Buka ménu utama

Pangéran Wangsakerta (? - 1713), pangéran katilu Cirebon, salah saurang putra Panembahan Girilaya nu babarengan jeung dua lanceukna (Pangéran Mertawijaya jeung Pangéran Kertawijaya) mingpin Karaton Cirebon sapupus ramana.

Catetan sajarahÉdit

Catetan sajarah ngeunaan Pangéran Wangsakerta aya dina naskah perjangjian antara Karaton Cirebon jeung VOC. Nu nawis éta perjangjian ti pihak Cirebon nyaéta Sultan Sepuh (Pangéran Mertawijaya), Sultan Anom (Pangéran Kertawijaya), jeung Pangéran Wangsakerta katut genep urang anggota jaksa pepitu séjénna.

Numutkeun Saléh Danasasmita, ngaran Pangéran Wangsakerta ampir taya nu mikawanoh dina kahirupan sapopoé sajarah Cirebon, sabab leuwih dipiwanoh salaku Panembahan Cirebon I nu nyepeng kalungguhan "Asistén Sultan Sepuh". Dina sumber VOC séjén, anjeunna katelah ogé salaku de derde Prins van Cheribon (Pangéran Katilu Cirebon), sedengkeun dina buku seri Priangan nu disusun ku F. De Haan, anjeunna katelah salaku Depati Topati (Adipati Tohpati), kalawan katerangan (nyutat tina laporan B. van der Meer & Jan Mulder) yén anjeunna teu kaasup kawargian karaton Banten.

Katerangan panglengkepna ngeunaan Pangéran Wangsakerta, aya dina naskah Pustaka Nagarakretabhumi parwa I, sarga 4, nu disusun ku anjeunna pribadi. Naskah éta nyebutkeun yén anjeunna saindung sabapa jeung Sultan Sepuh & Sultan Anom.

KaryanaÉdit

Pangéran Wangsakerta kawentar ku karya-karyana nu katelah "Naskah Wangsakerta", nu di antarana (dina naskah nu diluhur disebut) ngadadarkeun ngeunaan silsilahna.

RujukanÉdit

Bacaan salajengnaÉdit

  • Yoséph Iskandar. 1997. Sejarah Jawa Barat: yuganing rajakawasa. Geger Sunten, Bandung.