Awi temen
Gigantochloa atter
Ti, Sidomulyo, Sidorejo, Magetan
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Tribus:
Génus:
Spésiés:
G. atter
Ngaran binomial
Gigantochloa atter
Sinonim
  • Bambusa thouarsii var. atter Hassk.[4] (basionym)
  • Bambusa atter Kurz (nom.inval.)

Sumber: The Plant List[5]

Awi temen; Gigantochloa verticillata (Willd.) Munro nyaéta hiji tutuwuhan awi anu asalna tina kulawarga Poaceae.[6] Ieu awi mibanda ngaran daérah anu béda-béda, kayaning: awi andong, awi gombong; bambu ater; pring legi (Jawa), pereng keles (Madura), kayali (Pilipina).[6] Sebaran géograpisna: Jawa, Pilipina, Brunéi, Semenanjung Malaysia.[6]

Guna jeung mangpaat

édit

Awi temen geus loba dimangpaatkeun utamana pikeun: furnitur, ranjang, parabot masak, pani'ir saté, copstik, panyeuhil (tusuk gigi), jeung hastakarya. Dipaké ogé pikeun ubar tradisional, dahareun (iwungna), bahan wangunan, jeung réa-réa deui.[6]

Ciri mandiri

édit

Tangkal awi temen kagolongkeun awi gedé, jangkung tangkalna bisa nepi ka 10-30 méter kalayan buleudan tangkalna mibanda diaméter 7-13 cm, iwungna buntet tur ngajendul (kawas nu bareuh) di tengah-tengahna. Tangkalna mibanda kelir héjo nepi ka héjo semu konéng jeung belang-belang konéng ipis. Ti buku ka buku panjangna 40-45 cm langka aya anu nepi ka 60 cm. Salumpit atawa Culm-sheaths panjangna nepi ka 30 cm ditutupan ku bulu miang coklat emas nalika ngora jeung jadi robah jadi glabrous dimana geus ngolotan.[6]

Daun panjangna 20-25 cm, rubak 2,5-5 cm, lonyod (lanceolate}, henteu buluan (glabrous), Cupat daun (petiole). Panjangna 5 mm; Jangkungna 4 mm, huntu anu henteu teratur sareng buluan; auricle ca. Jangkungna 1 mm, disambungkeun sareng ligule.[6]

Kembangna réa/majemuk ngaranggeuy dina cupatna (Inflorescence) mangrupikeun malai/sabaraha ranggeuyan jadi hiji ranggeuyan ageung kalayan dahan spicate sareng huluna spike-lets, rachis striate, huluna dugi ka 7,5 cm.[6]

Buahna ngawangun Spikelet linier 2,5-5 cm panjangna, acuminate, ditandaan ku fringes hideung kana glumes; kembang subur 2-3, kembang terminal teu lengkep atawa diréduksi jadi rachilla protruded subulate; glumes kosong 2-3, ovate.[6]


Dicutat tina

édit
  1. Kurz, S. 1864. "Korte schets der vegetatie van het eiland Bangka." Natuurkundig tijdschrift voor Nederlandsch Indië Deel 27: 226. Batavia :Lange [1851-...]
  2. Colonel Munro. 1868. "A monograph of the Bambusaceae, including descriptions of all of the species." Transactions of the Linnean Society of London vol. 26: 125. London :[The Society], 1791-1875.
  3. Ohrnberger, D. 1999. The Bamboos of the World: Annotated Nomenclature and Literature of the Species and the Higher and Lower Taxa: 297-8 Amsterdam :Elsevier.
  4. Hasskarl, J.K. 1848. Plantae javanicae rariores, adjectis nonnullis exoticis, in Javae hortis cultis descriptae: 41. Berolini :Sumptibus A. Foerstner.
  5. The Plant List: Gigantochloa atter (Hassk.) Kurz
  6. a b c d e f g h K. Seethalakshmi, M. S. Muktesh Kumar, K. Sankara Pillai, N. Sarojam, K. (1998). Bamboos of India: A Compendium. India: Brill Archive. p. 161. ISBN 9788186247259. Diakses tanggal (disungsi – 27 Fébruari 2025). 
  • Priyadi et al (2010). Five hundred plant species in Gunung Halimun Salak National Park, West Java: a checklist including Sundanese names, distribution and use. CIFOR, Bogor, Indonésia. ISBN 978-602-8693-22-6