日本国
Nippon-koku

Japan
Bandéra Japan Imperial Seal Japan
Bandéra Imperial Seal
Lagu: Kimi ga Yo (君が代?)

Lokasi Japan


Ibukota Tokyo1
35°41′N 139°46′E
Kota panggedéna capital
Basa resmi Taya
Pamaréntahan Demokrasi Parlementer jeung Monarki Konstitusional
 - Kaisar Naruhito (徳仁)
 - Perdana Mentri Fumio Kishida (岸田 文雄)
Formation  
 - National Foundation Day 11 Pébruari, 660 BC3 
 - Meiji Constitution 29 Nopémber 1890 
 - Current constitution May 3 1947 
 - Treaty of
San Francisco

28 April 1952 
Wewengkon  
 - Total {{{area}}} km² (62nd)
  {{{areami²}}} sq mi 
 - Cai (%) 1.4
Populasi  
 - Perkiraan taun 2021 125,360,000 (11th)
 - Sénsus taun 2020 126,226,568
 - Kapadetan {{{population_density}}}/km² (30th)
{{{population_densitymi²}}}/sq mi 
GDP (PPP) 2021 (éstimasi)
 - Total $5.586 trillion2 (3rd)
 - Perkapita $44,5852 (27th)
HDI (2007) Green Arrow Up Darker.svg 0.953 (8th) – high
Mata uang International Symbol ¥ Pronounced (Yen)
Japanese Symbol Pronounced (En)


(JPY)

Wewengkon wanci JST (UTC+9)
Internét TLD .jp
Kode telepon +81

Jepang (Nippon/Nihon 日本 déngékeun  nyaéta salah sahiji nagara kapuloan di Asia Wétan. Ayana di Samudra Pasifik, wates beulah wetan Tiongkok, Koréa jeung Rusia, sumebar ti mimiti Laut Okhotsk di kaler nepi ka Laut Cina Wétan di kidul. Kanji nu nyieun ngaran Jepang hartina "asal-panonpoé", ku sabab Jepang kadangkala dianggap sabagé "Taneuh tempat bijil panonpoé".

Jepang kasusun ku 3,000 pulo-pulo,[1] nu mana pulo-pulo gedéna nyaéta Honshū, Hokkaidō, Kyūshū jeung Shikoku, nu mangrupa 97% daratan. Lolobana ieu pulo kasusun ku pagunungan, tur masih gunung seuneu; contona, gunung tangjangkung di Jepang, Gunung Fuji, nyaéta hiji gunung aktif. Jepang nomer sapuluh populasina di dunya, kira-kira 128 juta jiwa. Wewengkon Megapolitan Tokyo, nu ngawengku ibukota Tokyo jeung préféktur sabudeureunna, wewengkon metropolitan panggedéna sadunya, leuwih ti 30 juta panghuni.

Panalungtikan Arkéologi nembongkeun yén kahirupan di pulo-pulo Jepang geus aya dina période Paléolitik Luhur. Dumasar kana catetan ngeunaan Jepang dina buku sajarah Sajarah China ti abad kahiji SM (Saméméh Maséhi).

Pangaruh luar nu diteruskeun ku période isolasi nu panjang mangrupa salah sahiji ciri sajarah Jepang. Saprak maké konstitusi dina taun 1947, Jepang ngagunakeun konstitusi monarki nagara bagian ku ayana kaisar jeung parlemén nu dipilih, Parlemén Jepang.

Kakuatan ekonomi utama,[2] Jepang nomer dua ékonomina dumasar kana gedéna GDP. Jepang ogé anggota PBB, G8, G4 jeung APEC, sarta no lima anggaran pertahananna. Jepang ogé nomer opat nagara nu ékspor sarta nomer genep nagara nu impor sarta mingpin dina téknologi jeung permesinan.

