Campaka
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Génus:
Michelia

Spesies

kira-kira 50, tempo teks

Campaka atawa Michelia nyaéta genus pepelakan nu kembangan ti suku Magnoliaceae.[1]

Suku Magnoliacéae masih kaasup tutuwuhan purba, mangrupa fosil anu hirup sarta asal-usulna bisa disusud nepi ka 95 juta taun ka tukang. Ciri has pepelakan ieu téh nyaéta daun kembangna anu henteu diwangun ku petal sarta sepal, tapi diwangun ku tepal.[2]

Kembang Michelia champaca.

Daun sarta kembang campaka masih nyarupaan daun sarta kembang Magnolia. Kembang campaka leuwih sumebar di sapanjang tangkalna, sedengkeun kembang Magnolia mah ngan tumuwuh dina tungtung tangkal.

Sawatara spésiés mangrupa panghasil kai anu penting. Sedengkeun sawatara spésiés kawas Michelia champaca (di Nanggroe Acéh Darussalam dipikawanoh minangka kembang jeumpa) sarta Michelia doltsopa dipelak alatan kembangna. M. champaca ogé dibudidayakeun pikeun dicokot minyakna tina kembangna minangka bahan pikeun minyak seungit (parfum). Sawatara spésiés ogé dipelak minangka pepelakan pager jalan kawas M. figo, M. doltsopa jeung M. champaca.

Spésiés campaka édit

  • M. aenea
  • M. alba (syn. M. longifolia). Cempaka bodas, cendana bodas, atawa kantil.
  • M. angustioblonga
  • M. balansae
  • M. baillonii (syn. Aromadendron spongocarpum, Paramichelia baillonii)
  • M. braianensis
  • M. calcicola
  • M. caloptila
  • M. cavaleriei
  • M. champaca. Champak atawa Kembang Jeumpa. Asalna ti India, pulo Jawa jeung Filipina. Tangkal atawa rungkun anu jangkungna 3 nepi ka 6 méter. mibanda daun anu héjo ngagurilap sarta kembang anu seungit sarta boga warna oranyeu, konéng atawa bodas semu krém. Minyak kembang ieu dipaké minangka bahan parfum.
  • M. chapaensis (syn. M. constricta)
  • M. compressa (syn. M. formosana, M. philippinensis)
  • M. coriacea
  • M. crassipes
  • M. doltsopa (syn. M. manipurensis). Rungkun atawa tangkal anu luhur nepi ka 30 méter. Asalna ti pagunungan Himalaya wétan jeung leuweung subtropis Meghalya. Daunnna boga warna héjo kolot sapanjang 6 nepi ka 17 cm. Kembangna boga warna bodas krém. Dipisuka minangka pepelakan sisi jalan di California.
  • M. elegans
  • M. elliptilimba
  • M. faveolata
  • M. figo.Rungkun atawa tangkal pendék anu tumuwuhna laun. Bisa tumuwuh nepi ka jangkungna 5 méter. Daunna leutik sarta kembangna badag, boga warna bodas sakapeung jeung warna wungu. Kembangna mibanda ambeu cau.
  • M. flaviflora
  • M. floribunda
  • M. foveolata
  • M. fujianensis
  • M. fulgens
  • M. fulva
  • M. fuscata
  • M. guangxiensis
  • M. hedyosperma (syn. M. hypolampra)
  • M. ingrata
  • M. insignis. Asalna ti leuweung subtropis Meghalya.
  • M. iteophylla
  • M. kisopa. Asalna ti leuweung subtropis Meghalya.
  • M. koordersiana
  • M. lacei (syn. M. tignifera)
  • M. laevifolia
  • M. lanuginosa (syn. M. velutina) Asalna ti leuweung subtropis Meghalya.
  • M. leveillana
  • M. longipetiolata
  • M. longistamina
  • M. longistyla
  • M. macclurei
  • M. martini
  • M. masticata
  • M. maudiae
  • M. mediocris
  • M. microtricha
  • M. montana
  • M. nilagirica. Asalna ti India kidul.
  • M. odora (syn. Tsoongiodendron odorum)
  • M. pachycarpa
  • M. platypetala
  • M. polylneura
  • M. punduana. Asalna ti leuweung subtropis Meghalya.
  • M. rajaniana
  • M. salicifolia
  • M. scortechinii
  • M. sinensis (syn. M. wilsonii)
  • M. shiluensis
  • M. skinneriana
  • M. sphaerantha
  • M. subulifera
  • M. szechuanica
  • M. xanthantha
  • M. yunnanensis

Rujukan édit

  1. HEYNE, K. (1913). DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË. Linrary New York Botanical Garden: Ruygrok & Co BATVIA. p. 112.  Disungsi14 Januari 2022
  2. Damayanti, Dewi; Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra, Novi Widianti, Nina Wulan Dari (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 103. ISBN 9789790061941.