Cinenen pisang
Cinenen pisang jantan pada musim berbiak; perhatikan bulu tengah ekornya yang memanjang
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
O. sutorius
Ngaran binomial
Orthotomus sutorius
(Pennant, 1769)

Cinénén; Orthotomus sutorius nyaéta hiji spésiés manuk anu asalna tina kulawarga Sylviidae. [1] Dina basa Inggris, ieu manuk disebutna Common Tailorbird nunjul kana kabiasaan ieu manuk ngaput dangdaunan mangsa keur nyieun sayang. [2] Dina basa Betawi disebutna : cici; urang Jawa nyebutna : perenjak. Cinénén loba kapanggih hirup ti mimiti India nepika Tiongkok, Hainan, Asia Tenggara, Semenanjung Malaya, jeung Jawa.

Ciri mandiri édit

Ieu manuk letik pisan, panjang tina pamatuk nepika tungtung buntutna ngan 10 cm.

Bulu-bulu tarang jeung mahkota kelirna beureum kolot, palipisna semu bodas, halis semu konéng. Pundukna kulawu. Tonggong, jang-jang jeung buntutna héjo zaitun. Awak bagian luhur jeung handapna bodas, kalawan sisi-sisina kulawu. Jalu jeung bikangna sarimbag pisan, kajaba usum begér, bulu anu jaluna palebah buntut tengah bijil manjangan.[3]

Iris mata konéng kolot; pamatuk beulah luhur semu hideung, beulah handapna beureum jambu semu bodas, cékérna beureum jambu. Bulu ping-pingna semu beureum.[4]

Kabiasaan jeung Sebaran édit

Gerakanna kesit pisan luncat dina régang-régang tatangkalan, mindeng katempo nyiar hakaneun jeung pasanganana. Ieu manuk ngakan rupa-rupa gegeremet nu leutik anu kapanggihna dina sela-sela dangdaunan atawa tatangkalan.[4]

Cinénén loba kapanggih hirup di buruan imah], kebon, leuweung sekunder ogé [[leuweung séjénna anu negrak. Nyayang dina rungkun jeung dapuran tatangkalan. Ieu manuk ngaput sababaraha lambar daun anu padeukeut di palebah tungtungna, ku rambat tutuwuhan sakapeung maké rambat lancah . Ieu sayang engkéna ngawangun hiji kantong anu ngagantung, dijerona aya jujukutan garing jeung rambat tutuwuhan aju dijulangjaling sangkan pageuh. Kukituna ieu manuk dipikawanoh salaku tailorbird atawa (burung penjahit). Sakali ngendog aya 2-3 siki kelirna bodas semu héjo aya totol beureuman jambu dina kulitna. Di Jawa Ilaharna nyayang dina bulan April, jeung September-Januari.[4]

Bahan Bacaan édit

  • King, B., M. Woodcock, and E.C. Dickinson. 1975. A Field Guide to The Birds of South-East Asia. Collins. London. ISBN 0-00-219206-3
  • MacKinnon, J. 1993. Panduan lapangan pengenalan Burung-burung di Jawa dan Bali. Gadjah Mada University Press. Jogyakarta. ISBN 979-420-150-2
  • MacKinnon, J., K. Phillipps, and B. van Balen. 2000. Burung-burung di Sumatera, Jawa, Bali dan Kalimantan. LIPI dan BirdLife IP. Bogor. ISBN 979-579-013-7

Dicutat tina édit

  1. Bird, Taxon (2018). Taxonomy of the Birds of the WorldBird. University of California Press: Books on Demand. p. 378. ISBN 9783748165699.  Disungsi8 April 2023
  2. Sfetcu, Nicolae (2018). Taxonomy of the Birds of the WorldSfetcu. University of California Press: MultiMedia Publishing. p. 680.  Disungsi April 2023
  3. Hakim, Luchman (2021). Agroforest. Indonesia: Media Nusa Creative (MNC Publishing. p. 112. ISBN 9786024626372.  Disungsi April 2023
  4. a b c Hakimatlas, Flora (2001). Atlas flora dan fauna IndonesiaHakimatlas. Indonesia: Grasindo. p. 55. ISBN 9786024626372.  Disungsi April 2023