Seni topéng béngbérokan, nyaéta seni topéng nu rupana siga maung atawa oray naga kalayan rambut nu gimbal, has Ujungberung. Ieu kasenian téh sumebar ogé di sabudereun Cirebon, Indramayu, Jatitujuh, Jatiwangi, Jatibarang, Gresik. Anu jadi lalakon atawa pamaén dina ieu seni téh maké pakéan mangrupa topéng anu dijieun dina kai jeung karung goni anu beungeutna mangrupa sato atawa buta anu pikasieuneun. Dipirig ku kendang, kecrék, tarompét, terebang jeung bendé. Sanajan dipikasieun alatan kadang-kadang sok kaarasupan lelembut, kasenian ieu teu weléh dianti-anti kupamilon. Pamilon téh lolobana barudak, lantaran manéhna anu bakal ilubiung dina pintonan éta. Béngbérokan bisa ngadahar dangdaunan atawa naon waé nu disodorkeun ku nulalajo. Ieu topéng béngbérokan téh miboga rupa warna beureum jeung panon anu gedé. Dina tungtung topéng bérokan téh dikaitkeun kusalembar kulit domba jeung karung goni nalika dipaénkeunana. Kukituna pamaéna asup ka jero karung goni éta, anu mana jadi teu katinggali rupa pamaénna, nu katinggali ngan saukur sukuna hungkul. Pamaén bérokan ngagunakeun kalincahan dua leungeunna, leungeun katuhu maénkeun sirah bérokan jeung leungeun kénca ngusikkeun buntutna[1].

Tempo oge édit

Rujukan édit

 
  1. Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431.