Hanaang
Hanaang atawa halabhab (id: haus), nyaéta insting manusa atawa sato pikeun nginum. Rarasaan ieu mecenghul alatan kakurangan cai atawa ngaronjatna konséntrasi osmolit, contona uyah dina jero awak. Lamun cai dina jero awak turun ngahandapan hiji watesan, atawa osmolitna loba teuing, uteuk bakal ngaluarkeun sinyal pikeun rasa hanaang ieu. Konséntrasi osmolit dina getih diukur ku hiji sénsor husus dina bagian hipotalamus uteuk, utamana dina dua organ sirkumventrikular nu kakurangan hahalang getih-uteuk, organum vasculosum of the lamina terminalis sarta organ subfornikal. Wewengkon organ ieu nyambung kana supraoptic nucleus tur paraventricular nucleus, nu mibanda neuron nu ngaluarkeun hormon antidiurétik, vasopressin, tina tungtung sarapna di jero posterior pituitary, sarta nyambung ogé kana wewengkon hipotalamus séjénna, hususna median preoptic nucleus nu nyirikeun hanaang. Déhidrasi atawa kakurangan cai nu kateterusan bisa ngabalukarkeun loba masalah, tapi nu mindengna nyaéta masalah sarap sarupaning seizures jeung masalah-masalah rénal.
Hanaang nu kacida, atawa polidipsia, anu dibarengan ku mindeng kiih, atawa poliuria, bisa jadi cicirén panyakit diabétés. Angiotensin II nyaéta hormon nu kaasup dipsogén kuat (nu nyababkeun hanaang) nu aksi ngaliwatan organ subfornikal.
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris. Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun. |
References
édit- M.J. McKinley and A.K. Johnson (2004). "The Physiological Regulation of Thirst and Fluid Intake". News in Physiological Sciences 19 (1): 1-6. http://physiologyonline.physiology.org/cgi/content/full/19/1/1. Diakses pada 2006-06-02. Archived 2008-07-20 di Wayback Machine
2.