Logam (basa Yunani: Metallon) [1] nyaéta salah sahiji unsur kimia anu siap diwangun ion (kation) sarta mibanda beungkeutan logam sarta disebut mirip jeung kation dina mega elektron. Metal nyaéta salah sahiji tina tilu kelompok unsur anu dibédakeun ku sifat ionisasi jeung beungkeutan, babarengan jeung metalloid jeung nonlogam.[2] Dina tabel periodik, garis diagonal digambar ku boron (B) ka polonium (Po) ngabédakeun logam jeung nonlogam. Unsur dina garis ieu nyaéta metalloid, sakapeung disebut semi-logam; unsur di kénca handap nyaéta logam; unsur ka katuhu luhur nyaéta nonlogam.

Kristal gallium

Nonlogam leuwih loba aya di alam ti batan logam, mung logam loba dina tabel periodik. Sababaraha logam anu kasohor nyaéta alumunium, tambaga, emas, beusi, timah, pérak, titanium, uranium, jeung zink. Alotrop logam sok ngagurilap, biye, jeung konduktor nu hadé, iwal ti éta nonlogam biasana rapuh (keur nonlogam padet), teu ngagurilap, jeung insulator.

Dina widang astronomi, istilah logam sok dipaké keur nyebutkeun sakabéh unsur nu leuwih beurat ti batan hélium.

Sifat-sifat logam

édit

Sifat kimia

édit

Logam biasana sok ngawentuk kation kalawan ngaleungitkeun éléktronna, tuluy ngareraksi jeung oksigén di awang-awang ngawangun oksida basa. Contona:

4 Na + O2 → 2 Na2O (natrium oksida)
2 Ca + O2 → 2 CaO (kalsium oksida)
4 Al + 3 O2 → 2 Al2O3 (aluminium oksida)

Logam-logam transisi saperti beusi, tembaga, séng, jeung nikel, ngabutuhkeun waktu nu lila keur kaoksidasi. Nu séjénna, saperti palladium, platinum jeung emas, teu ngaréaksi jeung hawa. Sababaraha logam saperti alumunium, magnesium, sababaraha macem waja, jeung titanium mibanda saperti portal di bagéan luarna, nepi ka teu bisa diasupan ku molekul oksigen.

prosés ngecét, anodisasi, plating dina logam biasana mangrupa léngkah-léngkah panghadéna keur nyegah korosi.

Sifat fisika

édit

Logam dina umumna mibanda angka anu luhur dina konduktivitas listrik. Konduktivitas dina termal, sifat luster jeung massa jenis logam. Logam anu mibanda massa, tingkat kaheurasan, jeung titik lebur anu rendah (contona logam alkali jeung logam alkali taneuh) biasana sifatna réaktif pisan. Jumlah elektron bébas nu luhur di sagala bentuk logam padet nyababkeun logam teu kungsi katingali transparan.

Mayoritas logam mibanda masa jenis nu leuwih luhur ti batan nonlogam. Sanajan kitu, viariasi massa jenis ieu bebédana kacida badagna, mimiti ti litium salaku logam nu massa jenis pangleutikna nepi ka osmium kalawan logam nu massa jenisna pangbadagna.

Paduan logam

édit

Paduan logam mangrupa prosés nyampurkeun dua jenis logam atawa leuwih keur meunangkeun sifat fisik, mekanik, listrik jeung visual nu leuwih hadé. Conto paduan logam nu populer nyaéta waja tahan karat anu mangrupa campuran ti beusi (Fe) jeung Krom (Cr)

Pamakéan Logam

édit

Umumna, logam boga mangpaat keur manusa, sabab pamakéanna di widang industri, tatanén, jeung kedokteran.[3] Contona, merkuri nu digunakeun dina prosés klor alkali.[3] prosés klor alkali mangrupa prosés elektolisis nu boga peran penting dina industri manufaktur jeung ngamurnikeun zat kimia.[3] Sababaraha zat kimia nu bisa dimeunangkeun kalawan prosés elektrolisasi nyaéta natrium, kalsium, magnesium, alumunium, tambaga, séng, pérak, hidrogén, klor, fluor, natrium hidroksida, kalium bikromat, jeung kalium permanganat.[3] prosés elektrolisis larutan natrium klorida éta mangrupa prosés klor-alkali.

Elektrolisis larutan NaCl ngahasilkeun natrium hidroksida di katode (kutub positif) jeung gas klor di anode (kutub negatif).[3] dina widang industri angkasa luar jeung profesi kedokteran dibutuhkeun bahan nu kuat, tahan karat, jeung sifatna noniritin, saperti aloi titanium.[3] Sabagéan jinis logam mangrupa unsur penting sabab dibutuhkeun dina sababaraha fungsi biokimiawi.[3] Di zaman baheula, logam nu tangtu, saperti tambaga, beusi, jeung timah digunakeun keur nyieun pakakas, alat mesin, jeung sanjata.[3]

Logam mulia

édit

Sacara umum logam mulia artina logam-logam kaasup paduanna nu biasa dijadikeun perhiasan, antarana emas, pérak, tembaga jeung platina. Logam-logam éta mibanda warna nu alus, tahan karat, lunak sarta jumlahna saeutik di alam. Emas jeung pérak mibanda sifat panganteur listrik anu hadé nepi ka loba dipaké keur ngalapis konektor-konektor di alat éléktronik.

Logam berat

édit

Logam beurat (heavy metal) nyaéta logam kalawan massa jinis lima atawa leuwih, kalawan nomor atom 22 nepi ka 92. Logam beurat disawang bahaya keur kaséhatan lamun kaakumulasi sacara kaleuleuwihi di jero awak. Sababaraha di antarana boga sifat ngabangkitkeun kangker (karsinogen). Kitu ogé jeung bahan pangan nu mibanda kadar logam beurat nu luhur disawang teu layak konsumsi.

Kasus-kasus pencemaran lingkungan nyababkeun loba bahan pangan nu aya logam beuratna. Kasus nu populer nyaéta sindrom minamata, sabab akibat akumulasi raksa (Hg) di jero lauk konsumsi.

Di Indonesia, kungsi dilaporkeun yén lauk di Teluk Jakarta ogé aya raksa nu luhur. Udang ti tambak Sidoarjo kungsi ditolak importir ti Jepang sabab diniléy mibanda kadmium (Cd) jeung timbal (Pb)nu ngaleuwihan wates. Disawang logam-logam ieu mangrupa dampak piceunan limbah industri sagigireunna. Kakao ti Indonésia ogé kungsi ditolak di lelang internasional sabab diniléy mibanda Cd nu loba. Cd disawang asalna ti pupuk TSP anu dibéré ka tatangkalan dipakébonan.

Catetan

édit
  1. μέταλλον Henry George Liddell, Robert Scott, A Greek-English Lexicon, on Perseus Digital Library
  2. metal. Encyclopedica Britannica
  3. a b c d e f g h (en) Bondy, S.C., and Prasad, K.N.(1988). Metal Neurotixcity. Boca Raton, Fla : CRC Press. Page 347.