Cénang (basa Hormat: Gambuh); abces; absés nyaéta inpéksi dina awak urang anu ngabalukarkeun bijil nanah.[1][2]

Cénang


Sabab CénangÉdit

Cénang ieu alatan ayana organisme piogenik anu ngainpéksi, nanah sorangan dihasilkeun tina campuran nektronik, baktéri, jeung getih bodas anu geus paéh. [1] Mun katerap kasakit cénang awak ngarasa teu genah, sagigireun nyeri anu dirandapan dipalebah anu cénang, Bagénang awak anu lian ogé ngarasa panas tiris.[3]

Ciri mandiriÉdit

Cénang ilaharna bijil dina handapeun kulit, sabenerna cenang bisa bijil disababaraha tempat nu teu lilahar saperti dina: tikoro, paru-paru-paru, tulang, otak, jero baham, bujur, jeung sajabana.[1] Bagéan awak anu katerap cénang katempo ngajendul, sarta karasa nyeri mun seug dicepeng.[4]

NgubaranÉdit

Cénang anu teu katempo diluar atawa aya dijoro awak, dina nyageurkeuna kudu ngaliwatan bedah pikeun ngaluarkeun nanahna.[1][5][3] Cénang nu katempo ngajendul diluar, dimana geus kaluar nanahna kawilang gampang nyageurkeuna, kari dikumbah ku cai anu dicampuran antiseptik tuluy dibungkus ku perban.[1]

Dicutat tinaÉdit

  1. a b c d e J. Marison, Moya (2004). Manajemen Luka. Jakarta: EGC. p. 237. ISBN 9789794485330. Diakses tanggal (disungsi – 19 Des 2020). 
  2. Danadibrata, R.A (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 2. ISBN 9793631937. Diakses tanggal (disungsi) 19 Des 2020. 
  3. a b Moody, Jheny (2005). Menyusui cara mudah, praktis, & nyaman. Jakarta: EGC. p. 146. ISBN 9789794314463. Diakses tanggal (disungsi – 19 Des 2020). 
  4. Eliastam, Michael (2005). Penuntun Kedaruratan Medis. Jakarta: EGC. p. 183. ISBN 9789794484050. Diakses tanggal (disungsi – 19 Des 2020). 
  5. Prof, Dr, Med J. Von der Emde, Puruhito (2013). Ilmu Bedah Toraks Primer, Kardiak, dan Vaskular: Buku Ajar. Jakarta: Airlangga University Press. p. 42. ISBN 9786020820552. Diakses tanggal (disungsi – 19 Des 2020). 


 

[[Kategori : Panyakit kulit]]