Prof. Dr. H. Édi S. Ékadjati (gumelar di Kuningan, Jawa Kulon, 25 Maret 1945 – tilar dunya 1 Juli 2006 dina umur 61 taun) nyaéta ahli sajarah Sunda jeung sajarah Indonesia. Dipikawanoh minangka pakar naskah Sunda. Terahir anjeunna jadi Guru Besar jeung dosén Fakultas Sastra Universitas Padjajaran sarta Pupuhu Pusat Studi Sunda.

Akademik

édit

Edi S. Ekadjati meunang gelar sarjana ti Universitas Padjadjaran Jurusan Sajarah Fakultas Sastra (1964-1971) sarta gelar doktor ti Universitas Indonésia Program Studi Filologi (1976-1979) kalawan disertasi "Carita Dipati Ukur: Sebuah Karya Sastra Sejarah". Ekadjati ogé kungsi ngilu studi ngeunaan filologi pikeun panalungtikan sajarah di Universitas Leiden (1974-1975) tur kungsi deuih jadi Guru Besar Tamu di Reséarch Institute for Language and Cultures of Asia and Africa di Tokyo University of Foreign Studies, Jepang. Nalika nganjrek di Jepang dina taun 2002, anjeunna ngayakeun panalungtikan ngeunaan kebudayaan Sunda dina zaman Karajaan Pajajaran. Ekadjati dipikawanoh ogé minangka salah saurang nu ngadegkeun Yayasan Kebudayaan Rancagé jeung Caraka Sundanologi, babarengan jeung para inohong séjénna.

Karyana

édit

Karya-karya anjeunna di antarana Cerita Dipati Ukur jeung Kebudayaan Sunda: suatu pendekatan sejarah.

Pangajén

édit

Edi S. Ekadjati kungsi kasinugrahan sababaraha pangajén, di antarana: Satyalencana Karya Sastra 20 Taun (1998) ti présidén Indonésia, Satya Karya Bhakti 15 Taun (1996), Adhitya Tridharma Nugraha salaku Dosén Tuladan Tingkat Nasional Taun 1982 jeung kasinugrahan Hadiah Sastra Rancagé widang Jasa taun 2001.