Buka ménu utama


Upacara Adat Panjang Jimat nyaéta upacara adat anu dilaksanakeun di Karaton Kasepuhan Cirebon dina waktu Upacara Muludan.[1] Istilah Panjang Jimat asal kecap tina panjang, nu ngandung harti dilaksanakeun sacara rutin sapanjang taun jeung jimat nu ngandung harti sing siji kang dirumat (hiji hal nu diriksa) anu lamu dipatalikeun dina agama Islam mah nyaéta ikrar maca dua kalimah sahadat.[1] Jadi Upacara Panjang Jimat téh nyaéta hiji acara anu dilakukeun ku pihak Karaton kasepuhan Cirebon sacara rutin sapanjang taun pikeun miéling kalimah sahadat.[1] Panjang Jimat ogé bisa dihartikeun minangka ‘piring gedé’ dijieun tina kuningan atawa porselin.[1] Pikeun urang Cirebon mah, Panjang Jimat téh mibanda sajarah husus nyaéta salah sahiji banda pusaka Karaton Kasepuhan Cirebon paméré Sanghyang Bango nalika pamaréntahan Radén Walasungsang (Pangéran Cakrabuana) dina raraga néangan agama nabi.[1] Gedé kamungkinan ieu hal téh anu nyababkeun masarakat Cirebon nyebutkeun iring-iringan Panjang Jimat, sabab ilaharna nu diiring-iring dina ieu upacara téh nyaéta piring gedé téa.[1] Tujuan Upacara Panjang jimat nu dilaksanakeun ku pihak Karaton Kasepuhan Cirebon unggal tanggal 12 Rabiul Awal mibanda tujuan-tujuan anu tangtu.[1] Enas-enasna mah tujuan dilaksakeunana ieu upacara téh nyaéta pikeun miéling dibabarkeunana Nabi Muhammad.[1]

Eusi

Waktu UpacaraÉdit

Panjang Jimat dilaksanakeun unggal tanggal 12 Rabiul Awal.[2] Waktu pelaksanaanana nyaéta dikawitan ± ti jam 20.00 tepi ka 01.00 WIB.[2] Saméméh dilaksanakeun iring-iringan Panjang Jimat, dina tanggal 5 Mulud di Kaputrén Karaton Kasepuhan dilaksanakeun Upacara Siraman.[2] Dina ieu acara, pakakas anu engkéna diiring-iring disiraman/ dikumbah heula. Demi pakakas nu dimaksud nyaéta:

  1. 7 siki piring gedé
  2. 40 piring leutik
  3. 2 guci
  4. 2 corong

Prak-prakan Upacara Panjang jimatÉdit

Pra Upacara

Siraman ngandung harti ngumbah atawa ngawasuh pakakas Panjang Jimat pikeun wadah dina engké jalanna prosési Panjang Jimat.[2] Dilaksanakeunana saminggu saméméh dilaksanakeunna Upacara Panjang Jimat, nyaéta dina ping lima Mulud. P rosésina nyaéta piring-piring tina bangsal karaton dibawa ka kaputrén.[2] Nya di kaputrén pisan dilaksanakeun siraman.[2] Anapon pakakas anu disiraman nyaéta 7 siki piring gedé, 40 piring leutik, 2 guci, 2 corong.

  • Pelal

Pelal singgetan tina perlok nang kang halal, anu hartina kira-kira perlakuan atawa kalakuan anu dihalalkeun. Ieu acara mangrupa refleksi tina rasa sukur atawa rasa solidaritas ti pihak karaton ka pihak pangurus Masjid Agung Cipta Rasa.[2] Wangun tina kagiatanna sorangan diaplikasikeun dina wangun nganteuran kadaharan ka pangurus masjid. Waktu dilaksanakeunna nyaéta kira wanci jam 7 beurang. Biasana kadaharanna mangrupa nasi rosul sapuratina.

Petugas UpacaraÉdit

  1. Minangka pembina upacarana sorangan nyaéta Gusti Sultan Sepuh
  2. Minangka sub pembina upacara atawa pamingpin upacara nyaéta Putra Mahkota
  3. Minangka Adi Pranata Upacara nyaéta salah saurang karabat lalaki karaton
  4. Para kaum anu mibanda pancén pikeun ngalaksanakeun Upacara Asrakhalan di Langgar Agung
  5. Para kiayi penghulu anu mibanda pancén pikeun mingpin jalnna Upacara Asrakhalan di Langgar Agung
  6. Para mantri nyaéta tugasna pikeun mawa parangkat (pakakas) upacara minangka ‘pager bagus’ sapanjang jalan anu diliwatan ku iring-iringan Panjang Jimat
  7. Kelompok élang atawa pangéran, tugasna ngawal jalanna upacara
  8. Nu nampi para tamu uleman
  9. Dua panata calagara
  10. Panitia séjénna anu mibanda pancén pikeun nertibkeun jalanna upacara.[2]

Aya hiji pakeman nu teu beunang direumpak dina jalanna ieu upacara, nyaéta pikeun pamingpin upacara. Minangka pamingpin upacara geus tradisi turun tumurun nyaéta dicekel ku Putra Mahkota mibanda pancén ngawakilan Gusti Sultan Sepuh pikeun ngahadiran dina Upacara Asrakhalan di Langgar Agung. Putra Mahkota ieu geus disiapkeun minangka gaganti sultan, anu sacara tradisi kalungguhan éta disadiakeun pikeun anak lalaki nu pangkolotna.[2] Numutkeun ajaran Islam, dina hal kapamingpinan teu beunang dicekel ku awéwé, hal éta nu ngadadasaran pihak karaton pikeun nangtukeun pamingpin. Upama sultan teu miboga anak lalaki, mangka calon gagantina nyaéta salah saurang dulur atawa karabat karaton séjénna nu lalaki.[2]

