Buka ménu utama

Gambang Semarang mangrupi sahiji seni tradisional rakyat Semarang anu ayena ekeur dipikirkeun ku loba pihak pikeun dikembangkeun. Kasenian iyeu mangrupi seni musik, seni vokal, seni tari, dan seni lawak anu rupa aslina saderhana, nanging boga potensi kangge dikembangkeun.

SajarahÉdit

Loba rerembagan ilmiah pernah dipigawe kangge ngalestarikeun, ngangkat deui sareng ngembangkeun kasenian iyeu, anu dipiharep tiasa jadi salah sahiji ciri kota Semarang dina bidang kesenian. Sanaos kitu, hasil-hasilna teu acan cekap kangge nalungtik akar sajarah sareng budaya kasenian éta anu tiasa dijantenkeun patokan. Gambang Semarang gaduh akar historis anu cukup kuat di kota Semarang. Sanaos aya fakta anu nyebatkeun yén Gambang Semarang asalna tina Gambang Kromong. Padahal kapungkur di kota Semarang parantos aya rupa kasenian anu mirip Gambang Kromong, nyaéta kasenian pat-iem, yan khim, sareng orkes gambang anu dimumulai ku urang Cina.

Nguri-uriÉdit

Mula ayana usaha kangge ngadamel kasenian khas Semarang ku ngadongkapkeun saperangkat gamelan Gambang Kromong, nayaga, sareng ngadamel paguyuban kasenian sanes tanpa alasan, nanging didadasaran ku bukti historis. Ayana akar historis Gambang Semarang dipikokoh ku bukti yén dina jalan sajarahna, kasenian éta dijunjung ku rakyat Semarang, lain ku urang Cina wungkul nanging ogé ku urang pribumi. Ditilik tina jalan sajarahna, kagunan Gambang Semarang kangge hiburan sareng tontonan. Selain kadua kagunan eta, dina kasenian Gambang Semarang aya kagunan sosial nyaéta salaku media integrasi sosial antara etnis Cina sareng pribumi.

Sanaos Gambang Semarang asalna tina Gambang Kromong, kasenian iyeu gaduh konsép estetis sareng urutan pagelaran anu benten anu janten ciri khas kesenian eta.

LaguÉdit

Mimitina ciri-ciri musik Gambang Semarang sami sareng Gambang Kromong, nanging dina perkembanganna ciri-ciri éta mulai luntur digentos ku lagu-lagu khusus Gambang Semarang, lagu-lagu daerah Jawa Tengah, lagu-lagu keroncong, sareng lagu-lagu pop Jawa. Upami wiwitanna dina Gambang Semarang aya nuansa Betawi, Cina, sareng Jawa-Mandarin, kiwari Gambang Semarang leuwih nonjolkeun nuansa Jawa.

TariÉdit

Dina bidang seni tari Gambang Semarang gaduh tilu jenis gerak baku, nyaéta ngondhek, ngeyek, sareng genjot anu mangrupi gerakan muser dina cangkeng. Gerakan tangan (lambeyan) anu nyarengan katilu jenis gerak éta mangrupi gerakan panangan sareng media-gerak sabatas bujal sampe panon. Dina seni lawak, Gambang Semarang mempunyai tilu rupa bodoran nyaéta bodoran verbal, bodoran nonverbal, sareng bodoran musikal. :)

BudayaÉdit

Miturut talungtikan tina folklor, parantos tinemu unsur seni budaya Semarangan anu tiasa digunakeun kangge ngadukung pangembangan Gambang Semarang, nyaéta: (1) basa Semarangan, (2) carita rakyat Semarang, (3) tembang dolanan sareng macapat Semarangan, (4) rasukan Semarangan, sareng (5) seni karawitan Semarangan. Gambang Semarang salaku kasenian anu gaduh akar historis, konsép estetis urutan pagelaran benten tina kasenian lain perlu dilestarikeun sareng dikembangkeun, malah tiasa dijantenkeun ciri khas identitas kota Semarang di bidang kasenian.

PangembangÉdit

Upaya pangembangan Gambang Semarang salah sahijina dilakukeun ku Tim Pengembangan Gambang Semarang Fakultas Sastra sareng UKM Kesenian Jawa Universitas Diponegoro Semarang. Dina pangembanganna, Tim éta ngadamel gamelan Gambang Semarang anu dilengkapan saron, peking, demung, siter, sareng gendrum ngangge nada diatonis. ogé nyipta lagu-lagu, tarian, sareng lawakan anyar.

Sadayana kangge ngawujudkeun Gambang Semarang anu perlu direkadaya modél panataanana supaos janten identitas budaya Semarang, sapertos Lenong Betawi, Jaipongan Sunda, Tari Bali, anu ruket pisan sareng identitas daerahna.(Siswo Harsono)*