Antropologi asalna tina basa Yunani, nyaéta anthropos anu hartina 'manusa', jeung logos anu hartina 'élmu pangaweruh'. Jadi, antropologi téh nyaéta salah sahiji 'élmu pangaweruh' (sains/science) nu maluruh, ngabahas, jeung nalungtik ngeunaan manusa.[1] Objek anu nyampak dina antropologi téh nyaéta manusa anu geus jadi masarakat atawa sélér bangsa, kabudayaan katut paripolahna.[2] Budaya asalna tina basa sansakerta hasil ringkesan dua kecap 'budi' jeung 'daya' anu hartina tarékah, tanaga, karep, pikiran, jeung rasa jalma.[3] Lamun kabudayaan mah mangrupa hasil tanaga, karep, pikiran sarta perasaan jalma guna nambahan kasugemaan jeung kanikmatan ku rupa rupa akal jalma.[3] Kabéh élmu sosial budaya pasti nalungtik kahirupan manusa.[1] Unggal cabang élmu budaya (sosiologi, psikologi, hukum,sastra,sajarah,pulitik, komunikasi,ékonomi, arkéologi, jeung linguistik) boga puseur kajian séwang-séwangan.[1] Antropologi boga puseur kajian dina kabudayaan nu dipiboga ku kelompok masarakat.[1] Hubungan antara manusa jeung lingkungan hirupna anu cukang lantaranana nyaéta kabudayaan.[4] Disawang tina ieu segi, kabudayaan bisa disebut sipatna téh adaptip lantaran ngalengkepan manusa ku cara méré nahkeun diri dina kabutuhan-kabutuhan pisiologis tina awak manéhna sorangan, méré nahkeun dina lingkungan anu sipatna pisik-géograpis, boh lingkungan sosialna.[4] Nyatana loba kabudayaan anu aya kénéh malah nambahan mekar, éta téh nunuhkeun yén kabiasaan-kabiasaan nu aya di hiji masarakat masih dipaké, kalungguhanana sarua jeung kabutuhan-kabutuhan anu tangtu ti lingkunganana.[4]

Gambar Jelema

Tokoh-Tokoh AntropologiÉdit

William A. HavilanÉdit

Antropologi nyaéta studi ngeunaan umat manusa, tarékah pikeun nyusun generalisasi nu mangpaat ngeunaan manusa jeung perilakuna sarta pikeun meunangkeun wangenan anu lengkep ngeunaan kahirupan manusa anu variatif.[5]

David HunterÉdit

Antropologi nyaéta salah sahiji élmu anu medal tina rasa hayang nyaho anu tan wates wangen ngeunaan manusa.[5]

KoentjaraningratÉdit

Antropologi nyaéta salah sahiji élmu anu maluruh manusa sacara umum atawa wangun fisik masarakat sarta kabudayaan anu dihasilkeunana.[5]

Rupa-Rupa Jinis Cabang Disiplin Élmu Anak Turunan AntropologiÉdit

Antropologi PisikÉdit

  1. Paléoantrologi nyaéta salah sahiji élmu anu maluruh asal-usul manusa jeung épolusi manusa ku cara nalungtik posil-posil anu kapanggih.[2]
  2. Somatologi nyaéta salah sahiji élmu anu maluruh rupa-rupa sélér bangsa manusa ku cara ditalungtik ciri-ciri fisikna.[2]

Antropologi BudayaÉdit

  1. Préhistori nyaéta salah sahiji élmu anu maluruh sajarah sumebar jeung mekarna budaya manusa anu geus wanoh kana

budaya tulis.[2]

  1. Étnolinguistik antrologi nyaéta salah sahiji élmu anu maluruh sélér bangsa nu aya di sakuliah dunya.[2]
  2. Étnologi nyaéta salah sahiji élmu anu maluruh asas kabudayaan manusa dina hirup kumbuh masarakat di sakuliah dunya.[2]
  3. Étnopsikologi nyaéta salah sahiji élmu anu maluruh kapribadian bangsa sarta peranan individu keur nagara dina prosés parobahan adat jeung ajén universal anu nyoko kana konsép psikologi.[2]

GaleriÉdit

 
David Hunter_Tokoh Antropologi
 
David Hunter

RujukanÉdit

  1. a b c d (id) Trisnu Brata, Nugroho.2007.Antropologi untuk SMA dan MA kelas XI.Jakarta:Esis hal.3
  2. a b c d e f g http://organisasi.org/definisi-pengertian-antropologi-objek-tujuan-dan-cabang-ilmu-antropologi Antropologi (Diakses ping 25 September 2011)
  3. a b Danadibrata, R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat hal.108
  4. a b c (id) Depdiknas,Direktorat Jendral Kabudayaan.2000.Kebudayaan Masyarakat Sunda di Kabupatén Lebak Jawa Barat.Bandung:C.V Manfada Utama hal.1
  5. a b c (id) http://www.scribd.com/doc/23997160/ANTROPOLOGI Tokoh-tokoh Antropologi (diakses ping 11 Oktober 2011)