Ngaran AsliÉdit

Dina Basa Jepang kecap Jepang nyaéta Nippon atawa Nihon. Duanana ditulis dina karakter Kanji nu sarua. Basa Jepang Nippon dipaké keur kaperluan resmi, kaasup duit, cap, sarta kagiatan olahraga internasional. Nihon leuwih sederhana dipaké di Jepang. Contona, urang Jepang nyebut manéhna Nihonjin sarta basana Nihongo: hartina "Urang Jepang" sarta "Basa Jepang". Di Jepang ayeuna, Nippon leuwih nasionalis, sarta dipaké ku para kokolot, sabalikan watesan Nihon dina watesan sederhana, sarta dipaké ku sabagéan gedé urang Jepang.

Dina Basa Inggris kecap Jepang asalna ti kulon keur mimiti ruteu dagang. Dina Basa Mandarin kecap Jepang mimiti dipaké ku Marco Polo nyaéta Cipangu. Sanajan kitu, dina Basa Kanton kecap keur Jepang, meureunna mangrupa kecap mimiti Japan, nyaéta Jatbun. Dina Basa Melaya kecap Kanton ieu jadi Japang nu saterusna dipaké ku Bangsa Portugis nu dagang di Malacca dina abad ka-16. Ku sabab kitu padagang Portugis dianggap nu mimiti ngawanohkeun kecap Jepang ka Eropa. Mimiti dipaké dina Basa Inggris dina taun 1577, dibacana Giapan.

Dina Basa Inggris, ngaran nagara sacara resmi nyaéta "Japan". Saméméhna, ditulis lengkep nyaéta "Empire of Japan" tapai saterusna robah dumasar kana konstitusi sanggeus perang. Basa resmi Jepang nyaéta Nihonkoku (日本国), nu hartina "Nagara Jepang."

SajarahÉdit

Artikel Utama: Sajarah Jepang

Hasil panalungtikan arkéologi nunjukkeun yén di Jepang geus aya kahirupan saméméh 500,000 taun ka tukang, salila période Paleolitik Handap. Salila zaman és dina sababara milyar taun, Jepang ngahiji jeung Benua Asia ku ayana jembatan pulo (mimiti Sakhalin di kalér, sarta mungkin nepi ka Kyushu di kidul), nu ngagampangkeun pindahna manusa, sato jeung tutuwuhan ka kapuloan Jepang ti wéwéngkon China jeung Koréa ayeuna.

Tanda-tanda kahirupan sosial dimimitian kira-kira 10,000 SM (Samemeh Masehi) ku budaya Jōmon, dicirikeun ku robahna tina mésolitikum ka néolitikum tina kahirupan moro kana kahirupan nu netep jeung mimiti apal kana tatanen. Benang acan kapanggih sarta baju masih maké tina kulit kai. Kira-kira dina jaman ieu, masarakat Jomon mimiti nyieun guci tina taneuh liat, maké hiasan nu nembongkeun ayana anyaman atawa henteu (Jōmon hartina "pola tali nu dianyam"). Kamungkinan, keramik pangkolotna kapanggih di Jepang, sanajan umurna teu bisa ditangtukeun.

Loba nu percaya, yén Ainu, bangsa pribumi Jepang nu tumetep di Hokkaido, mangrupa katurunan Jōmon tur nunjukkeun penduduk Jepang nu mimiti.

Pamaréntahan jeung pulitikÉdit

 Artikel utama: Pamarentah Jepang jeung Pulitik Jepang.

Japan nyaéta nagara konstitusi monarki nu mana kakuatan kaisar kawates kacida. Salaku simbol seremoni, kaisar dianggap salaku konstitusi "simbol nagara jeung ngahijina masarakat". Kakuatan aya dina pingpinan Perdana Menteri Jepang sarta anggota Wakil Rakyat, sedengkeun kakawasaan aya di masarakat Jepang.[3] Kaisar salaku kapala nagara dina hubungan diplomatik. Naruhito nyaéta kaisar Jepang kiwari.

