Asbéstos atawa asbés, kaasup barang logam, saenggeusna diuntay dijieun sabangsa tambang atawa digeblég-geblég, sok dipaké panghalang atawa isolasi, sabab tara teurak ku seuneu jeung tetep beleger baé.[1] Ogé listrik kana asbés tara daékeun mapay.[1] Kompor minyak tanah anu nyebrot téh sumbuna tina asbés.[1]

Asbéstos
Hateup nu maké asbés

Asbés asal kecapna tina basa Yunani nu hartina "henteu bisa dipareuman" anu dipaké sarta dipikawanoh salila rébuan taun.[2] Dina kuil-kuil kuna, Asbés dipaké minangka sumbu suluh sarta pikeun nangtayungan seuneu anu dihurungkeun di luhur altar.[2] Bangsa Romawi ngagunakeun Asbés mangsa 2000 taun katukang minangka ngajaga angin pikeun ngawetkeun lebu layon sabot layon dikremasikeun.[2] Alatan diwangun ku serat-serat, asbés sarupa jeung lawon katun sarta wol, tapi asbés miboga mangpaat tambahan nyaéta ayana panas sarta anti seuneu.[2] Hal ieu pohara berharga pikeun pamakéan dina industri, sarta élmu pangaweruh tacan bisa manggihan gaganti asbés.[2]

Euweuh mineral séjén anu bisa dipintal jadi benang, dijalin jadi lawon, atawa dijieun seprai.[2] Para pagawé di pabrik-pabrik anu miboga resiko kahuruan sakapeung maké pakéan lengkep anu dijieun ti asbés, kaasup hélm, sarung leungeun, pakéan, sarta sapatu bot.[2] Asbés bisa nahan suhu 2000 nepi ka 3000 derajat Fahrenhéit, sarta aya sawatara jenis asbés anu bisa nahan suhu saluhur 5000 derajat.[2] Asbés kapanggih di jero lapisan-lapisan dina sawatara jenis batu karang, sarta sakapeung kudu ngagali sarta ngokolakeun saloba 50 ton batu karang pikeun ngahasilkeun hiji ton serat asbés.[2]

Rujukan édit

  1. a b c Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Buku Utama
  2. a b c d e f g h i (id) Leokum, Arkady(1997) Aku Ingin Tahu Jilid 1 Jakarta:Quality Press