarahÉdit

Dina jaman Mesir kuno, taraté réa tumuwuh di sisi walungan Nil. Nymphaea caerulea sarta Nymphaea lotus nyaéta dua spésiés anu asalna ti Mesir. Kembang Nymphaea caerulea ngan boga umur sapoé, mekar dina waktu isuk-isuk sarta tikerelep kana handapeun cai dina wanci soré. Kembang Nymphaea lotus mekar dina wanci peuting sarta kucup dina wanci isuk-isuk. Titilar ti dua rupa kembang taraté asli Mesir kapanggih di astana Ramses II.[2]

Tumbu ka luarÉdit

Dicutat tinaÉdit

  1. a b c Dalimartha, Setiawan (2008). Atlas tumbuhan obat Indonesia. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 102. ISBN 9789791133142. Diakses tanggal 14 Februari 2020. 
  2. a b c d e f g h Astuti, Agung Sugiarto, Astuti (2007). Ensiklopedia Tanaman Hias. Jakarta: Agromedia. p. 130. ISBN 9789790061422. Diakses tanggal 14 Februari 2020.