Tongo
Tongo | |
---|---|
Status konservasi | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Subordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | Pthirus Leach, 1815
|
Spésiés: | P. pubis
|
Ngaran binomial | |
Pthirus pubis (L., 1758, asalna Pediculus pubis)
|
ICD-10 | B85. | |
---|---|---|
ICD-9 | 132 | |
DBPanyakit | 10028 | |
MedlinePlus | 000841 | |
eMedicine | emerg/298 | |
MeSH | B01.500.131.617.564.159.730 |
Tongo (Pthirus pubis) nyaéta kutu/serangga parasit anu dipikaceuceub ku sabab matuh dina kanjut baga manusa, tapi kungsi ogé kapanggih dina bulu panon, anu hirupna tina nyeuseup getih. Nepi ka kiwari, ieu kutu ukur kapanggih nyayang dina kanjut manusa, najan aya ogé dulur deukeutna (Pthirus gorillae) anu nyayang di Gorila.
Klasifikasi
éditDina dunya médis, dicoco tongo disebutna 'phthiriasis pubis', anapon mun dicocona dina kongkolak panon disebut phthiriasis palpebrarum.[1]
Tanda jeung gejala
éditGejala utama dicoco tongo nyaéta ateul, utamana dina lebah anu katutupan baok, balukar tina hipersénsitivitas kana ciduh tongo, anu bakal leuwih parna sanggeus leuwih ti dua minggu ti saprak munggaran dicoco. Tapak nyocona kadang katémbong biru-kulawu (maculae caeruleae) anu bisa awét nepi ka sababaraha poé.
Tépa
éditIlaharna, tongo pindah jalma ku cara tepung awak, utamana sapatemon. Di nu saimah, tépana bisa ngaliwatan anduk anu dipaké bareng, pakéan, kasur, atawa klosét.
Natambaan
éditTongo bisa ditatambaan ku krim 1% Permethrin jeung pyrethrin. Sanggeus kitu, hadéna mah baokna diparas jeung disisir pikeun ngaleungitkeun tongo jeung lisana nu geus paraéh. Lian ti éta, sakur sepré kudu diganti. Pikeun maéhan tongo nu bisa jadi aya dina sepré, éta sepré kudu dipalastikan sing pageuh ngarah euweuh hawa, sarta disimpen heula salila lima welas poé, terus diseuseuh.
Baca ogé
éditRujukan
édit- Crab louse. Wikipédia basa Inggris (disalin 14 Juli 2010).
- ↑ Manjunatha NP, Jayamanne GR, Desai SP, Moss TR, Lalik J, Woodland A. Pediculosis pubis: presentation to ophthalmologist as phthriasis palpebrarum associated with corneal epithelial keratitis. Int. J. STD AIDS 2006; 17: 424-426
Tumbu kaluar
éditWikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Pubic lice . |
- crab louse on the UF / IFAS Féatured Créatures Web site
- Edinburgh Royal Infirmary on Pubic Lice Archived 2006-09-26 di Wayback Machine
- Medline Plus article
- Guideline on the Management of Phthirus pubis infestation (UK, 2007)[tumbu nonaktif]
- Genetic Analysis of Lice Supports Direct Contact Between Modern and Archaic Humans Archived 2004-04-05 di Wayback Machine