Heuay (basa hormat: Angob) nyaéta hiji gerakan refleks narik jeung ngahéboskeun napas anu mindeng lumangsung nalika hiji jelema ngarasa lungsé atawa tunduh. Acan kanyahoan naon sababna jelema ngarandapan heuay, ngan mindeng dipatalikeun yén sababna heuay nyaéta jumlah oksigén dina bayah anu saeutik. Heuay kacida babari népa. 55% jalma-jalma nu nénjo batur heuay bakal nurutan heuay dina jero waktu lima menit ka hareupna. Di sawatara budaya, heuay mangrupa hiji sikep antisosial nepi ka nalika heuay jalalema dina lingkup éta budaya bakal nungkup sungut.

Heuay
Joseph Ducreux (French - Self-Portrait, Yawning - Google Art Project.jpg
Joseph Ducreux keur heuay sabari kuliat; gambar ieu dipotrét dina taun 1783
Organismeu-organismeuVértebrata
Sistim biologisSistim saraf
KaséhatanTeu matak nanaon
AksiTeu dihaja
StimuliKalungséan médis
Piboseneun
Pijangareun
Pitunduheun
Jeung anu séjénna
MétodeuNgalébarkeun rahang huntu sabari nganggangan ceuli
DurasiBiasana aya kana 6 detikan[1]

ÉtimologiÉdit

Dina tatakrama basa sunda, kecap "Heuay" kaasup kana kecap loma, sedengkeun dina basa hormat mah disebut salaku "angob". [2]

SababÉdit

Aya sawatara téori anu ngajelaskeun kunaon jalma jeung sato anu séjénna bisa heuay.[3][4][5]

Salahsahiji panalungtikeun nyebutkeun yén heuay téh disababkeun ku lobana karbon dioksida dina jero getih. Kusabab éta, awak butuh leuwih loba oksigén anu bisa dibeunangkeun ku cara heuay. Tapi, Heuay ogé bisa ngurangan oksigén, ngan jumlah oksigén anu ngurangan mah moal leuwih loba tibatan karbon dioksida anu dikaluarkeun.

ReferensiÉdit

  1. "The bigger your brain, the longer you yawn". 4 October 2016. Diakses tanggal 4 November 2019. 
  2. "Tabel Lengkap Bahasa Sunda Lemes A-Z". Muhyidin, SKM. 2021. Diarsipkan dari versi asli tanggal 06 Méi 2021. Diakses tanggal 06 Méi 2021. 
  3. "Little mystery: Why do we yawn?". MSNBC Interactive. 2013. Diarsipkan dari versi asli tanggal 17 April 2013. Diakses tanggal 16 September 2013. 
  4. Chudler, Eric H (July 31, 2007). "Yawning...and Why Yawns are Contagious". University of Washington. Diarsipkan dari versi asli tanggal January 12, 2006. Diakses tanggal 2009-10-03. 
  5. Gupta, S; Mittal, S (January 2013). "Yawning and its physiological significance.". International Journal of Applied & Basic Medical Research 3 (1): 11–5. doi:10.4103/2229-516x.112230. PMC 3678674. PMID 23776833. http://www.pubmedcentral.nih.gov/articlerender.fcgi?tool=pmcentrez&artid=3678674.