Gambang nyaéta waditra anu sumber sorana tina wilahan kai sarta ancak (wadah aweuhanna) ogé tina awi. Disadakeun ku cara ditakol maké panakol nu dicekel ku dua leungeun. Jumlah wilahanana ilaharna aya 18-20 siki. Nada ilaharna saléndro jeung pélog.[1] Gambang pélog aya bilah uparengga (nada hiasan) anu dipaké lamun ngagunakeun surupan anu béda, misalna, pikeun surupan pélog jawar (1=barang) susunana masih tetep, tapi pikeun surupan Liwung (1=galimer), sora 3 (na) ka pélog jawar diganti ku sora 3-(ni), jeung ka surupan sorog (1=panelu) sora 5 (la), diganti ku sora 5+(leu). Sakapeung aya di jero gamelan anu lengkap, gambang pélog aya tilu, yaéta pikeun gambang surupan jawar, surupan Liwung, surupan surupan sorog hal ieu pikeun ngagampangkeun tina tehnis nganakolna, nyaéta euweh prosés anu ngaganti bilah-bilah lamun lagu robah jadi surupan. Susunan nada atawa bilah gambang lih boks. Susunan nada laras pélog surupan Liwung (1=galimer), nada pang luhurna sora 3 (na) alit, pang handapna sora 2 (mi) ageng. Surupan sorog (1=panelu), nada pang luhurna 4 (ti) alit, jeung sora pang handapna sora 3 (na) ageng. Gambang anu dijieun ti bilah perunggu disebut gangsa, atawa gambang gangsa. Gambangan hartina instrumentalia anu dibawakeun ku waditra gambang. Kungsi jadi acara siaran di RRI ( Radio Républik Indonésia) Bandung, anu dilengkapkeun ku waditra ketuk, kempul, jeung goong. Bagéan-bagéan gambang diatarana aya: wilahan-wilahan, wadah gema anu biasa disebut ancak atawa rurumah, diantarana pongpok ( kadua tungtung gambang), papalayu (hareup jeung tukang gambang), awak (wadah gema), gelung pupurus gambang ( daun-daun atawa pangpangna) aya di luhur, lelemah pongpok (dasar gambang). Babantal aya di handap bilah-bilah nada gambang, menang tina lawon anu dirara atawa ditambang, dikuatkeun ku sumbi nyaéta paku-paku pikeun panahan méh bilah-bilah henteu ngagésér. paku-paku éta diasupkeun ka jero liang bilah gambang anu geus disiapkeun. di bagian papalayu jeung pupuru, biasana dibéré ukiran anu motifna matahari, kembang teratai, atawa pilin ganda ku warna hideung atawa coklat. jumlah nada-nadana variasi, kumaha kabutuhan tehnik tabuhanna, antara 18 nepi ka 20 bilah. pikeun 20 bilah nada pang luhurna biasana sora barang leutik jeung anu pang handapna singgul ageng. sedengkeun pikeun anu 18 bilah, biasana ti nada loloran alit, nepi ka nada galimer ageng. [2]

Modél jalma nu nabeuh gambang
Gambang koléksi ti ISBI Bandung
Sora ti gambang laras pélog
Sora ti gambang laras saléndro

Galéri vidéo édit

Daftar Rujukan édit


  1. Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431. 
  2. Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431.