Ahmad Sanusi
K.H. Ahmad Sanusi mangrupakeun pahlawan nasional pituin Sukabumi. Anjeunna lahir 18 September taun 1889. Ahmad Sanusi putra ti Ajengan Haji Abdurrahim bin Yasin. Ahmad Sanusi mikawanoh ngeunaan Islam ti saprak leutik tuluy ngahontal élmu pangaweruh disababaraha pasantrén di Jawa Kulon. Nganjrek di yuswa 20 taun, Ahmad Sanusi nikah jeung Siti Juwariyah. Ahmad Sanusi ngalalanyahan ngajar di Pesantrén Cantayan. Taun 1915, KH Ahmad Sanusi ditawaran pikeun janten juru nasihat Sarekat Islam Sukabumi. Tawaran éta ditarima lantaran K.H. kataji ku oraganisasi Sarékat Islam, anu kadua nuturkeun jejak para ulama nu geus nganjrek di Makkah jeung janten anggota Sarékat Islam.[1] Nanging teu lila ti éta anjeunna anjeunna mundur lantaran teu sapamadegan jeung sistem séntralisasi di Sarékat Islam. Ahmad Sanusi miboga pamadegan yén dana ti Anggota Sarékat Islam teu dibikeun kabéh ka pusat, tapi kudu dibagi ka daérah-daérah. Nanging éta pamadegan ditolak. Di taun 1922, KH Ahmad Sanusi balik deui fokus kana widang atikan jeung dakwah. Anjeunna ngadegkeun pasantrén di Kampung Genteng, di ditu anjeunna kawéntar ku jujuluk Ajengan Genteng.[2] Pamaréntah netepkeun K.H. Ahmad Sanusi jadi Pahlawan Nasional di taun 2022, lantaran jasana dina ngarojong kamerdékaan dina organisasi Badan Penyelidik Usaha-Usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia (BPUPKI).[3] K.H, Ahmad Sanusi pupus ping 31 Juli 1950 sarta dimakamkeun di Gunung Puyuh, Kota Sukabumi.[2]
Kontribusi
éditNalika jadi anggota Sarekat Islam, K.H. Ahmad Sanusi masihan perlawan ku cara méré pamahaman ka masarakat, misalna méré matéri di pangaosan. Dampak tina éta kagiatan, masarakat loba anu mulai wani teu ngawaro ka pamong-pamong panjajah. Ku Walanda, K.H. Ahmad Sanusi dibéré jujuluk jalma anu anti kana pamaréntah, sanggeus kitu K.H. Ahmad Sanusi di panjara di Sukabumi genep bulan jeung di Cianjur tujuh bulan. Alesanana di panjaran lantaran ngaruksak jaringan kawat telepon anu ngahubungkeun Bogor-Sukabumi-Bandung. Sanajan kitu, K,H, Ahmad Sanusi tetep bisa ngedalkeun hasil pamikiranana ngaliwatan tulisan.[1] Taun 1927, kalayan paréntah ti Gubernur Jenderal ACD de Graeff, KH Ahmad Sanusi dipindahkeun ka tahanan daérah Tanah Tinggi, Bayavia. Taun 1934, K.H. Ahmad Sanusi bébas tuluy balik deui ka Sukabumi sarta ngalanjutkeun hirup di wewengkon Gunung Puyuh, ngadegkeun Pasantrén Syamsul Ulum.[2] Salami mingpin di pasantrén, K.H. Ahmad Sanusi loba ngahasilkeun karya hasil panalungtikan, anu tujuanana pikeun ningkatkeun rasa sumanget jeung mapatahan ka para ulama anu masih kenéh jadi anak buah Walanda.[1]
Di taun 1944, nalika Jepang asup ka wilayah Indonesia, K.H. Ahmad Sanusi diangkat janten Foku Shuchohan atawa Wakil Résidén di wewengkon Bogor. Sanggeus kitu, anjeunna diangkat janten anggota Badan Penyelidik Usaha-Usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia (BPUPKI). Salasahiji hasil pamikiran ti K.H. Ahmad Sanusi nyaéta ngusulkeun yén wangun tina nagara Indonésia nyaéta républik. Kontribusina salaku anggota ti BPUPKI nyaéta janten penengah nalika konflik ngeunaan sila kahiji dina rumusan dasar nagara. Salajengna, nalika révolusi, K.H. Ahmad Sanusi ogé gabung janten anggota Komite Nasional Indonesia Pusat (KNIP). Lantaran kajadian éta, K.H. Ahmad Sanusi ngilu pindah ka Yogyakarta taun 1946, tuluy balik deui ka Sukabumi nalika perang geus réngsé.[2]
Ngadegkeun pasantrén
éditDi taun 1915, sanggeus balik diajar ti Mekah, Kiai Sanusi balik ka Indonésia pikeun mantuan bapana ngajar di Pasantrén Cantayan. Sanggeus tilu taun mantuan bapana, anjeunna ngamimitian ngadegkeun pondok pesantrén sorangan nu perenahna di Kampung Genténg, beulah kalér désa Cantayan, ku kituna anjeunna katelah Ajengan Genténg. Pasantrén éta dingaranan Pondok Pasantrén Babakan Sirna Genténg.[4]
Waktu diajar di Mekah, Kiai Sanusi geus wawuh kana ideu-ideu pambaharuan ti Syékh Muhammad 'Abduh, Syékh Muhammad Rasyid Ridla, jeung Jamaluddin al-Afghani ngaliwatan buku-buku jeung majalah aliran pembaharuan di Mesir, ku kituna pangaruh éta ngajadikeun anjeunna salaku ulama pambaharu sanggeus balik ka Indonésia. Sanajan kitu, anjeunna henteu ninggalkeun mazhabna; anjeunna tetep nuturkeun mazhab Syafi'i, sakumaha nu dilakukeun ku dua guruna, nyaéta Syeikh Ahmad Khatib jeung Syeikh Mukhtar at-Tarid. Malah, dina widang élmu fikih anu ogé janten kaahlianna, Kiai Sanusi kasohor pisan kritis dina nangtukeun hukum Islam.[5]
Dina widang élmu al-Qur'an, Kiai Sanusi boga pamadegan yén aya opat kategori hukum dina al-Qur'an, nyaéta:[6]
- Nu patali jeung kapercayaan jeung kabébasan agama dina milih jeung ngalaksanakeun aturan-aturan agama.
