Uyeg ceuk katerangan salasahiji mantan pupuhu pamungkas ti uyeg lama, asal-usul lahirna uyeg téh geus aya ti zaman karuhun para bangsawan Bogor. Katerangan séjén ti salasahiji tokoh Pajararan Bogor, kasenian uyeg sok ditampilkeun dina upacara 'Seuren Tahun Tutug Galur' di Pakwan Pajajaran, dijadikeun salasahiji upacara ngaagungkeun Ambu Sri Rumbiang Jati (Dewi kasuburan pare) jeung Sang Rama Hyang Guru Bumi (Dewa kasuburan taneuh). Dilaksanakeunnana dina waktu malem purnama, salila dalapan poè. Saacan dimimitian ku kagiatan upacara Gondang pupulur, Gondang babalar, Gondang papag pasang (nyampeur), Gondang matuh dumuk (nyalikkeun).

Uyeg mangrupa hiji wangun téater rakyat Jawa Barat anu masih ngabogaan ciri-ciri tina pola struktur budaya. Kasenian téater rakyat ieu biasana nampilkeun carita-carita buhun. Seni téater uyeg biasana midangkeun tokoh-tokoh saperti, Raja Uyeg (Nungawasa Alam Uyeg), Sarda jeung Ibong (tokoh antagonis anu sadar ditatar ku Siluman), Siluman, Nyi Widah, jeung nu ngibing ronggeng uyeg. Dumasar dimanfaatkeun salaku salasahiji wahana anu ngesian upacara ritual. Figur mistis Sri jeung Guru Bumi (Kuwera) patali pisan jeung pandangan hirup ritus masyarakat agraris, jeung pagawaen pepelakan. Hal ieu masih kénéh aya di lingkungan masyarakat Kanekes (Baduy) jeung babaraha daérah Banten Kudul nu séjén.