Banténg
Banténg jalu di Taman Nasional Alas Purwo
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Génus:
Spésiés:
B. javanicus
Ngaran binomial
Bos javanicus

Banténg (Bos javanicus) téh sapi liar nu aya di Myanmar, Tailan, Kamboja, Laos, Viétnam, Kalimantan, Jawa, jeung Bali. Dina mangsa kolonisasi Inggris (1849), Banténg aya nu dibawa ka Australia Kalér 1849 pikeun kalangenan moro[1].

Dedegan

édit

Banténg jangkungna bisa nepi ka 1,6 m lebah pundukna, sedengkeun panjangna 2,3 m. Nu jalu beuratna bisa nepi ka 680 – 810 kg, sedengkeun nu bikangna mah leuwih leutik, tapi nu badag pisan mah bisa nepi ka saton. Pakulitan banténg bodas lebah suku handap jeung bujurna. Nu jalu kelirna semu wulung nepi ka hideung, tandukna ngadangkak ka luhur, sedengkeun nu bikang kelirna coklat semu beureum jeung tandukna leutik.[2][3]

Sebaran

édit

Panalungtikan Pébruari 2005 nunjukkeun yén populasi banténg di Tanjung Cobourg aya 10.000 hulu, jadi gorombolan panglobana di sakuliah dunya, sabab di habitat aslina mah kurang ti 500 hulu.

Paripolah

édit

Banténg hirup di leuweung anu rada carang, kadaharanana jukut, awi, bungbuahan, dangdaunnan, jeung dahan ngora. Liarna beurang-peuting, tapi mun di wewengkon nu deukeut jeung manusa mah biasana sok liar peuting (nyingkahan tepung jeung manusa). Gorombolan banténg biasana ukur ngawengku 20-30 hulu.

Di sababaraha wilayah di Asia Tenggara, banténg dipiara; jumlahna nepi ka 1,5 juta hulu. Banténg liar jeung nu diingu bisa dikawinkeun, sarta turunanana lolobana bisa anakan.

Subspésiés

édit
 
Banténg jalu kelirna wulung
  • Banténg Jawa (B. j. javanicus): Jawa; Jalu hideung, bikang coklat.
  • Banténg Kalimantan (B. j. lowi): Kalimantan; Leuwih leutik batan Banténg Jawa, nu jalu kelirna coklat kolot.
  • Banteng Birma (B. j. birmanicus): Birma, Tailan, Kamboja, Viétnam; Jalu jeung bikang sarua coklat, tapi di Kamboja kira 20% jaluna hideung, sedengkeun di Tanjung Malayu jeung Tailan lolobana hideung. Subspésiés ieu ku IUCN diasupkeun kana golongan kritis kaancam punah.

Kloning

édit

Banténg geus bisa diklon, malah kaasup spésiés kaancam punah kadua anu bisa diklon[1],[2] Archived 2017-03-05 di Wayback Machine sarta nu munggaran bisa hirup leuwih ti saminggu (nu kahijina Gaur nu paéh dina umur dua poé sanggeus borojol).

Média

édit

Rujukan

édit
  1. Endangered cattle (Banteng) find pastures new, 5th August 2005, New Scientist
  2. Supriatna, Jatna (2008). Melestarikan alam Indonesia. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia. p. 24. ISBN 9789794616963. Diakses tanggal 7 Feb 2021). 
  3. Rigg, Jonathan (1862). Rigg. Universitas Harvard: Lange. p. 40.  Disungsi pébruRi

Tumbu kaluar

édit