Indung beurang: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Ariandi Lie (obrolan | kontribusi)
Mindahkeun ka Paraji
Tag: Alihan anyar Dikembalikan Éditan sélular Éditan wéb HP Suntingan seluler lanjutan
Syarifahh (obrolan | kontribusi)
Nulis artikel anyar
Tag: Mupus alihan Pengembalian manual Dikembalikan Édit visual
Baris ka-1:
'''Indung Beurang''' nyaéta paraji atawa bidan tradisional di masarakat [[Sunda]] utamana aya di masarakat adat saperti di Kabupatén [[Sukabumi]], Propinsi Jawa Barat. Sacara khusus indung beurang bisa nyieun obat hérbal, ngabantu nu ngajuru, nepika diurus kaséhatan orok, kaséhatan produksi kadaharan ogé kaséhatan nu lainna. Salian ti kaséhatan nu [[Alam|alami]], aya kaséhatan ''personalistik'' nu aya hubunganana jeung hal mistik.
#ALIH [[Paraji]]
 
== Kamandang Masarakat ==
 
 
Suku, adat, jeung budaya nu béda bisa katitén tina kumpulan masarakat nu ngawiji jeung lingkungan sabudereun nepika ngawangun sikap nu hadé ti masarakatna. Dina kagiatan prakték indung beurang, mitos lain aya kaitanana jeung mistik tapi hiji cara nu busa ngahalangan hiji hal nu aya hubunganana jeung alam.Unggal prosési atawa ritual nu dilakukeun salila opat puluh poé orok babar ka dunya miboga simbol atawa tanda nu perlu diperhatikeun nalika ritual lumangsung.<ref>{{Cite journal|last=Putra Satriadi|first=Razan|date=2021|title=Praktik Indung Beurang Di Kasepuhan Ciptagelar, Provinsi Jawa Barat Dalam Fotografi Dokumenter|url=https://journal.isi.ac.id/index.php/specta/article/download/5062/2530|journal=Specta:jurnal of photography Arts and Media}}</ref>
 
== Alat jeung bahan Nincak Bumi ==
(1) Cai kembang, prosés dina ngamandian orok nu karék babar kudu maké cai [[kembang]] nu dijerona diabuskeunsababaraha duit récéh.
 
(2) Tali hideung, orok nu karék babar ku indung beurang dipakékeun tali hideung dina pageulangan leungeun orok tuluy dipasangkeun kongkorong, tuluy indung beurang nyiapkeun alat jeung bahan pikeun ritual Nincak Bumi saperti béas, duit, sasawanan, daun nu dibeungkeut jeung lebu.
 
(3)Béas jeung lebu disiapkeun pikeun bahan ritual Nincak Bumi
 
(4) Sasawan jeung daun nu dibeungkeut dihijikeun tuluy dibéré du'a
 
== Ritual Nincak Bumi ==
 
 
Nincak bumi nyaéta proses nurunkeun suku orok kana taneuh pikeun orok mikawanoh bumi alam nu dilakukeun ku indung beurang. Prosésna dimimitian nyieun tapak jalak ngagunakeun péso nu unggal titikna disaluyukeun jeung ''arah mata angin nyaeta kulon, wéan, kidul jeung kalér.'' Palsafah ''arah mata angin'' téh pikeun orok nalika gedé na bisa nurut ka nu jadi kolot jeung nurut kana kahirupan. Sanggeus kitu indung beurang ngaruntuykeun du'a ngaliwatan lebu nu saluyu jeung ciri khas kasepuhan.
 
== Propinsi nu Maké Indung Beurang ==
 
== [[Indonésia]] ka asup nagara nu masih kénéh ngagunakeun Indung beurang nalika aya nu rék babar, tapi teu sakabéh wilayah Indonésia masih maké idung beurang lantaran ayeuna mah geus aya di jaman sagala aya, tangtu waé masarakat Indonésia geus loba nu maké bidan jeung dokter nalika rek ngajuru. Disagéndéngeun éta aya wilayah nu masih maké indung beurang saperti [[Papua]], [[Papua Barat]], [[Maluku]], jeung [[Jawa Kulon|Jawa barat]]. Diantara ieu propinsi téh aya daérah nu masih kénéh maké indung berang saperti di Jawa barat nyaéta daérah Cipta Gelar atawa Gelar Alam.<ref>{{Cite web|url=https://news.solopos.com/rahasia-dukun-bayi-tetap-jadi-andalan-persalinan-1067937|title=Rahasia Dukun Bayi Tetap Jadi Andalan Persalinan|last=Ihsan|first=Danang Nur|website=Solopos News|language=id|accessdate=2024-03-31}}</ref> ==
 
== Rusiah Indung Beurang Masih Diandelkeun ==
 
 
Indung beurang téh tadi namah hiji tradisi jeung pakasaban. Salian ti ngurus orok, ngamandian jeung sajabana idung beurang biasana parigel dina macakeun jampé pikeun éta orok téh teu diganggu ku mahluk nu teu ngajirim. [[Jangjawokan|Jampé]] téh lain ngan saukur mapatkeun bacaan nu dipikahayang tapi didedelan ku réa du'a. Indung beurang sok parigel dina nyiapkeun pakakas nu dibutuhkeun orok jeung indungna, miboga obat tradisional saperti daun sembung, [[waluh]], [[seureuh]] jeung réa-réa deui.
 
== Babandingan Indung Beurang jeung Bidan ==
 
 
(1) Indung beurang nalika aya nu rék ngajuru langsung dititah ngaheujeun sedengkeun bidan mah kudu nungguan heula nepika ''pembukaan'' sapuluh.
 
(2) ''Tali pusar'' nu masih ngahiji jeung indung orok, ku indung beurangmah dipegatkeun maké hinis nalika ku bidan mah dipegatkeun ku gunting tur maké tehnik nu tangtu.
 
(3) Nalika nu pandeuri atawa bali bijil sanggeus orok éta nu pandeuri téh ku indung beurang mah sok dikubur maké wadah émbér sedengkeun ku bidan mah sakapeung mah tara dikubur malahan sok dipiceun.
 
(4) Orok nu karék borojol, ku indung beurang mah langsung dimandian ku cai tiis lamun ku bidan mah ngan elap wungkul.
 
(5) Indung beurang sok langsung ngahuapan orok ku nu karék borojol ku sangu atawa nu néslé lamun bidan mah tara lantaran orok dibéré dahar mah nalika genep bulan.
[[Kategori:Wikilatih UPI 2024]]