- Nu patali jeung rumah tangga jeung pergaulan, sapertos nikah, cerai, turunan, jeung warisan.
- Nu patali jeung prinsip gawé babarengan di antara umat manusa, sapertos jual-beli, sewa-menyewa, gadai, jeung sajabana.
- Nu patali jeung miara kahirupan, nyaéta rupa-rupa aturan pidana jeung perdata pikeun ngahukum di antara manusa anu ngalakukeun kasalahan.
Karya
éditSalian jadi ulama, K.H. Ahmad Sanusi ogé mangrupakeun panulis anu lega pisan ngeunaan pamahan élmuna. Kurang leuwih aya 400-an judul kitab anu ditulis ku K.H. Ahmad Sanusi salami hirupna. Judul anu ditulis ku K.H. Ahmad Sanusi ngawengku disiplin élmu kaislaman. Di antarana akidah, fiqih, tafsir, nahwu sorof , jeung tasawwuf.[7]
Widang Fikih :
- Tahdzir al-‘Awam fi Mufiariyat Cahaya Islam
- Al-Mufhamat fi Daf’I al-Khayalat
- At-Tanbih al-Mahir fi al-Mukhalith
- Tarjamah Fiqh al-Akbar as-Syafi’i
- Al-Jauhar al-Mardliyah fi Mukhtar al-Furu as-Syafi’iyah
- Nurul Yaqin fi Mahwi Madzhab al-Li’ayn wa al-Mutanabbi’in wa al-Mubtadi’in
- Tasyfif al-Auham fi ar-Radd’an at-Thaqham
Widang Tasawuf :
- Mathla’ul al-Anwar fi Fadhilah al-Istighfar
- Al-Tamsyiyah al-Islam fi Manaqib al-Aimmah
- Fakh al-Albab fi Manaqib Quthub al-Aqthab
- Siraj al-Adzkiya fi Tarjamah al-Azkiya
- Al-Audiyah as-Syafi’iyah fi Bayan Shalat al-Hajah wa al-Istikharah
- Siraj al-Afkar
- Dalil as-Sairin
- Jauhar al-Bahiyah fi Adab al-Mar’ah al-Mutazawwiyah
Widang Kalam :
- Miftah al-Jannah fi Bayan ahl as-Sunnah wa al-Jama’ah
- Tauhid al-Muslimin wa ‘Aqaid al-Mu’minin
- Alu’lu an-Nadhid
- Al-Mufid fi Bayan ‘ilm al-Tauhid
- Siraj al-Wahaj fi al-Isra wa al-Mi’raj
- Al-‘Uhud wa al-Hudud
- Bahr al-Midad fi Tarjamah Ayyuha al-Walad
- Haliyat al-‘Aql wa al-Fikr fi Bayan Muqtadiyat as-Syirk wa al-Fikr
- Thariq as-Sa’adah fi al-Farq al-Islamiyah
- Maj’ma al-Fawaid fi Qawaid al-‘Aqaid
- Tanwir ad-Dzalam fi Farq al-Islam
Majalah :
- majalah al-Hidayah al-Islamiyah (Petunjuk Islam)
- majalah at-Tabligh al-Islami (Dakwah Islam)
Référénsi
édit- ↑ a b c Tamami, Muhammad Husni. "KH Ahmad Sanusi, Ulama Keturunan Rasulullah SAW yang Dapat Gelar Pahlawan Nasional". liputan6.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-08-25.
- ↑ a b c d Setyaningrum, Puspasari. "https://bandung.kompas.com/". Kompas Bandung. Diakses tanggal 25/08/2024.
- ↑ Ramadhan Ardhito, Ardhito. "https://nasional.kompas.com/". Kompas. Kompas. Diakses tanggal 25-08-2024.
- ↑ H.M., Bibit Suprapto (2009). Ensiklopedi Ulama Nusantara. Gelegar Media Indonesia. pp. 212–215. ISBN 979-980661114-5.
- ↑ "Ensikperadaban.com". www.ensikperadaban.com. Diakses tanggal 2024-12-29.
- ↑ "Ajengan Ahmad Sanusi: Pejuang Syariah Islam - Hizbut Tahrir IndonesiaHizbut Tahrir Indonesia". hizbut-tahrir.or.id. Diakses tanggal 2024-12-29.
- ↑ Anwar, H.; Maslani, Maslani; Suntiah, Ratu (2018-11-18). "KYAI HAJI AHMAD SANUSI (1888-1950): KARYA-KARYA DAN PEMIKIRAN ULAMA SUKABUMI" (dalam bahasa en). Atthulab: Islamic Religion Teaching and Learning Journal 3 (2): 199–209. ISSN 2598-0971. https://journal.uinsgd.ac.id/index.php/atthulab/article/view/4300/2548.