Caah mangrupa kajadian surupna daratan (anu biasana garing) alatan jumlah cai anu ngaronjat.[1] Caah bisa lumangsung alatan mudalna cai anu kaleuleuwihan di hiji tempat alatan hujan gedé, mudalna cai walungan, atawa mudalna situ atawa waduk.[1][2] Di wewengkon anu gersang, taneuhna miboga daya serapan cai anu goréng, atawa jumlah curah hujan ngaleuwihan pangabisa taneuh pikeun nyerepan cai. [1] Sabot hujan turun, anu sakapeung lumangsung nyaéta caah ujug-ujug anu dibalukarkeun kaeusina saluran cai anu garing ku cai. [1] Caah sarupaning ieu disebut caah rongkah.[1] Aya dua faktor parobahan naha caah lumangsung nyaéta

  1. parobahan lingkungan di mana di jerona aya parobahan iklim, parobahan geomorfologi, parobahan géologi sarta parobahan tata rohang. [3]
  2. parobahan ti masarakat éta sorangan.[3]
caah di Jakarta

Hujan mangrupa faktor utama cukang lantaran caah. [3] Parobahan iklim ngabalukarkeun pola hujan robah di mana ayeuna hujan anu lumangsung miboga waktu anu pondok tapi sering. [3] Alatan kaayaan ieu saluran-saluran cai anu aya henteu sanggup deui nandéan rosana aliran permukaan sarta taneuh-taneuh gancang ngalaman penjenuhan .[3]

Rujukan

édit
  1. a b c d e (id)faktor penyebab banjir[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 21 November 2011)
  2. Luthfiyani, Lulu (2017). Kamus Genggam Bahasa SundaLuthfiyani. Yogyakarta: FRASA LINGUA. p. 17. ISBN 9786026475275.  Disungsi14 Januari 2023
  3. a b c d e (id)Hj.Patimah,spk. Ensiklopedi Sunda : Alam, Manusia dan Budaya termasuk Budaya Cirebonan dan Betawi. PT Dunia Pustaka Jaya. Jakarta 2000.