Berang-berang raksasa nyaéta sato kulawarga séro pangbadagna di Amérika Kalér nu hirup dina Jaman És panungtungan, kiwari mah geus punah.[2][3][4] Aya dua spésiés berang-berang raksasa anu kapanggih tina genus Castoroides, nyaéta Castoroides ohioensis jeung Castoroides leiseyorum.[2][5]

Berang-berang raksasa
Temporal range: Pliocene ahir - Pleistocene ahir, 3–0.011 Ma
Castoroides ohioensis spésimén di Field Museum
Klasifikasi ilmiah e
Karajaan: Animalia
Filum: Chordata
Kelas: Mammalia
Ordo: Rodentia
Kulawarga: Castoridae
Subfamili: Castoroidinae
Tribus: Castoroidini
Génus: Castoroides
Foster, 1838
Type species
Castoroides ohioensis
Species

Castoroides leiseyorum
Castoroides ohioensis
Castoroides dilophidus

Sinonim
  • Castoroides nebrascensis Barbour, 1931[1]
  • Burosor efforsorius Starrett, 1956[1]

Fosil

édit
 
Fosil di Minnesota Science Museum

Fosil munggaran anu kungsi kacatet kapanggih nyaéta di urut rawa deukeut Nashport, Ohio kungsi didadarkeun, sanajan teu dingaranan ku S.R. Hildreth taun 1837.[5][6] Sataun ti harita saurang ahli géologi J.W. Foster nyebutkeun ieu spésimén téh minangka Castoroides ohioensis dina publikasina.[6]

Fosil berang-berang raksasa nu pangkolotna nyaéta tina spésiés Castoroides leiseyorum ti Florida, Amérika Serikat umurna 1,4 juta taun. Di Kanada, fosil Castoroides ohioensis, mungkin kira-kira ti jaman és pertengahan (130.000 taun ka tukang), kapanggih di Toronto, Ontario, jeung di Cekungan Old Crow di Yukon.[7] Fosilna réa pisan kapanggih di kiduleun Great Lakes, nu kiwari asup kana wewengkon Indiana jeung Ilinois, Amérika Serikat.[2] Upama dibandingkeun jeung mammoth, biruang guha, jeung bison purba anu gambarna kapanggih dina jero guha dina jaman batu di Eropa, berang-berang raksasa mah teu kapanggih gambarna.[6]

Dedegan Awak

édit
 
Rekonstruksi beunang Charles R. Knigh

Panjang awakna 1,5 m jeung beuratna kira-kira 60-100 kg, sagedé biruang hideung.[2] Sakumaha ngaranna, berang-berang raksasa katémbongna mah méh sarupa jeung berang-berang modéren, tapi leuwih gedé. Mun dibandingkeun mah suku tukangna leuwih gedé.[8] Wangun buntutna mah can tangtu, naha sarua saperti berang-berang modéren atawa henteu, sabab buntutna dijieun tina lapisan ipis, anu leungit dina fosilna lantaran buruk. Lantaran alasan ieu, urang ngan bisa ngira-ngira yén sukuna boga selaput (lambaran kulit di antara ramo siga dina éntog).[2][9]

Panjang buntutna kira-kira 65cm, rubakna 12 cm lebah handap, jeung 14 cm rubak lebah puhuna. Sakumaha biasana wangun buntut berang-berang, ngan leuwih ramping.[8] Sanajan hadé pisan adaptasina pikeun ngojay, suku tukangna mah kawilang pondok. Lamun nilik tina beurat awakna, mangka kamampuhna pikeun narabas wewengkon sabudeureunna kamungkinan teu pati lega.[6]

Huntuna ogé béda deuih. Huntu paranti ngeureut dina berang-berang raksara panjangna bisa nepi ka 15 cm. Huntuna rada nonjol dina sisi luar, jeung tungtungna buleud, medu, teu saperti huntu berang-berang modérn anu wangunna saperti pahat.[8] Huntu pipina méh sarua jeung huntu capybara nu kapanggih mangsa kiwari, nyaéta mibanda pola énamél wangun S dina bagian luar huntu panggayemna. Ieu wangun téh bukti adaptasi anu hadé pikeun ngagiling tutuwuhan anu ngawangun pola hakaneun ieu sato.[2] Sanajan réa sasaruaanana jeung berang-berang modéren, berang-berang raksasa mah lain kualwarga deukeut tina berang-berang modéren.

