Cau
Tangkal cau
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés

Tina hibrid; aos di handap

Cau; musa paradisiaca téh ngaran umum pikeun tutuwuhan herbaceous ti genus Musa, ogé pikeun nyebut buahna. Ieu tutuwuhan téh pituin ti wewengkon tropis Asia Tenggara, tapi kiwari geus dibudidayakeun ampir di sakabéh wewengkon tropis.[1][2] Dina masing-masing wewengkon cau gaduh ngaran has sorangan, diantarana: gadang atawa gedhang (Jawa), biyu (Bali), punti (Lampung), unti (Bugis), koyo (Ternate), kula (Banda), uri (Ambon), jeung tema (Pulo Seram).[3]

Cau téh anggota kulawarga Musaceae. Sacara tradisional dipelak pikeun diala buah jeung daunna, laju ka dieunakeun diala ogé seratna sarta dipelak pikeun hiasan. Gebogna (pseudostem) nu jangkungna bisa nepi ka 2–8 m, sarta panjang daunna nepi ka 3,5 m.

Buah cau ngaranggeuy dina bentuk sisir (20-an) dina turuyna (3-20 sisir), beuratna bisa nepi ka puluhan kilo (30–50 kg). Beurat buahna rata-rata 125 gram, nu 75%-na mah cai. Buah cau euyeub ku vitamin A, B6, C, jeung kalium.

Pikeun melak cau, salah sahiji kondisi taneuh anu kedah diperhatoskeun adalah nilai pH taneuh. Kaayaan pH anu optimal pikeun melak cau nyaéta antara pH 5,5 nepi ka 6,5. Pangusaha cau kedahna nganggo pH meter tanah pikeun ngukur pH tanéh lahan anjeunna janten leres pangukuranana.

Kiwari, cau dipelak di 132 nagara, panglobana dibanding bungbuahan séjénna. Lian ti didahar langsung, cau ogé sok dijieun salé jeung kiripikna. Di pasar internasional, cau paling loba diékspor ka AS jeung Uni Éropah.

Cau (musa sp.) dibédakeun kana tilu rupa :

  1. Musa paradisiaca var. sapientum (banana) : cau anu bisa langsung dikonsumsi di mana geus kolot tur asak, saperti cau ambon, cau lumut, cau raja, cau barangan, jeung sajabana
  2. Musa paradisiaca forma typica (plaintain) : cau anu kudu diasakan heula saméméh dikonsumsi, saperti cau nangka, cau kapas, cau tanduk, cau kepok, jeung sajabana
  3. Musa brachycarpa : cau anu di jerona mibanda siki, saperti cau manggala atawa cau kulutuk.[4]

KoléCau KoléCau Kolé Cau Kolé

Rupa-rupa cau di Tatar Sunda

édit

Ékonomi

édit

Cau salah sahiji buah anu pangseueurna diproduksi di Indonesia. Nurut data ti Badan Pusat Statistik taun 2016, buah pangseueurna diproduksi di Indonésia per taun 2015 nyaéta:

  • Pisang: 7,3 juta ton
  • Mangga; 2,2 juta ton
  • Jeruk: 1,7 juta ton
  • Nanas: 1,7 juta ton
  • Durian: 995,8 ribu ton

Galeri

édit

Rujukan

édit
  1. Nelson, Scot. C (2006). "Musa species (banana and plantain)". Species Profiles for Pacific Island Agroforestry. http://agroforestry.net/images/pdfs/Musa-banana-plantain.pdf. 
  2. Suwanto, Agus (2010). 9 Buah & Sayur Sakti Tangkal Penyakit. Jakarta: Kanisius. p. 8. ISBN 9789792125597. Diakses tanggal (disungsi – 3 Juni 2020). 
  3. Crawfurd, John (2017). Sejarah Kepulauan Nusantara: Kajian Budaya, Agama, Politik, Hukum dan Ekonomi 1. Yogyakarta: Penerbit Ombak. p. 299. ISBN 9786022584698. 
  4. Dalimartha, Setiawan (2008). Atlas tumbuhan obat Indonesia, Volume 3. Jakarta: Niaga Swadaya. ISBN 979-3235-73-x Check |isbn= value (bantuan). 
  • Wikipédia basa Inggris. Banana. Dicutat 20 Séptémber 2007.
  • FAO. Bananas Commodity notes: Final results of the 2003 season Archived 2006-01-06 di Wayback Machine, 2004
  • Denham, T., Haberle, S. G., Lentfer, C., Fullagar, R., Field, J., Porch, N., Therin, M., Winsborough B., and Golson, J. Multi-disciplinary Evidence for the Origins of Agriculture from 6950-6440 Cal BP at Kuk Swamp in the Highlands of New Guinéa. Science, June 2003 issue.
  • Skidmore, T., Smith, P. - Modern Latin America (5th edition), (2001) New York: Oxford University Press)
  • Editors (2006). "Banana fiber rugs". Dwell 6 (7): 44.  Brief mention of banana fibre rugs
  • Leibling, Robert W. and Pepperdine, Donna (2006). "Natural remedies of Arabia". Saudi Aramco World 57 (5): 14.  Banana etymology, banana flour

Tumbu kaluar

édit