Tingkeban: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
SU34Marlina (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
SU34Marlina (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-2:
'''Tingkeban''' nya éta asalna tina kecap “tingkeb” hartina tutup, maksudna awéwé anu keur ngandung [[tujuh]] [[bulan]] teu meunang sapatemon jeung [[salaki]]na nepi ka opat puluh poé sanggeus ngajuru, sarta ulah digawé anu beurat sabab kandunganna geus gedé. Anapon aturan sedekah tingkeban, éta mimitina nangtukeun waktuna biasana alusna mah bulan Hijriyah anu aya tanggal tujuh, saperti tanggal 7, tanggal 17, tanggal 27. Sanggeus netepkeun waktuna, tuluy ditataharkeun. Upacara anu diayakeun nalika nu keur kakandungan nincak umur tujuh bulan.<ref name="sumber1">{{id}}Hj.Patimah,spk. Ensiklopedi Sunda : Alam, Manusia dan Budaya termasuk Budaya Cirebonan dan Betawi. PT Dunia Pustaka Jaya. Jakarta 2000. </ref>
Éta hal dilaksanakeun sangkan orok anu aya di jero kandungan sarta anu ngababarkeunna baris salamet.<ref name="sumber1"/> Lian ti éta maksudna anu keur ngandung tujuh bulan ulah campur jeung salakina nepi ka opat puluh poé sageus babaran, sarta ulah digawé beurat teuing sabab kakandunganna geus kolot, hal ieu pikeun nyingkahan tina hiji hal anu henteu dipikahayang.<ref name="sumber1"/>
 
 
'''Lambang-lambang atawa ma’na anu nyangkaruk dina pakakas upacara tingkeban'''
Dina upacara tingkeban loba pakakas nu kudu disadiakeun salaku kalengkepan upacara. Pakakas-pakakas éta ngabogaan lambang:
Kembang jambé (mayang) anu ngandung harti “hayang” nya éta “hayang hadé”, saperti seungitna kembang éta.
1.'''Kembang 7 warna''' ngalambangkeun 7 hal nya éta hirup, kakuatan, panempo, pangrungu, omongan jeung kahayang.<br/>
• '''Ayakan''' dijieun tina awi ngandung ma’na yén élmu anu dipiboga ku urang, kudu bisa dipilah-pilah mana nu hadé nu ngabogaan mangpaat pikeun dunya jeung ahérat sarta mana nu teu hadé.
• '''Kalapa gading''' (kalapa ngora) anu digambaran tokoh wayang, srikandi jeung arjuna ngandung ma’na mudah-mudahan anakna nurut, alus rupa jeung kulitna saperti kulit kalapa gading nya éta konéng langsat.
• '''Belut''' nu diasupkeun ti beulah luhur sinjang nalika ngalaksanakeun upacara mandi kembang ngalambangkeun sangkan engké dina waktu ngalahirkeun lancar, saperti belut kaluar tina liangna.
• '''Rujak kanistren''' nu dijual ka barudak ngandung lambang yén ti mulai harita geus béak mangsa ulin sawaktu budak jeung satuluyna jadi indung. Rujak kanistrén rasana pait, kesed, haseum jeung sajabana ngalambangkeun sangkan sagala kasusah jeung patina hirup diajarkeun ka anakna. Kitu ogé lamun rujak rasana lada ngalambangkeun yén engké orok anu dilahirkeun téh lalaki, jeung lamun teu lada orok anu dilahirkeun téh berarti awéwé.
• 7 rupa kadaharan, nya éta beubeutian saperti sampeu, hui, boléd, suuk, kacang tanah, ganyol jeung sagu.
• Sinjang panjang7 lambar
• Jajambaran, tempat cai jeung kendil anu eusina belut. Belutna 7, lamun euweuh cukup ku 1 belut pikeun sarat.
• Kalapa gading nu digambaran Arjuna ksatria nu gagah jeung tokoh Srikandi tokoh wanoja anu geulis. Lamun teu digambaran kudu ditulis ngaran tokoh wayang éta.
 
 
'''Prak-prakanana Tingkeban'''
Dina prak-prakanana ieu upacara sok diayakeun pengajian babarengan sarta biasana maca ayat-ayat [[Al-quran]] nya éta [[surat Yusuf]], [[surat Lukman]] sarta [[surat Maryam]] minangka surat surat anu dianggap mulya.<ref name="sumber1"/>
Lian ti éta ditataharkeun ogé parabot pikeun upacara ngamandian nu keur kakandungan, sarta anu utama nya éta [[rujak kanistren]] anu diwangun ti 7 rupa bungbuahan.<ref name="sumber1"/>