Habitat

édit

Berang-berang raksasa mungkin leuwih milih hirup di dano atawa kubangan anu diwatesasan ku rawa saperti dina habitat asalna, sabab fosilna mindeng kapanggih di urut rawa-rawa jaman kuno. lantaran habitatna kitu, ieu sato kaasup kana sato sémi aquatik.[10] Mungkin beuki ngurananna lega wewengkon rawa nu kitu téh beuki gancang ngurangan dina jamanna alatan parobahan iklim, patali jeung nguranganna kamampuh pikeun nyieun bendungan jeung kurang bisa adaptasi kana parobahan lingkunganana.[6]

Hasil panalungtikan isotop tina fosil tulang berang-berang raksasa nuduhkeun rupa-rupa hakaneun anu patali jeung tutuwuhan kai, sarta tutuwuhan nu hirup dina cai.[11] Iwal ti éta kapanggih pituduh yén ieu sato teu nuaran tangkal pikeun nyieun bendungan dina jaman és harita.[12] Hartina, ku teu mampuhna ieu sato pikeun nyieun bendungan téh bisa jadi salah sahiji balukar kana kapunahanana.[13]

Kapunahan

édit

Bukti tina fosil nu kapanggih némbongkeun yén berang-berang raksasa kira-kira ahir Jaman És, kurang leuwih 10.000 taun ka tukang.[14][15][16] Lantaran kungsi hirup babarengan jeung manusa munggaran di Amérika Kalér, sanajan euweuh bukti yén ieu sato jadi bahan boroan.[6][17][18]  Lantaran iklim beuki panas, wewengkon rawa jeung hakaneunna ngurangan.[17][19] Berang-berang raksasa mungkin punah ku sabab kalaparan.[20]




Rujukan

édit
  1. a b Kurtén, B. and E. Anderson (1980). Pleistocene Mammals of North America. Columbia University Press. pp. 236–237. ISBN 978-0-231-03733-4. 
  2. a b c d e f "Giant Beaver: Natural History Notebooks". nature.ca. Diakses tanggal 2020-05-27. 
  3. "Why super-sized beavers went extinct | EarthSky.org". earthsky.org (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-05-28. 
  4. "Giant Beaver | Explore the Ice Age Midwest". iceage.museum.state.il.us. Diakses tanggal 2020-05-28.  Archived 2023-08-01 di Wayback Machine
  5. a b "Ice Age Mammals - Giant Beaver". Canada (Ontario) Beneath Our Feet (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-05-28. 
  6. a b c d e f "Yukon Beringia Interpretive Centre - Giant Beaver". web.archive.org. Diakses tanggal 2020-05-28. 
  7. "Why super-sized beavers went extinct | EarthSky.org". earthsky.org (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-05-28. 
  8. a b c "Giant Beaver | Yukon Beringia Interpretive Centre". www.beringia.com. Diakses tanggal 2020-05-28. 
  9. B. S., Cornell University. "Giant Beaver Facts". ThoughtCo. Diakses tanggal 2020-05-28. 
  10. University, Department of Communications and Public Affairs, Western. "Western News - A giant beaver tale of extinction". Western News (dalam en-CA). Diakses tanggal 2020-05-28. 
  11. Plint, Tessa; Longstaffe, Fred J.; Zazula, Grant (2019-05-09). "Giant beaver palaeoecology inferred from stable isotopes" (dalam bahasa en). Scientific Reports 9 (1): 1–12. doi:10.1038/s41598-019-43710-9. ISSN 2045-2322. https://www.nature.com/articles/s41598-019-43710-9. 
  12. "Why super-sized beavers went extinct | EarthSky.org". earthsky.org (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-05-28. 
  13. "Scientists Find Giant Prehistoric Beaver That Died Out Because It Didn't Chuck Wood". All That's Interesting (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-05-28. 
  14. "Giant Beaver (Castoroides ohioensis)". prehistoric-fauna.com. Diakses tanggal 2020-05-28. 
  15. "We May Finally Know Why Giant Beavers Didn't Survive The Ice Age". IFLScience. Diakses tanggal 2020-05-28. 
  16. "Why Giant Beavers Went Extinct 10,000 Years Ago | Paleontology | Sci-News.com". Breaking Science News | Sci-News.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-05-28. 
  17. a b "CBC News". Why did giant beavers go extinct? It was their diet, researchers say. 
  18. "Why giant human-sized beavers died out 10,000 years ago". PBS NewsHour (dalam en-us). Diakses tanggal 2020-05-28. 
  19. "Why giant human-sized beavers died out 10,000 years ago". PBS NewsHour (dalam en-us). Diakses tanggal 2020-05-28. 
  20. "Castoroides (Giant Beaver)". www.prehistoric-wildlife.com. Diakses tanggal 2020-05-28.  Archived 2023-05-08 di Wayback Machine