Alun-alun Bandung nyaéta puseur dayeuh Bandung nu dicirikeun ku sawidang taneuh nu lega. Disakurilingna aya wangunan-wangunan fungsional. Tempatna aya dideukeut Grote Postweg.[1]

Alun-alun Bandung mangsa bihari

Sajarah édit

Dina mimiti ngadegna dayeuh Bandung, kuda mangrupa alat transportasi penting nu dipaké keur mawa surat. Biasana, dina jarak nu tangtu biasana bakal aya kuda nu ngaganti kuda mimiti di pos ganti. salah sahiji pos ganti anu aya di jalan raya pos (Grote Postweg) aya di deukeut gedung Kantor Pos Besar Bandung nu kiwari ayana di sisi jalan raya pos (Grote Postweg) jeung Jalan Banceuy.[2]

Jalan Banceuy sabenerna dingaranan Oude Kerkhoffweg sabab di dinya kungsi dijadikeun tempat kuburan China. Kiwari tempat ieu dijadikeun puseur jualan suku cadang mobil jeung listrik. Alun-alun Bandung nu ayana di kidul Grote Postweg bisa disebut masih aya, ngan bisa disebut geus euweuh deui. Disebut euweuh, sabab sacara fisik, alun-alun geus dijadikeun plaza Masjid Raya Bandung – Provinsi Jawa Barat. Sabalikna disebut aya, sabab masarakat Bandung masih nyebut tempat éta té alun-alun.[2]

Alun-alun Bandung baheula diwangun di hareup pendopo kabupatén, nepi ka ayana alun-alun téh ngahiji jeung Masjid Agung jeung wangunan pamaréntahan séjénna. Di tempat ieu ogé masarakat dayeuh sosialisasi jeung ngalakukeun sababaraha aktivitas, sarta ngamangpaatkeun minangka tempat rekréasi. Beulah wétan alun-alun diwatesan ku jalan nu dingaranan Jalan Alun-alun Timur.[2] Di mangsa baheula, jalan éta kungsi jadi tempat ulin, utamana budak ngora. Di dinya aya tilu gedong bioskop, nyaéta Elita, Oriental, jeung Varia kalawan gaya arsitektur nu unik. Gedung Varia sateuacanna mangrupa tempat hiburan atawa feesterien. Tatapi di létah masarakat di dinya, tempat hiburan éta diucapkeun pistren.[3]

 
Alun-alun Bandung mangsa kiwari

Taun 1980, wangunan bioskop jeung tempat hiburan di ditu diratakeun ka taneuh. Di luhurna salajengna diadegkeun wangunan tilu lantéi dijadikeun puseur balanja Palaguna. Hiji-hijinawangunan bioskop nu masih sésa ngan Radio City anu ayana di tungtung kidul Jalan Alun-alun Timur.[3]

Namung sajalan jeung makin suremna dunya pabioskopan nasional, wangunan urut bioskop Radio City nu salajengna robah ngaran jadi Dian dijadikeun gelanggang futsal.[3] Saperti alun-alun di sakabé Nusantara, bagéan tengah alun-alun Bandung dipelakan sapasang tangkal caringin nu dilambangkeun minangka pangayom. Hiji di antarana dingaranan Wihelmina-boom sabab dipelak keur miéling istrénan Ratu Wihelmina di kaping 8 September 1898. Tangkal caringin disabeulahna nu dipelak taun 1909, dingaranan Juliana-bloom keur miéling lahirna Ratu Juliana.[2] Wihelmina Helena Pauline Maria naék tahta ti taun 1890-1948. Namung sanggeus ngarayakeun pesta emas tahtana, ratu éta nyerahkeun ka ka putrina Juliana Louise Emma Marie Wihelmina (1948-1980).[2]