PréfékturÉdit

Di Jepang aya 47 perféktur. Perféktur mangrupa bagian administrasi panggedéna. Unggal perfektur ngalaksanakeun pamilihan gubernur jeung legislatif tur biro administrasi.

Perféktur ilahar kabagi kana wéwéngkon. Wéwéngkon ieu lain bentuk formal, teu pakait jeung pamilihan tur administrasi.

Di handap ieu tabel nu ilahar dipaké nu mana perféktur diruntuykeun dumasar kana wéwéngkonna ti kalér ka kidul.

Wéwéngkon Préféktur
Hokkaidō Hokkaidō
Tōhoku Akita, Aomori, Fukushima, Iwaté, Miyagi, Yamagata
Kantō Chiba, Gunma, Ibaraki, Kanagawa, Saitama, Tochigi, Tokyo
Chūbu Aichi, Fukui, Gifu, Ishikawa, Nagano, Niigata, Shizuoka, Toyama, Yamanashi
Kansai Hyōgo, Kyoto, Mie, Nara, Osaka, Shiga, Wakayama
Chūgoku Hiroshima, Okayama, Shimané, Tottori, Yamaguchi
Shikoku Ehime, Kagawa, Kōchi, Tokushima
Kyūshū Fukuoka, Kagoshima, Kumamoto, Miyazaki, Nagasaki, Oita, Saga
Okinawa Okinawa

Propinsi saterusna dibagi kana kota, kacamatan jeung désa. Sistim ngaran nu béda aya di Kota Tokyo, nu dibagi kana 23 kota nu disebut kota husus (bagéan luar tina 23 kota husus di Tokyo ngagunakeun watesan nu sarua keur kota, kacamatan jeung désa). Kota-kota (kaasup kota husus di Tokyo), kacamatan, jeung désa dipilih sacara resmi. Tambahanna, kota gedé dibagi kana distrik kota-kota. Distrik kota, teu ngahiji sacara resmi.

Kota Préféktur Populasi[4]
1 Tokyoa   Tokyo 8,535,792
2 Yokohama Kanagawa   3,602,758
3 Osaka Osaka 2,635,420
4 Nagoya Aichi 2,223,148
5 Sapporo Hokkaidō 1,888,953
6 Kobe Hyōgo 1,528,687
7 Kyoto Kyoto 1,472,511
8 Fukuoka Fukuoka 1,414,417
9 Kawasakib Kanagawa 1,342,262
10 Saitama Saitama 1,182,744

a 23 municipalities. Also capital of Japan.
b Government Ordinance City only.

GeografiÉdit

Artikel Utama: Geography of Japan

Jepang, mangrupa nagara kapuloan, manjang di beulah wetan Samudera Pafisik basisir Asia. Pulo gedéna, ti kalér ka kidul nyaéta Karafuto (dina kakawasan Jepang: taun 1679-1875), Hokkaido, Honshu (pulo utama), Shikoku, jeung Kyushu. Mairuppo ngaleupaskeun Kapuloan Kuril ( dina Basa Jepang: 千島列島, Chishima Rettō) leuwih ti 800 km kaleureun Hokkaido; Naha di Okinawa di Kapuloan Ryukyu leuwih ti 800 km kaleureun. Tambahan séjénna, kira-kira aya 3,000 pulo leutik nu bisa kaitung ngajadikeun Jepang salaku nagara kapuloan tur leuwih lega. Kira-kira 73% mangrupa pagunungan, nu ngabentuk siga ranté di unggal pulo utama. Gunung pangluhurna di Jepang tur kawentar nyaéta Gunung Fuji kira-kira 3,776 m. Oyakobayama, pangkalérna di Kapuloan Kuril, puncak saljuna (2337 m) langsung kaluar di tengah laut.

EkonomiÉdit

 Artikel utama: Economy of Japan.

Hubungan gawé nu raket tur hadé antara pamarentah jeung industri dina widang teknologi tinggi, merhatikeun dunya pendidikan dibandingkeun keur kaperluan pertahanan (1% tina GDP) ngajadikeun ékonomi Jepang hirup kalawan gancang sarta nagara nu kuat di sagigireun Amérika jeung Eropa.

