Tari Kedempling

tari ti Kabupatén Majaléngka

Tari kedempling nyaéta salah sahiji seni anu asalna ti utara Kabupatén Majaléngka, tepatna di wewengkon Ligung, Jatitujuh, jeung Randegan.Tari kedempling kira-kira mimiti aya taun 1938 muara di komunitas ronggéng dogér anu biasana péntas di hiji tempat ka tempat lain. Dina taun 1940-an, komunitas ronggéng dogér eureun. Jalan jeung waktos, komunitas ieu muncul deui, tapi alat musikna henteu ngagunakeun dogdog, diganti ku kacapi, ketuk, goong, jeung kendang, nepi ka namina dirobah jadi ronggéng kacapi. Mekarkeunna tari topéng di wewengkon Cirebon nepi ka Majaléngka, akhirna nu ngibing ronggéng kacapi mimiti diajar gerak tari topéng khususna topéng tumenggung jeung pangaruh anu kuat tina gerak, pakéan, jeung alat musik anu ngiringan tari topéng, ngawujudlah Ronggéng Kedempling.[1]

Gerakan tari kedempling nyaéta gerakan gedut, jalak pateuh, koma, oyag bahu, jangkung, ilo, ngayun satengah keupat, barongsay, ngincek, pakbang, jeung ngongkrak panjang. Aya ogé pakéan anu dianggo dina tarian ieu, leuwih basaja ti tari topéng tumenggung diaéhkeun jeung dasi, tutup dada, sabuk, jeung kaca mata sarta ditambah ogé kéris. Kagunaan tari kedempling mimitina nyaéta keur kagiatan babarang (ngamén) di tempat anu kabuka saperti lapangan jeung sajabana. Ti taun 1957, loba masarakat anu ngundang tari kedempling keur tampil boh dina acara boboran, khitanan, atawa haul acara nikahan. Sacara nilai jeung maknana, nilai-nilai babarengan dina gerakan tari kedempling ningalikeun kalemesan paripolah, kaéndahan karakter, jeung kakompakan masarakatna. Salain éta, tarian ieu ngagaduhan peranan dina minuhan pangabutuh ékonomi anu ngaribing jeung panabuh gamelan di komunitasna.[1]

Sejarah

édit

Ngaran kedempling dicokot tina ngaran jenis gamelan nu teu boga bentuk penclon (di wewengkon Cirebon jeung Indramayu disebutna gamelan téras alit/sundari) nu dipaké minangka gamelan pikeun marengan tarian ieu.[2] Tari kedempling mimiti mekar di Kabupatén Majalengka kalér saperti wewengkon Ligung, Jatitujuh jeung Randegan. Diperkirakeun kasenian ieu mimiti mekar dina taun 1938. Biasana tarian ieu dipentaskeun ti hiji tempat ka tempat séjén atawa disebut babaran (ngamen). Salian ti éta, kasenian ieu biasana dipidangkeun ku ondangan pagawé kontrak perkebunan minangka sarana hiburan peuting sanggeus sadidinten di kebon. Samentara éta, penari kedempling asalna penari doger anu robah profesi kalawan alesan yén seni doger waktu éta geus teu populer di kalangan masarakat. Robah profesi ieu ti penari doger jadi penari kedempling ngan dibekelan ku kaparigelan nari anu bisa, alias teu diajar ti saha wae. Sanajan kitu, gabungan tari tumenggung gaya Cirebonan jeung tari tayub gaya Priangan jadi daya tarik tari kedempling ronggeng. Salian ti éta, tokoh-tokohna geus rada kolot, saperti Sukarta Candra Muda (Aki Karta) anu umurna 69 taun, Meri atawa Ma Ér anu umurna 72 taun, jeung Ayinan (Ma Inah) anu umurna 88 taun. Sedengkeun nu séjénna ngora kénéh

Rujukan

édit
  1. a b Penetapan Warisan Budaya Takbenda Indonesia Tahun 2018 (PDF). Jakarta: Direktorat Warisan dan Diplomasi Budaya, Direktorat Jenderal Kebudayaan, Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan. 2018. p. 148. 
  2. "Ronggeng Kedempling Perpaduan Cirebonan & Priangan". http://www.disparbud.jabarprov.go.id/. disparbud Jawa Barat. Diakses tanggal https://web.archive.org/web/20190221112326/http://www.disparbud.jabarprov.go.id/wisata/stcontent.php?id=54&lang=id.  Archived 2019-02-21 di Wayback Machine