Awak nyaéta mangrupa substansi tina raga organisme manusa, kasebut sakujur awak mimiti sirah, beuheung, tulang tongong kaasup di jérona dada jeung beuteung, leungeun jeung suku.[1] Naon waé anu kawengku anggota dina awak urang éta diwangun tina sababaraha rupa sél, anu mangrupa bagian dasar dina kahirupan. Sakujur awak manusa katelah anatomi, mangrupa hiji sistematis tina sabaraha rupa sistem jeung bahan ékstrasélulér anu kaorganisir jadi jaringan, organ.[2][3]

Wujud awak, waruga jeung rorongkong dina kaumumana salila hirup, henteu loba ngalaman parobahan. lamun aya beda ogé antara awak lalaki jeung awéwé éta ku lantaran ngarekahna atawa distribusi jaringan otot jeung gajih (lemak), Aya ogé dilantarankeun ku sabaraha hormon. Di nagara maju, lalaki dewasa jangkung awakna téh 1,7-1,8 m sedengkeun jangkung awakna awéwé déwasa 1,6-1,7 m . Jangkung atawa péndek turta pangawakan loba pisan dipangaruhan ku gén jeung diet.

Awak manusa mibanda sababaraha rohangan, anu panggedéna nyaéta rohangan abdominopelvic.Rohangan ieu mangrupa tempat pikeun organ awak kaasup sumsum tulang tonggong. Nya dieu pisan produksi jeung ngalirna cairan serebrospinal sajeroeun sistem ventrikel otak. Loba Rohangan leutik dina sakujur awak anu nelah ngarana sinus, sinus ieu ogé mibanda kagunaan séwang-séwangan. Sinus anu dipikawanoh ku umum nyaéta sinus paranasal anu aya patalina jeung kaayaan sinusitis. Sedengkeun sinus paranasal mangrupa opat pasang rohangan anu kacida pisan pentingna kussabab mangrupa rohangan udara atawa hawa sajeroeun tulang tangkorak. ieu rohangan témpatna aya di antara dua mata, luhureun mata, leuwih ka jero aya satukangeun mata jeung sabudeureun rohangan rongga irung.[4]

Sistem Anatomi dina Awak

édit
Sistem rangka/Rorongkong ngawengku sakabéh tulang katut sendi dina sajeroeun awak. sakabéh tulang, mangrupa organ hirup anu kompleks anu diwangun tina sél-sél anu kacida pisan lobana, rambat atawa serat protein, jeung mineral. Rorongkong mangrupa turus pikeun organ anu leuleus kaasup ogé otot-otot anu ngalimpudan sakabéh awak. sistem rorongkong ogé husus nyadiakeun hiji lapisan anu aya mangpaatna keur gerak gerik tulang sandi. satuluyna ogé Sél-sél getih anyar anu dihasilkeun ku sumsum tulang beureum ogé aya sajeroneun tulang dina awak.
Sistem otot anu tanggung jawabna dina perkara gerak awak manusa. 700 ngaran otot nempel dina sistem rorongkong, ieu otot beuratnya satengana tina berat awak. Unggal otot ieu nyaéta organ diskrit diwangun tina jaringan tulang otot, kuluwungna getih, tendon nyaéta urat heuras anu ngawengku sendi jeung tulang, saraf. Kantétan ieu otot ogé aya sajeroeun jajantung, organ pencernaan nyaéta peujit. dina organ-organ ieu, otot téh digunakeun mindahkeun zat-zat anu dibutuhkeun ka sakujur awak.
Sistem kardiovaskular diantarana jantung, kuluwung jeung pangliliwatan getih. malah dina wanci istirahatmah, jantung gampileun pisan ngompa getih kasakujur awak dina samenit kurang lewih aya kana lima liter getih.Tanggung jawab geusan ngangkut oksigen,nutrisi, hormon, ogé hampas seluler anu aya sajeroeun awak, sistem kardiovaskular ieu dirojong naker ku hiji organ nyaéta ati, sanajan ukurana ngan sagedé peureup.
Sistem pencernaan nyaéta sakumpulan organ anu gawe bareng ngarobah kadaharan ngajadikeun tanaga jeung nutrisi anu engkena baris di sebarkeun kasakujur awak. Ieu kadaharan ngaliwat hiji kuluwung dina sajeroun awak anu katelahna saluran pencernaan. Saluran pencernaan diantaranawae baham atawa rongga mulut, faring, Tikoro, telih atawa lambung, peujit leutik, jeung peujit gedé.
Sistem endokrin ngawengku sakabeh kelenjar awak jeung hormon anu dihasilkeun kuieu kelenjar. Kelenjar diatur langsung ku rangsangan tina sistem saraf ogé ku polahna reseptor kimia jeroeun getih ogé hormon lain anu dihasilkeun ku kelenjar anu sejen. Kujalan ngatur pungsi organ sajeroeun awak, kelenjar ieu ngabantu homeostasis awak. Métabolisme sel, reproduksi, ronjatna seksual atawa birahi, gula jeung homeostasis mineral, denyut jajantung, ogé masalah pencernaan. jeung anuliana anudiatur ku hormon.

Tinggali ogé

édit

Sumber rujukan

édit
  1. Luthfiyani, Lulu. Kamus Genggam Bahasa Sunda. Yogyakarta2016: Frasa Lingua. ISBN 9786026475275. Diakses tanggal 23 Nopember 2019. 
  2. [1] (ditempo 28 Juli 2015)
  3. Cell Movements and the Shaping of the Vertebrate Body in Chapter 21 of Molecular Biology of the Cell fourth edition, edited by Bruce Alberts (2002) published by Garland Science.
    The Alberts text discusses how the "cellular building blocks" move to shape developing embryos. It is also common to describe small molecules such as amino acids as "molecular building blocks".
  4. Arráez-Aybar et al. (2010). Relevance of human anatomy in daily clinical practice. Annals of Anatomy-Anatomischer Anzeiger, 192(6), 341-348.
  • [2] Human Anatomy
  • [3] Human-body