Runtuyan Upacara Panjang Jimat Nurutkeun Runtuyan AcaraÉdit

  1. Bubuka, eusina mangrupa pangwilujeng sarta ngabéjérbéaskeun runtuyan upacara sarta makna tina iring-iringan Panjang Jimat
  2. Adi Pranata Upacara ngadeuheus Gusti Sultan Sepuh pikeun ngahaturanan nyakséni prosési nataan nasi rosul di Bangsal Agung Panembahan
  3. Gusti Sultan Sepuh dibarengan ku Radén Ayu jeung para sepuh nyakséni prosési nataan nasi rosul di Bangsal Agung Panembahan
  4. Macakeun kalam Illahi (Al Qur’anul Karim), surat nu dibaca dina ieu upacara nyaéta Al Ahzab ayat 21 jeung surat Al Anfal ayat 2-4
  5. Gusti Sultan Sepuh, Radén Ayu sarta para sepuh turunan ti Bangsal Agung Panembahan tuluy calik deui dina singgasanana
  6. Gusti Sultan Sepuh nepikeun biantara tunggalna dina Upacara Panjang Jimat 12 Mulud 1426 H
  7. Adi Pranata Upacara ngadeuheusan ka Gusti Sultan Sepuh pikeun ngahaturanan mariksa kasiapan pakakas sarta kalengkepan lianna ti kawit Kaputrén tepi ka Jinem Pangrawit
  8. Gusti Sultan Sepuh masrahkeun Payung Agung Kasultanan ka Putra Mahkota pikeun ngawakilan manéhna dina acara Asrakhalan di Langgar Agung
  9. Acara satuluyna nyaéta acara prosési iring-iringan Panjang Jimat
  10. Adi Pranata Upacara ménta idin ka Gusti Sultan Sepuh pikeun nginditkeun iring-iringan Panjang Jimat ti Bangsal Prabayaksa tepi ka Langgar Agung
  11. Acara kaluarna iring-iringan Panjang Jimat ti Bangsal Ageung Panembahan nuju ka Langgar Agung
  12. Iring-iringan Panjang Jimat tina Bangsal Prabayaksa nuju ka Langgar Agung
  13. Ramah tamah
  14. Gusti Sultan Sepuh jeung Radén Ayu sarta pangiringna balik deui ka Dalem Kaum, tempat di mana Gusti Sultan Sepuh mondok
  15. Acara lekasan.[2]

Runtuyan Iring-iringan Panjang Jimat Nurutkeun Tahapan-tahapannaÉdit

  1. Kelompok kahiji : Payung Keropak, Tunggal Manik, jeung Damar Kurung.
  2. Kelompok kadua : lilin jeung kelompok upacara nu kadua (Manggaran, Nagan, jeung Jantungan) masing-masing dikawal ku dua urang.
  3. Kelompok katilu : lilin jeung kelompok upacara katilu (Cai Mawar jeung Pesatan).
  4. Kelompok kaopat : lilin, pamingpin upacara nyaéta Putra Mahkota anu ngawakilan Gusti Sultan Sepuh sarta dibarengan ku para mantrina.
  5. Kelompok kalima : lilin jeung kembang goyang, jeung boréh.
  6. Kelompok kagenep : lilin, Kiyai Panghulu Karaton, jeung para Kaum Masjid Agung.
  7. Kelompok katujuh : lilin, Sentana Wargi, jeung Panjang Jimat ka-1 tepi ka VII anu dikawal ku 4 urang.
  8. Kelompok kadalapan : lilin jeung sapasang guci wadah serbad.
  9. Kelompok kasalapan : lilin, 4 baki jeung pakakas nginum.
  10. Kelompok kasapuluh : lilin, Tumpeng Jeneng, Nasi Wuduk, jeung Nasi Putih.
  11. Kelompok kasabelas : 7 Méron anu geus nungguan di panto Buk kuloneun Jinem Pangrawit.
  12. Kelompok kaduabelas : 4 dongdang anu kaluar ti panto Pringgandani belah kulon.

Pasca UpacaraÉdit

Sabada dilaksanakeun upacara Panjang Jimat, hiji deui kagiatan anu sok dilaksanakeun ku pihak karaton nyaéta Upacara Sidekah. Upacara Sidekah biasana ngabagikeun sodakoh atawa méré santunan dana ka jalma-jalma anu aya dina kaayaan kurang jeung ka para yatim piatu. Ieu acara biasana dilaksanakeun dina wanci isukna, nyaéta dina tanggal 13 Mulud.[2]

Pakakas Upacara Adat Panjang Jimat

  1. 40 tempat lilin pikeun neundeun lilin
  2. 2 guci pikeun wadah serbad
  3. 4 boboko pikeun wadah kembang goyang
  4. 4 baki pikeun wadah parem
  5. 2 corongan pikeun wadah minyak seungit
  6. 7 piring gedé pikeun wadah Nasi Rosul
  7. 40 piring leutik pikeun wadah kadaharan jeung bungbuahan
  8. 7 Méron pikeun wadah piring gedé (nu dieusian nasi rosul) sarta rupa-rupa bungbuahan
  9. 4 dongdang pikeunwadah diteundeunna piring-piring leutik nu geus kaeusi ku kadaharan jeung bungbuahan.[2]

RujukanÉdit

  1. a b c d e f g h (id)Upacara panjang jimat (diaksés tanggal 25 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m (id)Pelaksanaan Upacara panjang jimat (diaksés tanggal 25 Oktober 2011)