Dua tangkal caringin ieu sering dijadikeun tempat ngiuh masarakat ti panasna panon poé. Namung dina mangsa Jepang, tangkal caringin di tengah alun-alun éta runtag. Saur kolot baheula, éta cicirén runtagna kakawasaan Walanda di taneuh jajahan. Pacariosan éta sumebar kalawan gancang, utamana di golongan sababaraha toko foto jeung tempat cukur milik urang Jepang nu boga usaha di alun-alun. Antarana toko Tjijoda, toko Nanko, Toyama jeung nu séjénna. Padagang bangsa Jepang meunang proporsi nu rada bébas, hiji nu sabenerna dalajengna matak handeueul. Maranéhna diperlakukeun sarua minangka urang Timur deungeun. Sedengkeun di hareup masarakat pribumi, urang-urang Jepang éta dianggap leuwih hadé. Maranéhna ngajual barang-barang daganganna kalawan harga murah. Sikepna ramah jeung sopan. Nalika daerah alun-alun geus jadi puseur padagangan paling ramé. Nepi ka lobana urang-urang Jepang nu usaha di dinya, disawang téh alun-alun geus jiga dayeuh di Jepang. Di taun 1932, maranéhna sempet ngawangun sakola dasar.[2]

Dina masarakat dayeuh Bandung, alun-alun mibanda sababaraha fungsi. Salian mangrupa puseur dayeuh jeung tempat masarakat sosialisasi, alun-alun kungsi jadi saksi sajarah lahirna Negara Pasundan versi partéy Rakyat Pasoendan (PRP) nu diproklamirkeun di tanggal 4 Mei 1947. Proklamasi nagara boneka Walanda éta diwartakeun ku radio resmi Walanda jeung dihadiran Van Mook sarta partéy politik Walanda saperti Katholieke Vilks Partij (KVP) jeung Indo Europese Verbond (IEV). Naskahna dijieun dina tilu Basa.[2]

Naskah proklamasi dina basa Sunda dibacakeun ku R.A.A. Moesa Soeria Kartalegawa (Pupuhu Pangurus Ageung), naskah dina basa Walanda dibacakeun ku Soeleiman. Kartalegawa nyaéta urut Bupati Garut anu dipecat di zaman Jepang. Namung umur Negara Pasundan éta rupana teu lila. Sanggeus tilu kali diayakeun Konferensi Djawa Barat anu tujuanna ngawangun Badan Pemerintahan Daerah Sementara (Recomba), Negara Pasundan versi P.R.P ahirna bubar.[2]

Minangka rohangan kabuka nu ayana di puseur kota, alun-alun geus sababaraha kali ngalaman salin rupa. Sabab seringna hal éta kajadian, warga dayeuh ngajadikeun sumber padungdengan. Lamun baheula dijadikeun cicirén runtagna pamaréntahan Hindia Walanda, ku kituna sanggeus kamerdikaan, alun-alun dijadikeun ciciren ayana ganti pingpinan daerah (wali kota). Dina taun 1961, bagéan tengah alun-alun baheula nu dipelakan tangkal caringin Wihelmina-boom jeung Juliana-bloom, di tempat éta masih aya bak pasagi panjang, tempat nampung cai mancur. Dina sore atawa poé libur, tempat éta dijadikeun saukur tempat reureuh.[2]

Dina taun 1984, alun-alun geus robah deui nepi ka alusna disebut taman. di ditu di dieu ditempatkeun pot-pot kembang dina ukuran badag. Jiga taman, daerah di dinya dipelakan sababaraha jenis pepelakan. Tatapi, sabab kurang meunang cahya, tempat éta dijadikeun tempat esek-esek.[2]

Dina mangsa ayeuna mah alun-alun téh geus leungit jadi Palaguna, gedong Bank. Lapanganna ogé ayeuna mah jadi plaza masjid agung. Ngan alun-alun kiwari geus leungit katinggang mangsa. Ngan ngaran alun-alun angger aya di haté masarakat Bandung.[2]

Catetan édit

  1. Affandy, Frances B., Andi Abubakar.2003. Potrait of West Java Heritage (Potret Pusaka Jawa Barat) . Bandung: Paguyuban Pelestarian Budaya Bandung, Dinas Kabudayaan jeung Pariwisata Jawa Barat.
  2. a b c d e f g h i j k Hardjasaputra, A. Sobana.2000. Bandung, Sejarah Kota-kota Lama di Jawa Barat.Jatinangor: Alwaprint.
  3. a b c Kunto, Haryoto.2000. Nasib Bangunan Bersejarah di Kota Bandung.Bandung: PT. Ganesia.