DemografiÉdit

 Artikel utama: Demographics of Japan.

Kahirupan urang Jepang sacara etnik jeung basa hampir sarua, populasi utama nu saeutik nyaéta Korea Kaler jeung Kidul (1 yuta), Okinawa (1.5 yuta), China jeung Taiwan (0.5 yuta), Filipina (0.5 yuta), sarta Brazil (250,000), sarta minoritas bangsa pribumi Ainu di Hokkaido. 99% masyarakat Jepang ngobrol maké Basa Jepang dina kahirupan sapopoé sarta mangrupa basa indung. Tempo oge: Religions of Japan

BudayaÉdit

 Artikel utama: Culture of Japan.

Budaya Jepang mangrupa hasil interaksi antara budaya Jomon nu kuat jeung sesana pangaruh budaya luar luar. Tiongkok jeung Koréa nu mimiti mere pangaruh dina waktu budaya Yayoi kira-kira 300 SM. Mesir kuno jeung tradisional India dikombinasikeun dina Greco-Buddhism, mangaruhan kana seni jeung kapercyaan Jepang ti mimiti abad ka 6 M, dimekarkeun ku ngawanohkeun Mahayana Buddhism. Ti mimiti abad ka 16, mimiti asup pangaruh Eropa, sarta pangaruh dominan Amérika sanggeus Perang Dunya ka II.

SadoÉdit

Sado mangrupakeun salah sahiji budaya Jepang anu loba dilakukeun ku sakumna masarakat Jepang nyaéta budaya nginum entéh anu baheulana datang ti karuhun. Masarakat Jepang ngalakukeun éta budaya dina hiji rohangan husus anu disebut tantami. Numutkeun kana sajarah, buaday sado geus aya ti abad ka-9 anu munggaran dina cutatan kuno Nihon Koki anu dicaritakeun ku biksu Buddha ngarana Eichu ti Cina. Maranéhna ngabogaan kayakinan yéh sado téh lain ngan sauukur nginum entéh hungkul tapi aya unsur etétika anu ngabogaan unsur spiritual.[5]

SumoÉdit

Jepang ngabogaan olahraga beladiri anu pohara populér, nyaéta Sumo. Sanajan digolongkeun kana gulat tradisional, sababaraha urang masih ngalaksanakeun ta nepi ka ayeuna. Biasana, sumo dilaksanakeun ku dua pegulat anu awakna kentel. Tapi sabenerna olahraga ieu teu nangtukeun aturan beurat. Kanyataanna, anu jadi atlét sumo maran.hna ngagedekeun awak ngarah dina gulat henteu babari éléh digubragkeun ku lawan.[5]

MatsuriÉdit

Urang Jepang resep ngayakeun festival. Dina basa Jepang, 'festival' disebut 'Matsuri'. Rupa-rupa festival diayakeun di Jepang, unggal taun, mimitian ti festival usun gugur, taun anyar, kaagamaan, usum panas, jeung saterusna. Matsuri dipigawé henteu ngan sauukur senang-senang hungkul, tapi ngandung unsur spiritual. Urang Jepang ngayakeun festival pikeun ngahormatan jeung nganyatakeun rasa syukur kana barokah anu diparin ku déwa. Unggal matsuri sok dibarengan ku mikoshi. Mikoshi mangrupakeun kuil miniatur. Pamilon festival bakal diarak ngurilingan miniatur. Maranéhna yakin yén mikoshi mangrupakeun tutumpakan anu dipaké ku déwa.[5]

