Torowongan Wilhélmina
Torowongan Wilhélmina nyaéta salah sahiji poténsi cagar budaya di Désa Empak jeung Désa Bagolo di Kecamatan Kalipucang, Kabupatén Pangandaran. Torowongan ieu mangrupa torowongan karéta api pangpanjangna di Indonésia, jurusan Pangandaran mulai ti Banjar-Pangandaran-Cijulang sapanjang 82 Km.[1] Torowongan ieu aya di jalur mati Banjar-Pangandaran-Cijulang, dina lintas jalur mati ieu aya 4 torowongan nu kaliwatan nyaéta torowongan Philips panjangna 280 M, Héndrik nu panjangna 105 M, Juliana nu panjangna 127,4 M, jeung torowongan Wilhélmina nu panjangna 1.116 M.[2] Torowongan ieu téh sésa paninggalan jaman Walanda anu dijadikeun jalur ékonomi nu cukup penting pikeun ngangkut hasil bumi nu mangrupa kopra/kalapa di wilayah sakitar. [1]
Torowongan Wilhélmina | |
---|---|
Kategori wangunan hikmat: torowongan | |
Letak | |
Propinsi | Jawa Barat |
Kabupatén | Pangandaran |
Kacamatan | Kalipucang |
Désa | Emplak |
Sajarah | |
Taun diwangun | 1924-1981 |
Informasi wangunan | |
Panjang torowongan | 1.127 méter |
Layanan | Karéta api |
Sajarah
éditTorowongan Wihélmina ieu dicokot tina ngaran Ratu Walanda Wilhelmina Helena Pauline Maria. Diwangun taun 1914 jeung diresmikeun 1 Januari 1921, nu diwangun ku perusahaan karéta api jaman walanda nyaéta Staats Spoorwegen (SS) atawa nu kiwari mah katelahna PT. Kereta Api Indonesia (KAI) (Persero).[2] Torowongan ieu diwangun ku cara ngaliangan pagunungan nu asalna tina batuan andésit.[3] Pangwangunan torowongan ieu sempet dieureunkeun di tengah jalan, ku sabab médan anu nurugtug, ngan Staats Spoorwegen tetep ngalanjutkeun pangwangunan jalur ieu, ku sabab penting pikeun ngangkut hasil bumi nu aya di daérah éta. Torowongan ieu mimiti eureun beroperasi di taun 1981, ku sabab biaya operasional anu teu nyumponan jeung saeutikna pamasukan ti para panumpang karéta api di jalur éta.[1]
Taun 2018 PT. KAI boga rencana jang ngareaktivasi jalur ieu, sabab jalur ieu miboga sababaraha hiji kauntungan, salain jadi asét cagar budaya ogé bisa jadi poténsi ékonomi daérah sarta kalumangsungan aksés transportasi ka Pangandaran jang ka hareupna. Aya sababaraha upaya nu geus dilakukeun pikeun léngkah jang ngaréalisasikeun réaktivasi jalur ieu, nyaéta ngadakeun kagiatan bakti prasarana di wangunan torowongan nu dilakukeun kerjasama jeung komunitas pecinta KA nyaéta IRPS (Indonesia Railway Preservation Society) jeung KAB (Karéta Anak Bangsa). Kagiatanna mangrupa parawatan wangunan torowongan, nu mimiti ti ngabenerkeun beungeut dingding torowongan nu rusak nepi ka pamasangan prasasti beungeut dingding torowongan, ogé pamasangan prasasti di beungeut dinding torowongan Wilhélmina, Juliana, Hendrik, jeung Phillip ogé Jembatan Cipamotan/Cikacepit.[2]
Rujukan
édit- ↑ a b c Okta, Maria. "Hanya Cerita yang Tersisa dari Terowongan KA Wilhelmina di Pangandaran". KabarPenumpang.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-02-08.
- ↑ a b c "Kegiatan Pelestarian Terowongan Wilhelmina". kai.id. Diakses tanggal 2020-02-08. Archived 2021-08-21 di Wayback Machine
- ↑ Banten, BPCB. "Wilhelmina, Terowongan terpanjang di Indonesia | Balai Pelestarian Cagar Budaya Banten" (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-02-22. Archived 2020-02-22 di Wayback Machine