ShodoÉdit

Mangrupakeun kasenian kaligrafi masarakat Jepang, ieu budaya munggaran ti abad ka-6 anu asalna ti nagara Cina. Shodo ngabogaan loba ajén pikeun masarakat Jepang. Salian mangrupa seni, shodo dipaké pikeun komunikasi jeung neangan pangalaman nilai-nilai zen. Ku tulisan Shodo, maranehna diajar ngarti kasinambungan jeung hikmah dina kahirupan. Shodo dijieun tina gabungan puisi, sastra, jeung lukisan. Anu ngamumule ieu budaya Shodo kudu ngalakukeun latihan jiwa jeung raga. Nalika ngalukis, aranjeunna bakal ngatur émosi, wirahma, éstétika, jeung spiritualitas.[5]

TaikoÉdit

Taiko nyaéta seni musik has Jepang dina wangun ketukan kendang. Seni musik ieu biasana dipidangkeun nalika féstival Jepang jeung upacara kaagamaan. Tabuh taiko pinuh ku sumanget. Salila pagelaran, pamaén taiko bakal ngagorowok kecap dorongan. Maranhanana surak nyaring kana iringan lagu.[5]

HanamiÉdit

Salah sahiji tujuan wisata favorit di Jepang nyaeta pamandangan usum gugur jeung usum semi.Dina usum semi, pengunjung bisa ningali kaéndahan kembang sakura jeung kembang sakura anu mekar. Pananda usuman mangrupakeun hal anu penting pikeun masarakat Jepang. Urang Jepang boga adat husus disebut hanami. Hanami mangrupakeun tradisi ningali kembang mekar dina usum semi. Nalika kembang sakura mekar, éta mangrupakeun tanda yén usum semi geus datang. Kalayan éta, ogé dipercaya yén kahirupan anyar dimimitian deui. Kembangna boga waktu mekar salila dua minggu, teras saatos éta bakal murag.[5]

RujukanÉdit

  1. "Nihon Rettō". Daijirin / Yahoo Japan dictionary. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2012-05-23. Diakses tanggal 2007-05-07. 
  2. Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama ciawfbjapan
  3. "The Constitution of Japan". House of Councillors of the National Diet of Japan. 1946-11-03. Diakses tanggal 2007-03-10. 
  4. "Japan—City Population". citypopulation.de. Diakses tanggal 2007-02-01. 
  5. a b c d e f "Menengok Budaya Jepang yang Unik dan Menakjubkan, Sebagian Mirip dengan Indonesia". VOI - Waktunya Merevolusi Pemberitaan (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-05. 

Bacaan saterusnaÉdit

  • Conrad Totman, 2000. 'A History of modérn Japan. Blackwell Publishers.'
  • C.H. Kwan. 2001. 'Yen Bloc: Toward Economic Integration in Asia.' Brookings Institution Press.
  • Bernson, Mary Hammond and Elaine Magnusson, eds. modérn JAPAN: AN IDéa BOOK FOR K-12 TéaCHERS. MULTICULTURAL EDUCATION RESOURCE SERIES. Olympia, WA: Office of the State Superintendent of Public Instruction, 1984. ED 252 486.
  • Cogan, John J. and Donald O. Schneider, eds. PERSPECTIVES ON JAPAN: A GUIDE FOR TéaCHERS. Washington, DC: National Council for the Social Studies, 1983. ED 236 090.
  • éaST MEETS WEST: MUTUAL IMAGES. Stanford, CA: California Center for Reséarch in International Studies, l980. ED 196 765.
  • Kaderabeck, Leslie. THE JAPANESE AUTOMOBILE WORKER: A MICROCOSM OF JAPAN'S SUCCESS. 1985. ED 263 041.
  • Murphy, Carole. A STEP BY STEP GUIDE FOR PLANNING A JAPANESE CULTURAL féstival. 1983. ED 238 748.
  • Wojtan, Linda S. FREE RESOURCES FOR TéaCHING ABOUT JAPAN. Bloomington, IN: Midwest Program for Téaching about Japan, Indiana University, 1986. ED 270 3891.

Rupa-rupa jejerÉdit

Tumbu kaluarÉdit

Resmi
Media
Pariwisata

    Tempo ogé Jepang di Wikivoyage

séjénna
  Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun.